salam,
wah geuning meuni rame nya ngomongkeun nu kieu mah. dugi kiwari mun kuurang 
diteungetan harti agama masing-masing jelema jeung daerah beda ngahartikeunna.
namung mun diudag na "jero" na mah kayakinan ka Nu Maha Sagalana... mun ceuk 
Islam mah Allah disebatna, ceuk Yahudi maha Yahweh jeung sajabana. Tiap agama 
gaduh nami masing2 nyebat nu disembah sareng dipuja na teh. Na sual ieu mah 
kuring masih nyepeng pamendakna Abdul Karim Souroush yen agama teh dua: agama 
yg berdasarkan kebenaran jeung agama identitas. Nu ku urang diributkeun teh 
cenah mah agama identitas--penafsiran manusa nu nyokot na ti ajaran2 universal.

punten mun teu nyambung...:) 

www.ahmadsahidin.wordpress.com

--- On Wed, 10/13/10, Mohammad zen <zenhus...@yahoo.com> wrote:

From: Mohammad zen <zenhus...@yahoo.com>
Subject: Re: Bls: [kisunda] Fw: Atheis leuwih apal agama-->Re: Fw: Alam 
Semesta, Hawking, dan Tuhan
To: kisunda@yahoogroups.com
Date: Wednesday, October 13, 2010, 7:14 PM







 



  


    
      
      
      ngiring nambihan :
mumkin aya dina masalah agama teh dua perkara :
1. Sajarah kamunculan agama, berkisar kana saha nu nyandak timana, kumaha 
perjalannana nepi ka nyebar, sumberna, dll, tah lamun dina sudut pandang 
sajarah urang tiasa ningali agama islam teh munculna ti mana, teras indonesia 
keur ngageman naon basa harita, aya teu agama tauhid di Indonesia atawa 
henteu?dina masalah ieu urang tiasa ningali kana periodisasi penyebaran 
keyakinan, samisal : asli masyarakat indonesia teh timana, pan ujung2na mah ti 
Adam as, ngan pas datang ka indonesia teh ngageman naon? teras berkembangna 
naon, teras perubahan kayakinan ti abad ka abad naon, jadi lamun ditilik2 kecap 
pengklaiman kana agama milik agama lokal teh rada kirang kuat dalilna, 
kulantaran keyakinan eta sabenerna mah hasil tina banyaknya perubahan
 ti zaman kazaman, jadi mana anu asli?
2. Eusi agama, kana masalah hakikat atawa ajaran agama, didieu urang teu tiasa 
nyebatkeun ieu agama di belah kulon itu agama ti belah wetan, kulantaran eusi 
agama bijilna ti mana, tah lamun ti Gusti, pasti urang apal yen Gusti nurunkeun 
agama ka hiji nabi heula (anu sangkutpaut jeung sajarah agama) dina hiji 
tempat  kan moal mungkin brek (langsung) ka kabeh wilayah ... tapi ari eusi na 
mah deuk di arab deuk di indonesia deuk di mana oge, deuk jaman Adam as nepi ka 
akhir zaman sami nyaeta Tauhid jeung penghambaan ka gusti Allah, ku cara nu 
cara gusti Allah , ku kayang nu kahoyong gusti Allah.
samisal : Muhammad saww teh manusia unggul ti turunan nu unggul para nabi 
baheula meunangkeun cenel jadi Nabi pikeun masihan Hidayah ka arab jahiliah, 
anu kajahiliahanana ruksak pisan. seueru nu narima seueur oge nu asobiah kana
 kaarabanana. nepi aya dina sajarah yen orang Arab ku heurasna asobiah 
kaarabanana nyarios tibatan nyebut Laailaahaillallah meningan kuring ngangkat 
gunung eta ku tanaga kuing. Arab jeung Islam beda budayana jeung ajaran anu 
diyakinina. Jadi Arab teh sanes Islam jeung Islam sanes Arab. Kulantaran Nabi 
urang saww lahir ti Mekkah maka makruf nu aya yen Islam teh ti Arab. eta mah 
disebatna sifat i'tibari (injeuman) tina hakiki. Kulantaran gusti Allah ngutus 
Muhammad saww kanggo mere petunjuk ka seluruh dunia dina harita Allah milih 
hiji bahasa anu cocok kana arab jahiliah eta jeung disisi lain anu bisa luas 
maknana, kukituna memang bahasa Arab Fushah fasih quran teh tepat jadi bahasa 
Quran, kaduana Bahasa Quran anu ngelehkeun bahasa arab nu aya (mukjizat tea) 
kukituna Orang arab oge kudu belajar deui kana bahasa Quran anu luhur sastra 
jeung nilaina.
loginaka lamun tingkatan bahasa quran jeung arab nu aya sarua, mereka teu perlu 
diajar deui kana bahasa
 quran.
nepi ka ayeuna Arab masih keneh boga kaasobiahan leuwih gede, tibatan ngabela 
kaislamanana.
Isu keluarga nabi pun ditingali ku bangasa arab sebagai kecemburuan suku, 
padahal keluarga nabi teh aliran hidayah , anu ditunjuk ku Gusti Allah. 
kulantaran musti ayana hidayah Allah teh langgeng nepi ka akhir zaman, ku 
kituna Allah milih ti umat ieu ti zaman Adam asa ka Idris, ka nabi2 lainna, 
nepi ka ahlulbaet as walapun sanes nabi.anu disebat dina Alquran Ahlulbaetna.
anu terakhir pesan Quran teh hakikatna selaras jeung sifat fitraj insani urang.


From: engkus ruswana
 <engkusrusw...@yahoo.com>
To: kisunda@yahoogroups.com
Sent: Wed, October 13, 2010 8:59:00 PM
Subject: Bls: [kisunda] Fw: Atheis leuwih apal agama-->Re: Fw: Alam Semesta, 
Hawking, dan Tuhan









 



    
      
      
      He...he...he....., kang Koko anu Budiman saleresna agama teh milik pituin 
urang Nusantara...., margi eta kecap asli Nusantara... aya nami tangtos aya nu 
dinamian pan.

Tah pami nu model agama di Nusantara dina basa Arabna mah aya Din, aya Milah 
sareng Nilah, pami ceuk urang India disebatna Dharma, kecap Inggrisna Religion 
jeung sajabana.... unggal bangsa nyebatna beda-beda, Tah Agama jeung Drigama 
mah anu urang Nusantara (Lokal), jadi saleresna nu gaduh hak ngaku agama teh 
nya nu disebat agama lokal/kapercayaan ayeuna.... Nya kitu kumargi pulitik tea. 
Anu gaduh hak atanapi nu gaduhna teu meunang ngaku, tapi nu numpang/pendatang 
malah ngaku nu bogana...... kan teu kaci eta teh
 kang....tiasa disebat maling/flagiat. Jeung lucuna deuih enggal bae midaamel 
kriteria nu disebat agama teh, cenah kudu aya Tuhan nu disembah, kudu aya 
Nabina, kudu aya Kitab Sucina,
 Kudu aya cara Sembahyangna jsb. Tapi begitu diterapkeun kanggo Hindu, Budha, 
Kong hucu.....na  da teu cocog oge tah kang, da di Hindu mah teu gaduh Nabi, 
pon kitu deui di Budha teu gaduh Tuhan, Konghucu teu gaduh Kitab 
Suci......,tapi tetep bae diaku agama...da barang impor.

Lucu nya kang nu disebut agana teh jadina nu datang ti luar wungkul, ari nu 
bogana teu meunang ngaku...  Tah nu kitu kang disebat Jati kasilih ku Junti teh 
diantawisna.. he...he...he... lucu dibarengan ku prihatin simkuring mah 
ngabandungan bangsa sorangan teh...., pantes kajadianna jadi bangsa nu munafik.

Kementrian nu ngurus agama jeung pendidikan, tapi korupsina paageung-ageung, 
Amal saleh nembe ukur didongengkeun jeung dicaritakeun. Kedahna kari 
prak....hayoh ngaprak....., seueur nu nyukcruk leuwi neangan cai jeung nu 
neangan seuneu kundang damar atawa nu neangan sangu bari mamawa sumbul eusi 
kejo.

cag ah, hapunten kang.
pun tabe.
Engkus tea
 nun.
 

--- Pada Rab, 13/10/10, Koko Budiman <koko_rober...@yahoo.co.id> menulis:

Dari: Koko Budiman <koko_rober...@yahoo.co.id>
Judul: Bls: [kisunda] Fw: Atheis leuwih apal agama-->Re: Fw: Alam Semesta, 
Hawking, dan Tuhan
Kepada: kisunda@yahoogroups.com
Tanggal: Rabu, 13 Oktober, 2010, 9:04 AM







 



    
      
      
      tuda seueur teuing nu sok aku2 angga tea. nya diwatesab ku pamarentah.
Buktoskeun heula yen hiji kayakinan teh agama, sareng seueur nu anutna. Kakara
panginten disebat agama. Ulah jol2 diaku bisi lepat. hehehehehe

--- Pada Sel, 12/10/10, engkus ruswana <engkusrusw...@yahoo.com> menulis:

Dari: engkus ruswana <engkusrusw...@yahoo.com>
Judul: Bls: [kisunda] Fw: Atheis leuwih apal agama-->Re: Fw: Alam Semesta, 
Hawking, dan Tuhan
Kepada: kisunda@yahoogroups.com
Tanggal: Selasa, 12 Oktober, 2010, 7:58 AM







 



    
      
      
      Hapunten Abah....., simkuring nyebat agama lokal teh, kumargi tug dugi ka 
ayeuna pamarentah mung masih mengakui nu disebat agama teh mung , nyaeta : 
Islam, Katholik, Kristen/Protestan, Hindu, Budha sareng Konghucu, sedengkeun 
agama-agama sanesna nu masih keneh hirup tur dihayati sabagena bangsa 
Indonesia, kayaning Sunda Wiwitan (Sunda), Ugomo Malim (Batak), Kaharingan 
(Dayak),  Kejawen (Jawa), Agama di NTT (punten hilap deui).... jsb, ku 
pamarentah teu dianggap agama (padahal istilah atawa kecap "agama" teh pituin 
basa/kecap asli Nusantara), Ku pamarentah kayakinan ieu disebut bagian tina 
budaya, tapi ku dunya mah tetep bae disebut agama (lokal sabab teu sumebar ka 
dunya gede).
 

Ari agama Samawi numutkeun pamahaman simkuring, nyaeta agama nu sarumpun asal 
ti Timur Tengah (Yahudi-Katholik-Kristen-Islam).

Kitu
 Bah,

Cag.
Engkus

--- Pada Sen, 11/10/10, Abah <aa...@ymail.com> menulis:

Dari: Abah <aa...@ymail.com>
Judul: [kisunda] Fw: Atheis leuwih apal agama-->Re: Fw: Alam Semesta, Hawking, 
dan Tuhan
Kepada: kisunda@yahoogroups.com
Tanggal: Senin, 11 Oktober, 2010, 2:43 PM







 



    
      
      
      Salam, 

Kang Engkus leres yen nu nyebatkeun atheis teh teu langkung sae na 
ngajalankaeun kahirupan na ti batan nu disebat atheis.

Ceuk pamendak abdi mah istilah atheis teh lahir kusabab jelema eta can 
ngarasakeun guna na agama keur dirina. 



Kang Engkus, punten pangjentrekeun istilah "agama lokal". Naha sarua jeung 
agama nu sanesna nu disebat samawi ku salira. Jeung naha dipilah kitu: samawi, 
lokal, sareng sajabina. Da ceuk kuring mah urrusan kayakinan mah sarua yen 
urang kudu Yakin ka nu diyakinkeun ku urang. Urang Islam nyebat Allah, Yahudi 
nyebat Yahweh dsb. 





    
     



 





    
     



 





    
     



 





    
     








      

    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke