emh eta kamandang para dulur sadaya; abh Sepuh, kg Febi, kg Oman, kg Kaby
jsbna, ngahudang kabungah kuring,
sabab... SADAYANA LERESSSS!
kusabab tos dikonci ku Abah Sepuh, kasadaya warga anu sa IMAN....titik.!
malah mandar, mun seug aya deui siloka _' tapak naga dilaut'?....mangga teh
teuin.

ngan kuring rada kageuri ku wacana abh Sepuh....saha atuh nu mimiti
ngedalkeun kecap sajenis eta ???

naha disebut tuturutan, atw memang teu jangjian (maksudna nyieun
sewang2an),
apan cenah kawentar , bangsa Sunda mah sastra lisan.?
apan cenah elmu teh mimiti ti kulon ka wetan? ( hanacaraka sunda/cacarakan
aya 18, hanacaraka jawa -20)
apan raden wijaya pendiri majapait teh incuna eyang prabu Darmasiksa ti
Galuh tea?

emh...ieu mah emutaneun urang sarerea lur.

cag heula ah !
nhn*R3M








2013/10/14 Ahmad Hazairin <don_f...@yahoo.de>

> **
>
>
> He he he... leres bah Oca ...  :)
>
>
>   ------------------------------
>  *Von:* Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
> *An:* kisunda@yahoogroups.com
> *Gesendet:* 13:08 Sonntag, 13.Oktober 2013
> *Betreff:* Re: [kisunda] Aya sabaraha hiji tapak meri dina leuwi?
>
>
>  Heee....boa langkung ti 17 tapak kang. Candak sa tapak sajah lah. Asal
> ka ala sadayana. Dina Prasasti Sang Hyang Tapak nu katelah Prasasti
> ShriJayaBhupati di Sukabumi abad XI, negeskeun yen urg kudu mikukuh
> EKOSISTEM. Sing saha anu mikadeudeuh ka Lingkungan sabudereun, sarta
> babakti ka masyarakat, eta geus pinasti dina lengkah TAPAKNA SangHyang Widi
> Wasa. Nu gaduh Widi. Nu miboga
> KaWasana saAlam Jagat Pawenangan. Cag Rampes! Nhn*R3M
> On Oct 12, 2013 10:51 PM, "Ahmad Hazairin" <don_f...@yahoo.de> wrote:
>
> **
>
>  Sampurasun....,
>
> Aya sabaraha hiji tapak meri dina leuwi?
> Saur para guru anu mumpuni, aya 16 tapak meri dina leuwi.
> Lamun eta kabeh kapanggih maka artina urang geus bisa 100% mersihan batin
> tina kokotor.
> Lain eta wungkul, urang geus kalindungi tina kokotor batin, moal bisa
> katerap deui.
> Tempat balik urang lain ka surga deui, kulantaran di surga masih aya
> kokotor, saperti misalna sifat kasarakahan kana kanikmatan (lahir/batin).
> Tempat balik urang bakal ka Anjeuna...
>
> Tapak meri anu ka 1 nyaeta aya dua:
> 1.a  Tapak materi
> 1.b  Tapak batin
>
> Tapak materi mangrupa komponen materi anu pangleutikna (elektron? quark?).
> Tapak batin mangrupa unsur-unsur mental.
>
> Eta kabeh bakal namprak dina mata batin urang.
> Urang bakal bisa nalungtik hiji-hiji kalawan euweuh karaguan.
> Tangtuna lamun urang latihan soson-soson pantang nyerah, kalayan berserah
> diri (muslim?).
> Lamun teu berserah diri, moal bisa tenang, moal siap, artina aya gelisah
> keneh dina batin.
>
> Eta panginten sakitu heula nun...
> Eh, tapi naon anu 15 tapak deui, eta tapak meri teh...?
> Sok atuh saha anu uninga, urang silih babagi di dieu... lamun manggihan
> eta tapak meuri moal bireuk deui...  :)
>
> Wallahu'alam
>
> Febi
> ===
>
>
>
>   
>

Kirim email ke