Uwa M. Sastra, sim kuring mah teu kalebet Guru Mursyid atuh, panginten langkung 
tepat sim kuring mah murid anu alewoh kulantaran sumanget :)
Ngeunaan Nabi Muhammad, memang cinta anjeuna ka umatna teh ageung pisan.  Eta 
sifat na universal.  Cinta universal teh sae pisan, ku urang sadayana oge kedah 
dipupuk dikembangkeun. Cinta universal teu lebet kana kategori kasarakahan.

Makna kalimat 'laa ilaaha illallah' dina sakratul maut, sapanurut kafahaman sim 
kuring, teu kedah jentre dina bentuk kalimat persis.  Anu penting makna sareng 
suasana pikiran jeung batin teh nyaeta suasana 'laa ilaah ilallah'.  Janten 
makna 'ucapan' teh nyaeta kondisi pikiran sareng batin.  Janten sapanurut sim 
kuring, jalmi anu teu nyebat 'laa ilaaha ilallah' sacara verbal dina sakratul 
maut tapi suasana/kondisi pikiran sareng batinna tos me-realisasi kondisi 'laa 
ilahaa ilallah' eta tos cekap.  Kumargi anu penting teh 'relasisasi' batin 
sareng pikiran.  Janten jalmi anu teu tamat ngucapkeu 'laa ilahaa illallah', 
misalna mung 'laa ilaah' eta tos cekap, kumargi saleresna suasana batina sareng 
pikiranna tos dugi, tos mayunan kaluarna kalimat verbal.

Bahkan, sapanurut sim kuring, upami menjelang sakratul maut oge kondisi pikiran 
sareng batin emut kana amal-amalan sae, eta tos cekap.  Misalna emut kana 
ayat-ayat suci Al-Quran.  Emut kana ibadah sholat, emut kana tahajud, emut kana 
sadaqah; eta sadayana tos lebet kana realisasi kasaean akhlaq jeung batin.

Sacara ringkesna, suasana pikiran sareng batin waktos wakratul maut, eta anu 
bakal janten kondisi batin/pikiran di alam salajengna.  Upami misalna nuju 
sakratul maut hariwang, sieun, eta bakal ngadorong lahir di akhirat anu kalebet 
alam anu pinuh kukahariwangan, kasieun jeung penderitaan, nyaeta naraka tea.  
Sabalikna, upami nuju sakratul maut emut kana amal-amal kasaean, kana cinta 
universal (sanes cinta seksual atanapi cinta kapimilikan), eta bakal nyandak 
kalahiran di akhirat di alam anu endah nyaeta surga tea.

Wallahu'alam

Febi
===




________________________________
 Von: HAMSastra <msastraabdurroh...@gmail.com>
An: urangsu...@yahoogroups.com 
CC: "kisunda@yahoogroups.com" <kisunda@yahoogroups.com> 
Gesendet: 12:44 Montag, 7.Oktober 2013
Betreff: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Ngahaluskeun konsentrasi hening batin
 


  
Alhamdulillah geuning teu sesah milarian "Guru Mursid", anu tiasa masihan 
pangaweruh ngeunaan "dzikir" atanapi "nga-hening" kanggo ngahontal darajat "ka 
ma'rifatan" anu sampurna. Aya Alo Febi di milis Urang Sunda/Kisunda/Kabuyutan.
Sering janten bahan sawala dina ngabahas dawuhan Rosulullah SAW, sing saha anu 
tiasa ngucapkeun "lailahailallah" kalawan utuh, kasebatna eta jalmi "Husnul 
Khotimah" anu dijamin tiasa lebet ka surga. Dina praktekna memang sesah, seueur 
godaan sareng rewangan, ngucapkeunana henteu tamat, aya anu mung tiasa 
ngucapkeun "lailah"... kabujeng les maot (siga anu teu dipasihan waktos pisan 
ku Malakalmaot?). Para sahabat Nabi oge kantos sawala kumaha hukumna upami teu 
tamat nyebat kalimah "Nafi Isbat" dina waktos sakarat? Tapi anu janten rame 
dina sawala aya anu naroskeun, naha aya sahabat anu nyaksian kumaha waktos 
Kanjeng Nabi wafat? Naha nyebat kalimah "lailahailallah"? Margi dina salah 
sawios hadist nyebatkeun sateu acan wafat anjeunna nyarios "Ummati..ummatiii" 
(emut ka umatna?) ..... Wallohu'alam.



2013/10/7 dudi <6586...@gmail.com>

 
>  
>sip, kang. enya nya, moal kabeh jelema resep hening da :)
>
>lajengkeun kang..... abdi mah ngabandungan deui weeee :)
>
>
>
>
>2013/10/7 Ahmad Hazairin <don_f...@yahoo.de>
>
> 
>>  
>>Kang Dudi:
>>
>>>tong diajarkeun ka 
sadayana, kang. bisa-bisa ieu dunya jadi serepin. teu rame, ah. hahaha. 
pan saurna salasahiji nu "ngamajukeun" dunya teh, naon nu >ku akang 
disebut kokotor nu kudu dileungitkeun: kasarakahan... :)
>>
>>
>>Keun weh kang, da aya "seleksi alam" :).  
>>Dunya moal pernah sepi :)
>>Seleksi alam alias sunatullah tea kang ;)
>>
>>Upami dirahasiahkeun janten misteri, janten ajaib.  Padahal teu aya anu 
>>ajaib. Sagala oge aya jalanna.  Teu aya anu sakral, sadayana oge profan ;)
>>Janten anu elmuna deet moal tiasa pura-pura jero ku cara menampilkan misteri 
>>he.. he.. he..
>>Oge mugi jalmi-jalmi anu awong-awongan ngahurungkeun syiar kabencian ka 
>>kelompok anu lian saladar yen eta kabencian kagedur dina jiwa teh raja setan 
>>tea :)
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>________________________________
>> Von: dudi <6586...@gmail.com>
>>An: "kisunda@yahoogroups.com" <kisunda@yahoogroups.com> 
>>CC: "urangsu...@yahoogroups.com" <urangsu...@yahoogroups.com> 
>>Gesendet: 11:14 Montag, 7.Oktober 2013
>>Betreff: Re: [kisunda] Ngahaluskeun konsentrasi hening batin
>> 
>>
>>
>>  
>>tong diajarkeun ka sadayana, kang. bisa-bisa ieu dunya jadi serepin. teu 
>>rame, ah. hahaha. pan saurna salasahiji nu "ngamajukeun" dunya teh, naon nu 
>>ku akang disebut kokotor nu kudu dileungitkeun: kasarakahan... :)
>>
>>
>>
>>
>>2013/10/7 Ahmad Hazairin <don_f...@yahoo.de>
>>
>>  
>>>Sampurasun...,
>>>
>>>Ieu cara kanggo ngarojong jalan cepat kanggo ngahaluskeun konsentrasi hening 
>>>batin....,
>>>
>>>Kondisi hening batin moal tiasa kahontal lamun dina batin urang loba keneh 
>>>kokotor.  Tos disebutkeun dina email sateuacanna yean aya tilu kagorengan 
>>>pokok: kasarakahan, kabencian jeung kabodoan.  Jalma anu 'bageur' biasana 
>>>tingkat kabencianana ipis, tapi masih hese leupas tina kasarakahan.  
>>>Kulantaran sifat kabencian teh panas kana hate, gelisah hate, teu genah 
>>>hate; eta sifat kabencian.  Tapi sifat kasarakahan hate teh atoh, hate 
>>>curinghak, hate mikahayang, jadi karasa endah, jadi loba impian anu genah 
>>>kana pikiran; ieu sifat kasarakahan.  Kulantaran kitu jalma hese lesot tina 
>>>kasarakahan kulantaran kasarakahan karasa genah kana batin jeung pikiran.  
>>>Ieu tipuan.
>>>
>>>Rahasiah urang
 hayang gancang bisa ngahontal hening batin, nyaeta ngalesotkeun diri tina 
objek-objek kasarakahan jeung kabencian.  Objek kasarakahan jeung kabencian teh 
aya dina internal jeung eksternal.
>>>
>>>Contoh objek eksternal kabencian: urang ngewa ka hiji jelema kulantaran eta 
>>>jelema nyarekan, ngumpat ka diri urang. Atawa urang iri/sirik kana kamajuan 
>>>batur.
>>>
>>>Contoh objek internal kabencian:  urang pernah ngalakukeun dosa, jadi urang 
>>>gelisah jeung menyesal, kadang ngewa ka diri sorangan, kuciwa ka diri 
>>>sorangan.  Ieu kudu dilesotkeun.  Maaf-keun diri urang sorangan. Ulah 
>>>dilakukeun deui dosana.  Hayu urang maju kana kaalusan.
>>>
>>>Contoh objek eksternal kasarakahan: urang hayang pisan mobil mewah, padahal 
>>>kabutuhan geus bisa ku mobil anu sederhana oge.
>>>
>>>Contoh objek internal kasarakahan:  urang hayang gancang-gancang ngahontal 
>>>tingkat kasucian kujalan samadhi level luhur, tapi urang poho kana 
>>>ngamurnikeun
 moral.  Ieu kasarakahan anu geus nipu.
>>>
>>>Tah, objek kabencian jeung kasarakahan kudu dilesotkeun.  Ieu makna "laa 
>>>ilaaha illallah...."
>>>Kang jeng Nabi pernah ngadawuh, yen sing saha anu dina akhir hayatna 
>>>(sakratul maut) bisa ngucap 'laa ilaaha illallah...' maka bakal asup kana 
>>>surga.
>>>Tah eta ucapan 'laa ilaaha illallah' teh dina sakratul maut moal bisa 
>>>diucapkeun lamun batin jeung pikiran urang kaiket ku objek anu lain, misala: 
>>>objek harta benda anu dipikanyaah pisan, dikumpulkeun puluhan taun; atawa 
>>>objek anak incu jeung pamajikan nu rek ditinggalkeun, diri jadi hariwang ku 
>>>nasibna.  Tah eta objek-objek teh ngajerat dina batin jelema anu sakratul 
>>>maut, jadina teu inget ka gusti Allah, teu bisa berserah diri tur 
>>>kaikhlasan, tur kosong batin tengtrem tina sagala objek ikatan kagelisahan 
>>>jeung kasarakahan. Kedahna mung aya 'laa ilaaha illallah...'.
>>>
>>>Jadi, dina latihan samadhi hening teh urang diajar ngalesotkeun pikiran
 jeung batin tina sagala macam objek di dunia ieu, anu sadayana oge tipuan....
>>>
>>>Wallahu'alam
>>>
>>>Febi
>>>===
>>>
>>>
>>>
>>>,___
>

Kirim email ke