Poe Minggu kamari kuring nganteur pamajikan jeung barudak ka Sumedang
panggih jeung Aki Nini-na di Darmaraja, kebeneran ceunah hayang munggahan di
lembur pas kabeneran barudak oge libur sakola. Senen sanggeus subuh kuring
indit ka Kuningan ngaliwat Wado, Pawenang, Jatinunggal (lembur Kang Dudi),
Lemah Sugih, Bantar Ujeg, Talaga, Cikijing, Darma, Kuningan.... edun euy
ternyata jalana lumayan alus geuning jeung cukup rame oge subuh-2, walopun
aya sababaraha logak tapi katinggalina aya setum keur diberesan meureun,
keur jalan alternatif anu marudik ka Jateng. Ti Darmaraja ka Kuningan
sakitar 75 km (ngahaja speedometer-na di 0 keun samameh indit) butuh waktu
kurang leuwih 1,5 jam-an (jalan salse). 

Nu edun pamandangan nana jeung luak leokna ngaliwatan toangan sawah-2 euy...
walopun rada poek keneh tapi katinggalina endah lamun tibeurang.
Katinggalina di sajajalan eta isuk-2 jalma ngeus maranggul pacul jeung
boboko... sigana rek kasawah. Aya oge awewe nu mawa anduk jeung ember leutik
aaah siigana rek ka pamandian... ngan diteangan disajajalan teh euweuh nu
pinggir jalan euy pamandian nana hehehe. Padahal mun aya pan lumayan aya
penampakan meureun hehehe. 

Memang euy Jawa Barat alias Tatar Sunda teh alamna endah pisan... ngan
infrastrukturna tarutama jalana jeung fasilitas-2 wisatana kurang ditata
supaya alus jeung pinunjul. 

Siga basa di situ Gunung oge edun pisan pamandangan nana ngan nyakitu minim
fasilitas infrastruktur jalana oge pakusut.

Sugan ke mun balik ti Kuningan ngaliwat dinya deui, sugan manggih pamandian
hehehe. Pan ceunah pandangan pertama mah teu dosa.

Ciiik Baraya Sunda Urang Sumedang didieu aya saha wae? 

Kirim email ke