Jadi inget kajadian jaman keur budak.
Di lembur kuring Sukabumi harita sok aya tukang daging sapi atawa kebo. 
Nguriling make tanggungan. Inget keneh ngaran na eta tukang daging teh, sok 
disebut na ge Mang Huro.

Anu pikaseurieun teh, ari nawarkeun daganganana sok make kekecapan siga kieu;

"Baradeeee... daging.... jelemaaa!"

Tah, loba budak saumur kuring anu nyangka Si Amang Huro teh jualan daging 
jelema. Katambah, siganamah, oge disingsieunan ku kolot na. 

Mun kadenge hawar2 sora Mang Huro nawarkeun dagangan na.... barudak sing 
balecir! Sigana mah sieun ditewak, terus dijual daging na he he he....

Di lembur teh duka aya keneh nu apaleun teu kana dongeng ieu.... 

--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Remi" <rsyaif...@...> wrote:
>
> 
> > 
> > Instead, humans "muscled our way up the food chain," Vogel said, developing 
> > better hunting weapons and other tools to allow almost everything to be on 
> > our menus.
> > 
> 
> Hmmm...
> Mun sumber daya alam geus ledis, naon salah na jelema dahar jelema deui nya? 
> :)) 
> 
> Strategi jitu oge sigana mah?
> 
> 1. ngurangan penduduk dunya anu geus teu kawadahan
> 2. mere lolongkrang ka alam sangkan sumber daya na bisa balik deui
> 
> Anu jadi ganjelan teh, saha anu daek didahar? Sakeudeung deui bakal aya 
> jelema MORO jelema? ;))
>


Kirim email ke