nya urang dangoan heula sugan we aya deui pamendak nu langkung mencrang :) Eta kuring maca novel Prabu Siliwangi (dua jilid) karya E Rokajat Asura, PS teh diudag-udag ku putra jeung incuna: Cakrabuana jeung Sunan Gunung Djati sangkan asup Islam. Tapi PS alimeun, ngan teu ngalarang anak incuna nyebarkan di Tatar Sunda sareng mere kabebasan ka rahayat sareng pengikutnya2.
Teras mun maca novel kenging Saini KM "Seri Kesatria Hutan Larangan" (tilu jilid) meuni katinggal aman tentrem karajaan nu dipimpin PS teh. Bahkan, aya pasukan khusus sagala nu ngarana Puragabaya; satengah pandita satengah jawara. www.ahmadsahidin.wordpress.com --- Pada Ming, 29/8/10, oman abdurahman <omana...@gmail.com> menulis: Dari: oman abdurahman <omana...@gmail.com> Judul: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam Kepada: kisunda@yahoogroups.com Tanggal: Minggu, 29 Agustus, 2010, 2:48 PM Ngeunaan agama Prabu Siliwangi (PS) memang matak pogot ngadiskusikeunana. Anu jelas, soal agama anu diagem di Sunda harita monotheisme eta tos jadi kacindekan sababara panalungtik. Parios, upamana wae, seratan p Saleh Danasasmita alm. Tah, naha monotheisme eta aya dina pigura Islam atawa henteu, eta pasoalan sejen. Ngeunaan Islamna anu mana - naha, upamana, Sunni NU, Sunni Wahabi atawa Syi'i jst - eta oge pasoalan saterusna. Kuring boga hipotesa sawatara ieu, yen dina enyana PS asup Islam, tapi Islam anu dianutna teh lain Islam anu mentingkeun dimensi ritual, tapi leuwih kana Islam anu esensina wae atawa dina sawangan dimensi mah Islam dimensi mistikal jeung sosialna wae. Urang teruskeun ieu hipotesa: alasan tindakan PS harita nyokot jalan anu eta taya lian kaayan masyarakat anu sakitu pluralna dina nganut agama. Di Sunda harita geus aya Hindu jeung Sunda wiwitan anu geus ti heula, Budha oge (Talaga), Kristen geus asup, oge Islam. PS kudu merhatikeun kaayan anu plural ieu di jero masyarakatna. PS kudu ngajaga karukunan masyarakatna kaasup karukunan dina widang kahirupan agama. Sawatara ti eta, anu kapendak ku PS Islam dina main stream teh nyaeta Islam anu dijadikeun alat pikeun ngalegaan kakawasaan. Kaayan harita lebah dieu tiasa dipaluruh dina buku sajarah, kumaha kaayaan jeung kamekaran karajaan anu basisna Islam (Banten, Demak, Cirebon, jst) anu henteu luput tina rebutan kakawasaan. Munasabah upama karajaan Sunda harita anu kakepung - kungsi kabelejog - menta bantuan atawa nyieun fakta kerjasama pertahanan jeung Portugis anu geus mangkal di Malaka (padahal kabuktian, Portugis datangan ka Nusantara oge mawa spirit ngajajah alias mekarkeun kakawasaan). Kuring ngabayangkeun PS hanjelu nyaksian kaayaan harita. Agama anu sakuduna mawa katengtreman malah dijadikeun dadasar mekarkeun kakawasaan. Karana sakitu, hipotesa kuring ngeunaan PS anjeunna nyepeng agama teh lain agama keur mertahankeun kakawasaan dina harti vulgar. Tapi agama anu esensina pikeun katengtreman hirup. Karana sakitu, anjeunna henteu maksakeun hiji agama pikeun dianut ku sakumna masyarakatna. Malah, ka agama Islam anu anyar datang, anjeunna mere kasempetan ku masrahkeun wewengkon Cirebon ka puterana / katurunana (anu kabehdieunakeun ieu Cirebon kolaborasi jeung Banten merangan Pajajaran). Kuring teu rek biluk kamana-mana, sabab nya kitu kamekaran sajarah. Mana kitu oge sejarah urang Sunda kudu ngalaman pergolakan saperti kitu. Ngan, upama tea mah aya anu bisa diconto, nya sikep anu mentingkeun katengtreman ieu payus upama ku urang dikali leuwih jero deui pikeun dilarapkeun mangsa ayeuna jeung pikahareupeun. Sok sanajan kitu, naon anu ditepikeun bieu di luhur estuning karek hipotesa atawa gagasan awal wae. Ongkoh deui, sabagean gede tina sajarah Sunda jaman harita masih perlu dtalungtik deui, masih perlu diteangan bukti-buktina oge masih loba wacana diskusi ti para ahli. Upamana wae, kamari kuring ngobrol jeung dosen jurusan Sastra Sunda Unpad anu keur nalungtik prabu Borosngora tina sisi basa (istilah). Ceuk anjeunna, istilah "borosngora" nyoko kana maksud "gancang dewasa" (boros = gancang beak). Jadi, anu bergelar borosngora teh anjeunna anu geus dilantik jadi raja dina umur ngora keneh pisan. Di Sunda, dina mangsa harita, raja ngora atawa anu ngora-ngora geus jadi raja taya lian ti Prabu Wastukancana anu diwastu atawa dilantik jadi raja dina umur 14 taun (sakumaha kaunggel dina naskah wangsakerta jeung sababaraha naskah kuna Sunda sejenna) nalika ramana (Prabu Linggabuana) perlaya di Bubat. Ceuk dina naskah, Prabu Wastukancana dimakamkeunana di Nusa Pakel, Situ Lengkong. Pon kitu keneh ceuk carita rakyat Panjalu, Borosngora oge dikurebkeunana di Nusa Pakel, Situ Lengkong. Ceuk eta ahli basa Sunda, bisa jadi, Cakradewa teh taya lian ti Mangkubumi (raina Linggabuana) atawa Linggabuana ku anjeun. Sedengkeun "istana" anu di Cipanjalu eta istana sejenna lian ti anu di Kawali. Kapan geus jadi kabiasaan nepi ka ayeuna, pimpinan Pamarentahan (presiden) sok boga tempat peristirahatan atawa istana leuwih ti hiji. Pon kitu keneh jaman baheula, saurna. Upama eta hipotesa sang dosen bisa dibuktikeun, menarik. Sabab, ceuk legenda, Prabu Borosngora teh anu terkenal diajar Islam ka Mekkah, anu teras pependak sareng Syaidina Ali, anu mulangna deui ka lemah cai nyandak cai dina siwur karancang (bolong-bolong) sakumaha ditugaskeun ku ramana (kamampuan mawa cai dina siwur karancang mangrupa syarat ti ramana, yen lamun geus bisa mawa cai dina siwur karancang hartina geus papangih jeung agama atawa ajaran sajati anu ditareangan ku manusa pikeun kasalametan hirupna. Eta cai saterusna diawurkeun ka hiji lengkob anu engkena jadi situ Lengkong ayeuna. Eta carita bener henteuna wallohu 'alam. Ongkoh deui di Sunda mah geus jadi kabiasaan banyak carita sajarah anu dituturkeun (dicaritakeun ka generasi saterusna) dina wangun silib / simbol. Di Sunda kawentar silib, sindir, siloka jeung sasmita (4S) salaku media nepikeun hiji informasi. Dina lebah dieu, sajarah Borosngora (jeung Panjalu) anu nepi ka ayeuna teu jelas raratanana (ceuk elmu sajarah akademis) kaasup informasi anu ditepikeun ku simbol atawa 4S tea (momen "Borosngora" pependak sareng Syaidina Ali kw oge kaasup 4S) Upama eta hipotesis sang dosen jurusan basa Sunda di Unpad bisa dibuktikeun, bisa ditarik kacindekan, Islam lebet ka lingkungan karajaan Sunda teh memang geus ti beh ditu, ti jaman akina PS ku anjeun. Ngan, wayahna kudu sabar, ieu perkara danget ieu masih ditalungtik ku kang dosen sareng jurusan sastra Sunda Unpad. Mugia wae panalungtikanana mendakan buah anu mawa katerangan anu nyaangan urang sadaya. Cag heula. manar . 2010/8/29 Mohammad zen <zenhus...@yahoo.com> oh enya punten Kang hehe... macana sakolebat...jadi salah justru didinya disebatkeun prabu biasana kanggo hindu kitu nya kang, saur cenah we ieu oge yen Prabu siliwangi teh ngegaman Agama minimal percaya monoteisme, mereun oge baheula di sunda oge aya nabi tapi teu terkenal make syareat jaman baheula.. aya oge tambihan info mengenai sunda jarang aya candi teu jiga jawa , jadi alamatna monoteisme cenah oge http://dadieditor.multiply.com/journal?&page_start=20 . ... hese da elmu cenah mah teu aya sahih, hasan, maudhu, dhaif na tapi mungkin lamun aya tim peneliti sunda khusus tiasa ngabungkus meureun kasimpulan samentarana hehe... From: oman abdurahman <omana...@gmail.com> To: kisunda@yahoogroups.com Sent: Sun, August 29, 2010 8:46:26 AM Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam Kang Zen, Anu dina web link ti salira mah eta sanes PS (Sri Baduga) anu nuju dipadungdengkeun Islam-henteuna. Namung, nya teu nanaon keur ngeuyeuban informasi. manar 2010/8/28 Mohammad zen <zenhus...@yahoo.com> seueur memang perdebatan masalah Prabu siliwangi ieu ngan mumkin nu kuring terang dadanguan di kulawarga mah yen prabu siliwangi teh Islam banter na mah islam sunda wiwitan , tah ieu jadi kayakinan sabagaian besar urang sunda cenah. didieu aya pendapat oge yen prabu ten urang islam sunda http://www.kalangsunda.net/apps/forums/topics/show/3301267-raja-suryakancana-seda?page=last