Alhamdulillah, hatur nuhun respon ti para sepuh :)
Perkawis naon anu didugikeun ku Uwa Abdurrohman M. Sastra, leres pisan. Anu 
emut pisan mah di kampung kapungkur aya panyarek: 

"Ulah diuk/cingogo dina golodog bisi nongtot jodo". Komo upami gadis wanoja mah 
langsung cengkat tina golodog da sieun pisan nontot jodo he.. he..
Upami dicarek bilih ngahalangan batur nu rek kaluar/asup panto, panginten eta 
gadis wanoja teh 'ngotot': "eta aya keneh lawang saeutik ka gigirin", bari 
terus weh cicing dina golodog.

Saleresna pangajaran ku cara kitu teh bahkan seueur dilakukeun ku rasulullah 
saw.  Misalna perkwis najisna dungus anjing. Kapungkur wangsa arab baduy teh 
jorok kabina-bina. Lamun ngukut anjing teh sok sapake jeung nu boga anjing. Nu 
boga anjing sare jeung anjing, dahar sapiring bareng jeung anjing. Padahal 
anjing teh mawa loba pisan bakteri/kokotor. Tah lamun jaman harita diterangkeun 
masalah bakteri jeung panyakit jigana eta urang arab baduy moal ngarti atawa 
moal ngagugu ka kangjeng nabi. Tapi lamun dibere hukum yen dungus anjing teh 
najis, ngumbah letakan anjing malahan kudu 7x make taneuh salah sahijina, pan 
jadi hoream diletak anjing. Komo deuih imah anu aya anjing moal daek asup 
malaikat rahmat ka eta imah.  Atuh anjing teh jadi kudu di luar imah.

Cara pangajaran kitu teh efektif, tapi oge aya efek negatifna; nyaeta teu 
ngadidik masyarakat pikeun jadi cerdas jeung ngarti sacara bertahap.  
Masyarakat jadi taklid jeung kabeulit ku syareat, ngapohokeun makna jeung 
hikmah.  Sholat anu fungsina ngabersihan batin, malah jadi alat pangudag pahala 
hayang asup syurga anu pinuh ku kanikmatan, atuh nambah sifat katamakan dina 
batin, lainna batin jadi bersih.

Tulisan sim kuring ieu oge bakal mancing rasa teu panuju ti sawareh golongan. 
Hapunten pisan sanes sim kuring kumawantun ka rasulullah Muhammad saw.  
Hapunten pisan.  Ieu mah cara sim kuring neuleuman hikmah syareat kangjeng Nabi 
anu mulia, supaya sim kuring tambah pangarti.  Sim kuring oge tetep weh bakal 
ngumbah letakan anjing, moal jadi cuek.  Upami cuek eta tos kaleungitan rasa 
hormat kana syareat, eta panyakit batin anu gede pisan.

Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
==============



________________________________
 Von: H. Abdurrohman M.Sastra <ps...@yahoo.com>
An: "kisunda@yahoogroups.com" <kisunda@yahoogroups.com> 
Gesendet: 12:58 Mittwoch, 21.August 2013
Betreff: Re: [kisunda] Re: Cara Pandang Benar
 


  
Bah Oca sareng baraya ki Sunda,
"Cara Pandang Benar" khususna dina widang "spiritual" anu "ghaib/teu nyata" 
memang sok pabaliut sareng angen angen pribadi. Dina ngaguar fenomena langkung 
kiat nganggo rasa tibatan pikir.  Anu janten parabot rasa mah nyaeta "tafsir, 
ilusi, imajinasi sareng intuisi" kasebutna ceuk umum eta teh caket kana "elmu 
mistik" kaasup elmu ramalan. Benten sareng "Cara Pandang Benar" dina widang 
fisik anu nyata nganggo pikiran parabotna akal, logika anu dumasar kana "elmu 
pangaweruh ilmiah". Bener Ceuk Sakabeh bisa jadi maksudna bener ceuk rasa 
sareng pikir balarea.  Tah eta anu sesah mah milarian "Bener Ceuk Sakabeh".
Anu janten emutan sim kuring  aya kabijakan anu luar biasa ti karuhun  sok 
sanaos dasarna ngan saukur ilusi (malah bisa kaasup bohong) tapi mangfaat. 
Contona kecap "pamali" nuar kai di hulu wotan bisi kasiku ku anu ngageugeuh 
didinya (Jin, Genderewo jsjj). Kapan ayeuna bukti ceuk ahli lingkungan cai 
ngocor ngaburial teh dumeh tatangkalan sabudereunana teu diganggu. Teu pira 
disingsieunan ku "pamali" teu kudu make "polisi" ngajaga huluwotan nya?.......  
Eta karuhun boga cara Pandang Salah tapi hasilna Bener nya.....


________________________________
 From: Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
To: kisunda@yahoogroups.com 
Sent: Wednesday, August 21, 2013 11:23 AM
Subject: [kisunda] Re: Cara Pandang Benar
 


  
Sae eta kamandang! 
Mudah2an cara pandang ieu bisa dianggap BENER KU SAKABEH. 
lain bener ceuk aing sorangan. Nyakseni nun. 
Cag Rampes? 
nhn*R3M


 

Kirim email ke