Abah, kumaha eta ngamaknaanana Pangeran (Alloh) aya dina lebet rahsa ssjb?
sabab piraku ari Alloh swt langkung alit ti rahsa mah (dugi ka aya di
salebeting rahsa), jst? Dina leresan ieu sakedahna pisan urang ati-ati,
sanes dawuhanana pisan: "Huwa al awwalu wa al akhir, wa adzh dzhohiru wa al
bathinu", "laetsa kamistlihi syaeun", jsb; sareng katerangan anu langkung
merele sakumaha dina khutbah Syaidina Ali kw (khutbah kahiji dina Nahjul
Balaghoh) - punten henteu ditarjamahkeun:
 #

Pangkal agama ialah makrifat tentang Dia, kesempurnaan makrifat
(pengetahuan) tentang Dia ialah membenarkan-Nya, kesempurnaan
pembenaran-Nya ialah mempercayai Keesaan-Nya, kesempurnaan iman akan
Keesaan-Nya ialah memandang Dia Suci, dan kesempurnaan Kesucian-Nya ialah
menolak sifat-sifat-Nya, karena setiap sifat merupakan bukti bahwa (sifat)
itu berbeda dengan apa yang kepadanya hal itu disifatkan, dan setiap
sesuatu yang kepadanya sesuatu disifatkan berbeda dengan sifat itu. Maka
barangsiapa melekatkan suatu sifat kepada Allah (berarti) ia mengakui
keserupaan-Nya, dan barangsiapa mengakui keserupaan-Nya maka ia
memandang-Nya dua, dan barangsiapa memandang-Nya dua, mengakui
bagian-bagian bagi-Nya, dan barangsiapa mengakui bagian-bagian bagi-Nya
(berarti) tidak mengenal-Nya, dan barangsiapa tidak mengenal-Nya maka ia
menunjuk-Nya, dan barangsiapa menunjuk-Nya (berarti) ia mengakui
batas-batas bagi-Nya, dan barangsiapa mengakui batas-batas bagi-Nya
(berarti) ia mengatakan jumlah-Nya.

Barangsiapa mengatakan “dalam apa la berada”, (berarti) ia berpendapat
bahwa la bertempat, dan barangsiapa mengatakan “di atas apa la berada” maka
ia beranggapan bahwa la tidak berada di atas sesuatu lainnya.
...#

salengkepna, tiasa diparios, misalna di:
http://nahjalbalaghah.wordpress.com/2009/10/24/penciptaan-bumi-dan-langit-serta-kelahiran-adam/

Saestuna, kedah dipaparin katerangan anu langkung kalimah "lebet rahsa eta
Alloh swt" jeung kalimah anu sawanda teh, diantos.

salam baktos,
manar

2013/10/13 H. Abdurrohman M.Sastra <ps...@yahoo.com>

> **
>
>
> Kasadaya baraya anu sa Iman, boh anu angkat haji atanapi anu aya di
> masing-masing padumukan, sim kuring seja ngawilujengkeun "Iedul Adha"
> 1434H. Mugia sadayana aya dina ridho sareng rohmat Allah SWT diijabah
> sapamaksadan.
> Bah Oca, Alo Febi sareng baraya urang Sunda sadaya, soal “Tapak Meri Dina
> Leuwi” atanapi “Tapak Soang di Awang-Awang”, tiasa janten masing-masing
> kagungan “pamendak/kamandang”, tiasa wae hasil analisa pribadi atanapi
> hasil tina maca “seratan/buku” karya para ulama agama/bujangga
> sastra/filosof.
>
> Supados tiasa dijujut timana eta pamendak asal usulna, sim kuring maca
> buku *”Mistik Islam Kejawen”* karya Simuh, 1988. Eta buku medar *“Wirid
> Hidayat Jati” karya R. Ngabei Ranggawarsita (1802-1873 M)*. Tetela eta
> basa tos dianggo ku anjeunna. Duka anu mana anu ti heula, seratan urang
> Sunda atanapi Ranggawarsita?.****
> Ceuk eta buku dina ngudag *“kasampurnaan”* kudu terang heula naon anu
> dimaksud :
> * *
> *1.  **Baitul Makmur:** *panglinggihan *kalangenan** Dzat Allah SWT*, ayana
> dina *mastaka** Adam* nyaeta *polo/**uteuk*, di antara dua otak aya *manik
> *, dilebet manik aya *budi* lebet budi aya *nafsu* lebet nafsu aya *suksma
> *, lebet suksma aya *rahsa* lebet rahsa eta *Allah SWT*.**
> 2.  *Baitul Muharam:** *panglinggihan *pingitan Dzat Allah SWT*, ayana
> dina *dada Adam*, jero dada aya *hate*, di antara dua hate aya *jantung*,
> dilebet jantung aya *budi*, lebet budi aya *jinem* atanapi *ang**e**n-ang*
> *e**n*, lebet angen-angen aya *suksma*, lebet suksma aya *rahsa*, lebetrahsa
> eta *Allah SWT*.****
> 3.  *Baitul Muqaddas:** *panglinggihan nu *disucikeun** Dzat Allah SWT*, ayana
> dilebet *”**kelamin**”* *Adam*, lebet kelamin aya *”pelir”,* di antara
> dua *”pelir”* aya *”nuftah”* atanapi *”mani”,* lebet *”mani” *aya *”madi”,
> *lebet* ”madi” *aya* ”wadi”, *lebet* ”wadi” *aya* ”manikem”, *lebet *”manikem”
> *eta teh* ”rahsa”, *di lebet* ”rahsa” *eta* ”Allah SWT”*. ****
>
> Dina eta buku oge dieceskeun awalna Allah SWT dina  *”nukat ghaib”* anu
> ngaliputan sakabeh kaayaan, turun jadi cahaya wiwitan, dilebetna aya *”alam
> Ahadiyat, alam Wahdat, alam Wahidiyat, alam Arwah, alam Mitsal, alam Ajsam
> dan alam Insan Kamil”*, jadi* **“**manusa **anu** sempurna hak**e**kat**na
> ** sifat Alah SWT**”**.*
>
> Salajengna aya hadist qudsi anu unggelna rehna Kangjeng Nabi Muhammad SAW
> waktos ngajarkeun elmu ma’rifat ka Sayidina Ali RA ngaharewos kieu: *Saenyana
> euweuh nanaon, sabab basa masih keneh suwung/kosong tacan aya naon-naon,
> anu leuwih aya tiheula nya “Aing”, euweuh deui Pangeran sajaba ti “Aing”,
> Dzat Anu Maha Suci, anu ngaliputan sfat “Aing”, marengan ngaran “Aing”
> jeung jadi tanda pagawean “Aing”.* ****
>
> Dina ajaran “Wirid Hidayat Jati”, tina hadist qudsi di luhur, Dzat Allah
> SWT sareng Sifat-NA di dunya sering disilokakeun sapertos babasaan anu teu
> asup akal (irrasional) contona *”Khodok ngemuli lenge” *atanapi* ”Bangkong
> ngaheumheum liang”*, pilari “*Tapaking kuntul ngalayang (Tapak soang di
> awang-awang)**”**, **“**Galihing kangkung ( Galeuh kangkung)**”**,** 
> **“**Wekasaning
> samodera tanpa tepi (**Tungtunna** lautan tanpa tepi**”.* ****
>
> Kulantaran di Sunda oge pabalatak babasaan sarupi kitu, tiasa janten
> maknana oge caket caket kana maksad “Wirid Hidayat Jati” nyaeta ngudag elmu
> “kasampurnaan”, maluruh “Dzat Allah SWT” anu “TAPAKNA/SIFATNA” sanes wae
> anu aya di diri manusa tapi oge di makhluk di alam jagat raya saeusina di
> dunya (LEUWI?). Tiasa janten ieu babasaan asalna ti tatar Sunda, malah moal
> boa ti Sumedang(?). ****
>
> *Kukituna anu penting ayeuna sanes wae milari “pihartoseun”nana, nanging
> janten kawajiban urang Sunda, kedah nalungtik kaautentikan aslina, dina
> hiji waktos kedah tiasa ngabuktoskeun yen urang Sunda sanes murid R. Ngabei
> Ronggowarsita...he..he..***
>
> *Wallohu'alam. Cag*
>
>
>   On Sunday, October 13, 2013 1:08 PM, Roza R. Mintaredja <
> roza.kalasu...@gmail.com> wrote:
>
>  Heee....boa langkung ti 17 tapak kang. Candak sa tapak sajah lah. Asal
> ka ala sadayana. Dina Prasasti Sang Hyang Tapak nu katelah Prasasti
> ShriJayaBhupati di Sukabumi abad XI, negeskeun yen urg kudu mikukuh
> EKOSISTEM. Sing saha anu mikadeudeuh ka Lingkungan sabudereun, sarta
> babakti ka masyarakat, eta geus pinasti dina lengkah TAPAKNA SangHyang Widi
> Wasa. Nu gaduh Widi. Nu miboga
> KaWasana saAlam Jagat Pawenangan. Cag Rampes! Nhn*R3M
> On Oct 12, 2013 10:51 PM, "Ahmad Hazairin" <don_f...@yahoo.de> wrote:
>
> **
>
>  Sampurasun....,
>
> Aya sabaraha hiji tapak meri dina leuwi?
> Saur para guru anu mumpuni, aya 16 tapak meri dina leuwi.
> Lamun eta kabeh kapanggih maka artina urang geus bisa 100% mersihan batin
> tina kokotor.
> Lain eta wungkul, urang geus kalindungi tina kokotor batin, moal bisa
> katerap deui.
> Tempat balik urang lain ka surga deui, kulantaran di surga masih aya
> kokotor, saperti misalna sifat kasarakahan kana kanikmatan (lahir/batin).
> Tempat balik urang bakal ka Anjeuna...
>
> Tapak meri anu ka 1 nyaeta aya dua:
> 1.a  Tapak materi
> 1.b  Tapak batin
>
> Tapak materi mangrupa komponen materi anu pangleutikna (elektron? quark?).
> Tapak batin mangrupa unsur-unsur mental.
>
> Eta kabeh bakal namprak dina mata batin urang.
> Urang bakal bisa nalungtik hiji-hiji kalawan euweuh karaguan.
> Tangtuna lamun urang latihan soson-soson pantang nyerah, kalayan berserah
> diri (muslim?).
> Lamun teu berserah diri, moal bisa tenang, moal siap, artina aya gelisah
> keneh dina batin.
>
> Eta panginten sakitu heula nun...
> Eh, tapi naon anu 15 tapak deui, eta tapak meri teh...?
> Sok atuh saha anu uninga, urang silih babagi di dieu... lamun manggihan
> eta tapak meuri moal bireuk deui...  :)
>
> Wallahu'alam
>
> Febi
> ===
>
>
>
>    
>

Kirim email ke