Kang Dudi:
>tong diajarkeun ka 
sadayana, kang. bisa-bisa ieu dunya jadi serepin. teu rame, ah. hahaha. 
pan saurna salasahiji nu "ngamajukeun" dunya teh, naon nu >ku akang 
disebut kokotor nu kudu dileungitkeun: kasarakahan... :)


Keun weh kang, da aya "seleksi alam" :).  
Dunya moal pernah sepi :)
Seleksi alam alias sunatullah tea kang ;)

Upami dirahasiahkeun janten misteri, janten ajaib.  Padahal teu aya anu ajaib. 
Sagala oge aya jalanna.  Teu aya anu sakral, sadayana oge profan ;)
Janten anu elmuna deet moal tiasa pura-pura jero ku cara menampilkan misteri 
he.. he.. he..
Oge mugi jalmi-jalmi anu awong-awongan ngahurungkeun syiar kabencian ka 
kelompok anu lian saladar yen eta kabencian kagedur dina jiwa teh raja setan 
tea :)




________________________________
 Von: dudi <6586...@gmail.com>
An: "kisunda@yahoogroups.com" <kisunda@yahoogroups.com> 
CC: "urangsu...@yahoogroups.com" <urangsu...@yahoogroups.com> 
Gesendet: 11:14 Montag, 7.Oktober 2013
Betreff: Re: [kisunda] Ngahaluskeun konsentrasi hening batin
 


  
tong diajarkeun ka sadayana, kang. bisa-bisa ieu dunya jadi serepin. teu rame, 
ah. hahaha. pan saurna salasahiji nu "ngamajukeun" dunya teh, naon nu ku akang 
disebut kokotor nu kudu dileungitkeun: kasarakahan... :)




2013/10/7 Ahmad Hazairin <don_f...@yahoo.de>

 
>  
>Sampurasun...,
>
>Ieu cara kanggo ngarojong jalan cepat kanggo ngahaluskeun konsentrasi hening 
>batin....,
>
>Kondisi hening batin moal tiasa kahontal lamun dina batin urang loba keneh 
>kokotor.  Tos disebutkeun dina email sateuacanna yean aya tilu kagorengan 
>pokok: kasarakahan, kabencian jeung kabodoan.  Jalma anu 'bageur' biasana 
>tingkat kabencianana ipis, tapi masih hese leupas tina kasarakahan.  
>Kulantaran sifat kabencian teh panas kana hate, gelisah hate, teu genah hate; 
>eta sifat kabencian.  Tapi sifat kasarakahan hate teh atoh, hate curinghak, 
>hate mikahayang, jadi karasa endah, jadi loba impian anu genah kana pikiran; 
>ieu sifat kasarakahan.  Kulantaran kitu jalma hese lesot tina kasarakahan 
>kulantaran kasarakahan karasa genah kana batin jeung pikiran.  Ieu tipuan.
>
>Rahasiah urang
 hayang gancang bisa ngahontal hening batin, nyaeta ngalesotkeun diri tina 
objek-objek kasarakahan jeung kabencian.  Objek kasarakahan jeung kabencian teh 
aya dina internal jeung eksternal.
>
>Contoh objek eksternal kabencian: urang ngewa ka hiji jelema kulantaran eta 
>jelema nyarekan, ngumpat ka diri urang. Atawa urang iri/sirik kana kamajuan 
>batur.
>
>Contoh objek internal kabencian:  urang pernah ngalakukeun dosa, jadi urang 
>gelisah jeung menyesal, kadang ngewa ka diri sorangan, kuciwa ka diri 
>sorangan.  Ieu kudu dilesotkeun.  Maaf-keun diri urang sorangan. Ulah 
>dilakukeun deui dosana.  Hayu urang maju kana kaalusan.
>
>Contoh objek eksternal kasarakahan: urang hayang pisan mobil mewah, padahal 
>kabutuhan geus bisa ku mobil anu sederhana oge.
>
>Contoh objek internal kasarakahan:  urang hayang gancang-gancang ngahontal 
>tingkat kasucian kujalan samadhi level luhur, tapi urang poho kana ngamurnikeun
 moral.  Ieu kasarakahan anu geus nipu.
>
>Tah, objek kabencian jeung kasarakahan kudu dilesotkeun.  Ieu makna "laa 
>ilaaha illallah...."
>Kang jeng Nabi pernah ngadawuh, yen sing saha anu dina akhir hayatna (sakratul 
>maut) bisa ngucap 'laa ilaaha illallah...' maka bakal asup kana surga.
>Tah eta ucapan 'laa ilaaha illallah' teh dina sakratul maut moal bisa 
>diucapkeun lamun batin jeung pikiran urang kaiket ku objek anu lain, misala: 
>objek harta benda anu dipikanyaah pisan, dikumpulkeun puluhan taun; atawa 
>objek anak incu jeung pamajikan nu rek ditinggalkeun, diri jadi hariwang ku 
>nasibna.  Tah eta objek-objek teh ngajerat dina batin jelema anu sakratul 
>maut, jadina teu inget ka gusti Allah, teu bisa berserah diri tur kaikhlasan, 
>tur kosong batin tengtrem tina sagala objek ikatan kagelisahan jeung 
>kasarakahan. Kedahna mung aya 'laa ilaaha illallah...'.
>
>Jadi, dina latihan samadhi hening teh urang diajar ngalesotkeun pikiran
 jeung batin tina sagala macam objek di dunia ieu, anu sadayana oge tipuan....
>
>Wallahu'alam
>
>Febi
>===
>
>
>
>

Kirim email ke