uing.... ti sumedang cimalaka




*maung bedegong
 B6335SES

2010/8/9 KAsep <dkaba...@gmail.com>

>
>
> Poe Minggu kamari kuring nganteur pamajikan jeung barudak ka Sumedang
> panggih jeung Aki Nini-na di Darmaraja, kebeneran ceunah hayang munggahan
> di
> lembur pas kabeneran barudak oge libur sakola. Senen sanggeus subuh kuring
> indit ka Kuningan ngaliwat Wado, Pawenang, Jatinunggal (lembur Kang Dudi),
> Lemah Sugih, Bantar Ujeg, Talaga, Cikijing, Darma, Kuningan.... edun euy
> ternyata jalana lumayan alus geuning jeung cukup rame oge subuh-2, walopun
> aya sababaraha logak tapi katinggalina aya setum keur diberesan meureun,
> keur jalan alternatif anu marudik ka Jateng. Ti Darmaraja ka Kuningan
> sakitar 75 km (ngahaja speedometer-na di 0 keun samameh indit) butuh waktu
> kurang leuwih 1,5 jam-an (jalan salse).
>
> Nu edun pamandangan nana jeung luak leokna ngaliwatan toangan sawah-2
> euy...
> walopun rada poek keneh tapi katinggalina endah lamun tibeurang.
> Katinggalina di sajajalan eta isuk-2 jalma ngeus maranggul pacul jeung
> boboko... sigana rek kasawah. Aya oge awewe nu mawa anduk jeung ember
> leutik
> aaah siigana rek ka pamandian... ngan diteangan disajajalan teh euweuh nu
> pinggir jalan euy pamandian nana hehehe. Padahal mun aya pan lumayan aya
> penampakan meureun hehehe.
>
> Memang euy Jawa Barat alias Tatar Sunda teh alamna endah pisan... ngan
> infrastrukturna tarutama jalana jeung fasilitas-2 wisatana kurang ditata
> supaya alus jeung pinunjul.
>
> Siga basa di situ Gunung oge edun pisan pamandangan nana ngan nyakitu minim
> fasilitas infrastruktur jalana oge pakusut.
>
> Sugan ke mun balik ti Kuningan ngaliwat dinya deui, sugan manggih pamandian
> hehehe. Pan ceunah pandangan pertama mah teu dosa.
>
> Ciiik Baraya Sunda Urang Sumedang didieu aya saha wae?
>
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke