Oray sanca gede, sorana ngaheos jiga rem angin tronton, rada ngilincring, kunsi panggih di jajalaneun deukeut makam oge anu poek, ngabeulit dina tangkal, gedena satangkeup tangkal kalapa, bedana jeung oray biasa, ieu teu ngudag, ngan megat, mun lumpat kalah megat hareupeun, lain ceuk dongen, kungsi ngalaman oge Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: mh <khs...@gmail.com> Sender: kisunda@yahoogroups.com Date: Sat, 18 Dec 2010 08:01:04 To: <kisunda@yahoogroups.com> Reply-To: kisunda@yahoogroups.com Subject: Jurig dina Kahirupan Urang Sunda ==> Re: [kisunda] Re: Adam Tunggal, Adam Smith, Embe jeung Jin Cing urang tuluykeun, numutkeun nu kapanggih, kadenge, karasa, atawa kaalaman bu baraya, mahluk ga'ib naon wae nu dipikawanoh dina kahirupan urang Sunda. Urang bagi sababaraha tahapan 1. identifikasi jurig, ngumpulkeun sakur ngaran jurig nu kapanggih 2. klasifikasi jurig, milah-milah kelompok jurug dumasar kana kriteria tertentu Tah ayeuna identifikasi heula, cing aya jurig naon wae, coba sebutkeun ngaranna jeung deskripsikeun jiga kumaha gambaranana 1. Jurig Bonconong, jurig nu panonna gede moncorong hurung 2. Jurig Cai, jurig nu ulinna dina sirah cai 3. ,,,, 2010/12/14 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id> > > > > From: "Tubagus Rifki L" <tbri...@gmail.com <tbrifki%40gmail.com>> > > > Catatan. Kebangsaan, jurig - Sunda, Jin - Arab. > > Gambaran jin jeung jurig oge beda. Jin lamun nembongan sok digambarkeun aya > > angin muter heula (angin puyuh) kakara ngajirim sedengkeun jurig mah > rupa-rupa, loba oge nu resep ngajirim jadi jadi sato: oray, maung, buhaya > jst. Di lembur kuring aya kapercayaan jurig kunti, memeh nembongan sok > ngajirim siga entog, tapi lamun kapergo sok terus hiber ngadadak. Meureun > gambaran manusa kana bangsa lelembut gumantung oge kana naon nu > dipikasieun/ > teu dipikaharti di lingkunganana. Di urang, nu dipikasieun salah sahijina > sato: oray gede, maung, buhaya jst. Jurig sok diasosiasikeun jeung > sato-sato > ieu. Tapi keur masyakarat Sagara keusik, nu dipikasieun pisan sigana gejala > > alam, sabab ari sato mah paling oge onta. Gejala alam di sagara keusik nu > pikasieuneun, teu aya deui angin puyuh, sabab bisa ngarobah bentuk sagara > keusik, pasir (bukit) bisa pararindah, jelema bisa disorientasi alias > sasab. > Kulantaran lingkunganana kitu, bangsa lelembutna oge digambarkeun ku angin > (haseup) muter ..... > > Duka bener henteuna mah, da pantesna ..... > > WLY > > >