Wilujeng enjing saderek sadayana.  Dina tafakur enjing-enjing ieu sim kuring 
janten emut deui kana tulisan Uwa Abdrohman M. Sastra:

****

Anu dihandap ieu sae pisan:
"bongan ANU KAWASA oge nyumput dina "SI LOKA NA"........"

Hatur nuhun, katampi....

Wassalaamu'alaikum

Febi Ahmad Hazairin==============
****

Tadi kaemut teh, perkawis "ANU KAWASA oge nyumput dina "SI LOKA NA"........"; 
eta leres tina perspektif urang.
Saleresna anjeuna henteu "nyumput dina siloka"; tapi anu langkung leres nyaeta 
pikiran sareng batin urang aya dina dunia siloka.  Kumargi kitu urang ngaraos 
"ningal" anjeuna ku siloka. Bahkan ningal anjeuna sabagai siloka.  Tapi upami 
urang tiasa nyingraikeun siloka tina pikir sareng batin urang, insya Allah 
urang sadayana bakal tiasa ningali anjeuna; sanes deui ningali siloka.

Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
==============





________________________________
 Von: Ahmad Hazairin <don_f...@yahoo.de>
An: "kisunda@yahoogroups.com" <kisunda@yahoogroups.com> 
Gesendet: 1:05 Donnerstag, 22.August 2013
Betreff: Re: [kisunda] Re: Cara Pandang Benar
 


  
Anu dihandap ieu sae pisan:
"bongan ANU KAWASA oge nyumput dina "SI LOKA NA"........"

Hatur nuhun, katampi....

Wassalaamu'alaikum

Febi Ahmad Hazairin
==============



________________________________
 Von: "ps...@yahoo.com" <ps...@yahoo.com>
An: kisunda@yahoogroups.com 
Gesendet: 22:02 Mittwoch, 21.August 2013
Betreff: Re: [kisunda] Re: Cara Pandang Benar
 


  
Rampes Bah Oca, cobi ayeuna analisa naon anu didugikeun ku Alo Febi, sim kuring 
sareng salira. Tetela "cara pandang bener" teh tiasa dibungkus ku SI LOKA. Cobi 
titenan kasauran Alo Febi : "Hapunten pisan sanes sim kuring kumawantun ka 
rasulullah Muhammad saw.  Hapunten pisan.  Ieu mah cara sim kuring neuleuman 
hikmah syareat kangjeng Nabi anu mulia, supaya sim kuring tambah pangarti". 
Dina leresan ieu tetela "supaya tambah pangarti" ("nambihan elmu kapastian 
benerna"?)teh ku cara "neuleuman hikmah syareat". Hikmah syareat didieu ceuk 
basa urang mah rupina caket kana "SI LOKAa* sanes! Kecap "pamali"..."najis" ssj 
kalebet kecap HIKMAH anu BENERNA kedah dikoreh saur Bah Oca SING KATEPI KU ATI, 
SING KAHONTAL KU AKAL. Hartosna kedah diguar tuntas SAWADINA...upami kapendak 
maksadna MOHAKA manfaatna. Boh Alo Febi atanapi Bah Oca kalebet sim kuring semu 
sami yen "Cara Pandang Bener" teu salamina nembrak "BENERNA" tapi aya anu 
dibungkus ku "SI LOKA"... Numawi
 timbul tafsir, imajinasi, ilusi, intuisi... masing masing. Teu tiasa diulah 
ulah...bongan ANU KAWASA oge nyumput dina "SI LOKA NA"........



Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From:  "Roza R. Mintaredja" <roza.kalasu...@gmail.com> 
Sender:  kisunda@yahoogroups.com 
Date: Wed, 21 Aug 2013 20:29:23 +0700
To: <kisunda@yahoogroups.com>
ReplyTo:  kisunda@yahoogroups.com 
Subject: Re: [kisunda] Re: Cara Pandang Benar
  
Sampurasuuun...hampura ingsun.
Bah Sepuh, lan baraya sadaya,  leres pisan eta anu abot teh. Kumargi pasualan 
bebeneran janten relatip upami sudut pandangna beda tina pamiangan wiwitna. 
Numutkeun kamandang kuring, bener mutlak mung gaduh mantenNa. Nu kumelendang di 
dunya ieu mung sakadar bener relatip. Paling sensitip keur masalah eta, mo ku 
hanteu nyaeta dina pasualan kaGustian. Panta2 dina kaTunggalanana anu 
ngabalukarkeun beda kamandang dinangaimplementasikeunana. Sok sanajan , dzat na 
ETA KENEH!  Ampun paralun, lain rek ngaguar bedana, tapi naon sih anu saruana? 
Masing 2 ageman, boga managemen jeung cara ritual sewang2an. Pagawean lain 
samanea dina ngaguar ieu masalah. Kudu wani atawa boga sikep obyektip heula. 
Dina harti, teu ngabejerbeaskeun ageman kuring 'is the best than another one'. 
Kumaha padika/metodana supaya bisa ngaJAJARkeun BEBENERna BENER ka BENER teh. 
Sok sanajan  bener anu relatip dina ukuran  alam pikiran  atawa batiniah (?), 
tapi nu utamana mah kasapukan
 sarerea diaku sacara jujur tanpa reserve. KuBakat saur Abah Sepuh mah hese 
beleke tea, tapi teu ngandung harti teu bisa. Abah Sepuh mere conto pasualan 
pamali. Pasti eta hasil pangalaman lain sataun dua taun, bisa mutuskeun eta 
aturan atw hukum. Numatak aya palsapah kolot, SING KATEPI KU ATI, SING KAHONTAL 
KU AKAL mangrupa simultansi atawa gabungan  RASA BATIN jeung RASIO OTAK. Ieu 
salah sahiji jembatan padikana. Ceuk urang Kanekes mah, jeroan rasa disebut 
KUNGKUNG MANIK RANCAMAYA, lamun langsung kedal ucap tidinya disebut SAWADIna. 
Tapi lamun kaluar ucap tina RASIO/RASA disebut MOKAHA. Kumaha wangunan 
kacindekkan tina  gabungan SAWADIna jeung MOKAHA bisa dilaksanakeun?  Beuh  ! 
cag, rampes...rampa salira.
nhn*R3M



 

Kirim email ke