---------- Forwarded message ----------
From: mh <khs...@gmail.com>
Date: 2010/8/8
Subject: "kondang" keur "coklat" ==> Re: warna-warna
To: urangsu...@yahoogroups.com, Ki Sunda <kisu...@yahoogroups.com>

2010/8/7 Abbas <abas_ami...@yahoo.com>

> Warna di na Basa Sunda araneh oge. Model coklat kadang kala
> disebut KOPI. arang mah jelas oranye na.
>

kelir "coklat" mun hayang disundakeun bisa milih kecap "kondang".
lembur uing sisi situ, mun isuk-isuk bari moyan sok remen manggih
manuk "kokondangan". eta sakadang manuk teh kelirna persis jigaat
nu dimaksud jeung kelir "coklat" tea. mun noongan literatur ceuk
beja aya tangkal kai nu buahna leutik sagede buah kai kiara. ieu buah
kai teh cenah disebutna buah kondang, kelirna nya jiga kelir manuk
kokondangan tea.

mun nitenan gumelarna kecap nu dijieun ku manusa, utamana nu pakait
jeung kelir biasana diaranan kucara analogi jeung kelir tutuwuhan atawa
sasatoan. sakadar conto misalna, aya kelir hejo pucuk cau, hejo tai kuda,
jeung sajabana. urang malayu mah nyebut hejo tai kuda teh, hejo tai
anjing cenah. nu matak asana teu salah, mun hayang boga kecap basa sunda
keur kelir "coklat" urang milih kecap "kondang"
-mh-

Kirim email ke