Ngeunaan agama Prabu Siliwangi (PS) memang matak pogot ngadiskusikeunana.
Anu jelas, soal agama anu diagem di Sunda harita monotheisme eta tos jadi
kacindekan sababara panalungtik. Parios, upamana wae, seratan p Saleh
Danasasmita alm. Tah, naha monotheisme eta aya dina pigura Islam atawa
henteu, eta pasoalan sejen. Ngeunaan Islamna anu mana - naha, upamana, Sunni
NU, Sunni Wahabi atawa Syi'i jst - eta oge pasoalan saterusna.

Kuring boga hipotesa sawatara ieu, yen dina enyana PS asup Islam, tapi Islam
anu dianutna teh lain Islam anu mentingkeun dimensi ritual, tapi leuwih kana
Islam anu esensina wae atawa dina sawangan dimensi mah Islam dimensi
mistikal jeung sosialna wae. Urang teruskeun ieu hipotesa: alasan tindakan
PS harita nyokot jalan anu eta taya lian kaayan masyarakat anu sakitu
pluralna dina nganut agama. Di Sunda harita geus aya Hindu jeung Sunda
wiwitan anu geus ti heula, Budha oge (Talaga), Kristen geus asup, oge Islam.
PS kudu merhatikeun kaayan anu plural ieu di jero masyarakatna. PS kudu
ngajaga karukunan masyarakatna kaasup karukunan dina widang kahirupan agama.

Sawatara ti eta, anu kapendak ku PS Islam dina main stream teh nyaeta Islam
anu dijadikeun alat pikeun ngalegaan kakawasaan. Kaayan harita  lebah dieu
tiasa dipaluruh dina buku sajarah, kumaha kaayaan jeung kamekaran karajaan
anu basisna Islam (Banten, Demak, Cirebon, jst) anu henteu luput tina
rebutan kakawasaan. Munasabah upama karajaan Sunda harita anu kakepung -
kungsi kabelejog - menta bantuan atawa nyieun fakta kerjasama pertahanan
jeung Portugis anu geus mangkal di Malaka (padahal kabuktian, Portugis
datangan ka Nusantara oge mawa spirit ngajajah alias mekarkeun kakawasaan).

Kuring ngabayangkeun PS hanjelu nyaksian kaayaan harita. Agama anu sakuduna
mawa katengtreman malah dijadikeun dadasar mekarkeun kakawasaan. Karana
sakitu, hipotesa kuring ngeunaan PS anjeunna nyepeng agama teh lain agama
keur mertahankeun kakawasaan dina harti vulgar. Tapi agama anu esensina
pikeun katengtreman hirup. Karana sakitu, anjeunna henteu maksakeun hiji
agama pikeun dianut ku sakumna masyarakatna. Malah, ka agama Islam anu anyar
datang, anjeunna mere kasempetan ku masrahkeun wewengkon Cirebon ka puterana
/ katurunana (anu kabehdieunakeun ieu Cirebon kolaborasi jeung Banten
merangan Pajajaran).

Kuring teu rek biluk kamana-mana, sabab nya kitu kamekaran sajarah. Mana
kitu oge sejarah urang Sunda kudu ngalaman pergolakan saperti kitu. Ngan,
upama tea mah aya anu bisa diconto, nya sikep anu mentingkeun katengtreman
ieu payus upama ku urang dikali leuwih jero deui pikeun dilarapkeun mangsa
ayeuna jeung pikahareupeun.

Sok sanajan kitu, naon anu ditepikeun bieu di luhur estuning karek hipotesa
atawa gagasan awal wae. Ongkoh deui, sabagean gede tina sajarah Sunda jaman
harita masih perlu dtalungtik deui, masih perlu diteangan bukti-buktina oge
masih loba wacana diskusi ti para ahli. Upamana wae, kamari kuring ngobrol
jeung dosen jurusan Sastra Sunda Unpad anu keur nalungtik prabu Borosngora
tina sisi basa (istilah).

Ceuk anjeunna, istilah "borosngora" nyoko kana maksud "gancang dewasa"
(boros = gancang beak). Jadi, anu bergelar borosngora teh anjeunna anu geus
dilantik jadi raja dina umur ngora keneh pisan. Di Sunda, dina mangsa
harita, raja ngora atawa anu ngora-ngora geus jadi raja taya lian ti Prabu
Wastukancana anu diwastu atawa dilantik jadi raja dina umur 14 taun
(sakumaha kaunggel dina naskah wangsakerta jeung sababaraha naskah kuna
Sunda sejenna) nalika ramana (Prabu Linggabuana) perlaya di Bubat. Ceuk dina
naskah, Prabu Wastukancana dimakamkeunana di Nusa Pakel, Situ Lengkong. Pon
kitu keneh ceuk carita rakyat Panjalu, Borosngora oge dikurebkeunana di Nusa
Pakel, Situ Lengkong.

Ceuk eta ahli basa Sunda, bisa jadi, Cakradewa teh taya lian ti Mangkubumi
(raina Linggabuana) atawa Linggabuana ku anjeun. Sedengkeun "istana" anu di
Cipanjalu eta istana sejenna lian ti anu di Kawali. Kapan geus jadi
kabiasaan nepi ka ayeuna, pimpinan Pamarentahan (presiden) sok boga tempat
peristirahatan atawa istana leuwih ti hiji. Pon kitu keneh jaman baheula,
saurna.

Upama eta hipotesa sang dosen bisa dibuktikeun, menarik. Sabab, ceuk
legenda, Prabu Borosngora teh anu terkenal diajar Islam ka Mekkah, anu teras
pependak sareng Syaidina Ali, anu mulangna deui ka lemah cai nyandak cai
dina siwur karancang (bolong-bolong) sakumaha ditugaskeun ku ramana
(kamampuan mawa cai dina siwur karancang mangrupa syarat ti ramana, yen
lamun geus bisa mawa cai dina siwur karancang hartina geus papangih jeung
agama atawa ajaran sajati anu ditareangan ku manusa pikeun kasalametan
hirupna. Eta cai saterusna diawurkeun ka hiji lengkob anu engkena jadi situ
Lengkong ayeuna.

Eta carita bener henteuna wallohu 'alam. Ongkoh deui di Sunda mah geus jadi
kabiasaan banyak carita sajarah anu dituturkeun (dicaritakeun ka generasi
saterusna) dina wangun silib / simbol. Di Sunda kawentar silib, sindir,
siloka jeung sasmita (4S) salaku media nepikeun hiji informasi. Dina lebah
dieu, sajarah Borosngora (jeung Panjalu) anu nepi ka ayeuna teu jelas
raratanana (ceuk elmu sajarah akademis) kaasup informasi anu ditepikeun ku
simbol atawa 4S tea (momen "Borosngora" pependak sareng Syaidina Ali kw oge
kaasup 4S)

Upama eta hipotesis sang dosen jurusan basa Sunda di Unpad bisa dibuktikeun,
bisa ditarik kacindekan, Islam lebet ka lingkungan karajaan Sunda teh memang
geus ti beh ditu, ti jaman akina PS ku anjeun. Ngan, wayahna kudu sabar, ieu
perkara danget ieu masih ditalungtik ku kang dosen sareng jurusan sastra
Sunda Unpad. Mugia wae panalungtikanana mendakan buah anu mawa katerangan
anu nyaangan urang sadaya.

Cag heula.

manar .




















2010/8/29 Mohammad zen <zenhus...@yahoo.com>

>
>
> oh enya punten Kang hehe... macana sakolebat...jadi salah justru didinya
> disebatkeun prabu biasana kanggo hindu kitu nya kang, saur cenah we ieu oge
> yen Prabu siliwangi teh ngegaman Agama minimal percaya monoteisme, mereun
> oge baheula di sunda oge aya nabi tapi teu terkenal make syareat jaman
> baheula..
> aya oge tambihan info mengenai sunda jarang aya candi teu jiga jawa , jadi
> alamatna monoteisme cenah oge
> http://dadieditor.multiply.com/journal?&page_start=20
> . ... hese da elmu cenah mah teu aya sahih, hasan, maudhu, dhaif na tapi
> mungkin lamun aya tim peneliti sunda khusus tiasa ngabungkus meureun
> kasimpulan samentarana hehe...
>
> ------------------------------
> *From:* oman abdurahman <omana...@gmail.com>
> *To:* kisunda@yahoogroups.com
> *Sent:* Sun, August 29, 2010 8:46:26 AM
> *Subject:* Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
>
>
>
> Kang Zen,
>
> Anu dina web link ti salira mah eta sanes PS (Sri Baduga) anu nuju
> dipadungdengkeun Islam-henteuna. Namung, nya teu nanaon keur ngeuyeuban
> informasi.
>
> manar
>
> 2010/8/28 Mohammad zen <zenhus...@yahoo.com>
>
>>
>>
>> seueur memang perdebatan masalah Prabu siliwangi ieu ngan mumkin nu kuring
>> terang dadanguan di kulawarga mah yen prabu siliwangi teh Islam banter na
>> mah islam sunda wiwitan , tah ieu jadi kayakinan sabagaian besar urang sunda
>> cenah.
>> didieu aya pendapat oge yen prabu ten urang islam sunda
>>
>> http://www.kalangsunda.net/apps/forums/topics/show/3301267-raja-suryakancana-seda?page=last
>>
>>
>>
>>
>
>  
>

Kirim email ke