[Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda TEU kompetitif?
Kang MH, Ari ceuk kuring mah AYA ALUSNA nulis siga kieu teh. Tujuan na? Introspeksi diri urang sorangan. Jadi lain ngageugeuleuh sorangan. Ceuk kuring mah...Urang teh teu maju2 kusabab urang TEU APAL kana KARAKTER diri urang sorangan. Salah sahiji jalan KENAL kana jiwa urang soranga nya kudu NEMPO ka jero. Lamun dikritik ku batur mah apan sok ambek, nya mendngan nyieun kritik sorangan. Lamun nengetan bangsa2 anu maju, kritik diri na kuat. Kadang2 nengetan na ge sok aneh! Tapi kusabab kitu maranehna geus boga kasadaran nu KUAT, sabab fondasina geus kairong. Lamun tea mah geus tatohyan yen US teh TEU kompetitif...tah apan lengkah kadituna tinggal nyieun tarekah jeung ngakalan, kudu kumaha sangkan bangsa urang bisa ngabogaan sifat anu kompetitif tea. Urang bandingkeun we dina raraga nyieun tim olah raga anu kuat... Laun tim hayang alus. Analisis heula... mana kakuatan jeung kalemahan urang. Ari ceuk kuring mah analisis dua sisi tea PERLU. Meureun ketah...! Baktos, Rahman --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang RH, oge baraya sanesna. Asa geus mindeng Kang Chaedar, nyarita nu jiga kieu teh. Kabeneran padungdengan perkara US dina media online teh ku kuring didokumentasikeun. Ti mimiti taun 2000-an, geus aya kira-kira 500-an artikel mah. Meureun maksudna mah, keur ngahudangkeun sumanget US. Ngan bae ceuk pikiran kuring mah, asa euweuh gawe, hayoh wae kukulutus neumbleuhkeun geugeuleuh dipakaitkeun jeung karakter US. Asana, Kang Chaedar atawa US mana wae, leuwih hade turun gunung makalangan, mere conto nu jiga kumaha US nu kompetitif teh. Lamun enya kurang kompetitif, pek geura mimitian nyieun program jangka panjang pikahareupen, kumaha narekahanana. Naha nyieun kaderisasi, atawa nu sabangsana. Salam, MH http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
Re: [Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda TEU kompetitif?
Kang RH, Hehehe, satuju kuring oge ari kana pentingna perkara introspeksi diri mah. Ngan aya hal sejen. Nu katinggal dina warta koran, ampir salila 5 tahun, nu dicaritakeun teh jiga eta-eta keneh. Ngulikbek dina perkara, kakurangan jeung kakurangan we. Na rek iraha mimiti ngarancang tarekahna. Kira-kira perlu sabaraha lina nya, ngaberendelkeun SWOT teh. Cing kumaha ihtiarna kira-kira Kang RH? (mh) --- Rahman [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang MH, Ari ceuk kuring mah AYA ALUSNA nulis siga kieu teh. Tujuan na? Introspeksi diri urang sorangan. Jadi lain ngageugeuleuh sorangan. Ceuk kuring mah...Urang teh teu maju2 kusabab urang TEU APAL kana KARAKTER diri urang sorangan. Salah sahiji jalan KENAL kana jiwa urang soranga nya kudu NEMPO ka jero. Lamun dikritik ku batur mah apan sok ambek, nya mendngan nyieun kritik sorangan. Lamun nengetan bangsa2 anu maju, kritik diri na kuat. Kadang2 nengetan na ge sok aneh! Tapi kusabab kitu maranehna geus boga kasadaran nu KUAT, sabab fondasina geus kairong. Lamun tea mah geus tatohyan yen US teh TEU kompetitif...tah apan lengkah kadituna tinggal nyieun tarekah jeung ngakalan, kudu kumaha sangkan bangsa urang bisa ngabogaan sifat anu kompetitif tea. Urang bandingkeun we dina raraga nyieun tim olah raga anu kuat... Laun tim hayang alus. Analisis heula... mana kakuatan jeung kalemahan urang. Ari ceuk kuring mah analisis dua sisi tea PERLU. Meureun ketah...! Baktos, Rahman = Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
[Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda TEU kompetitif?
Kang MH, Puguh masih keneh mulikbek dina wacana anu eta2 keneh. Hajakal! Ngan, najan kumaha bae oge, kuring nempo aya kamajuan. Ari baheula mah apan US teh sok ngarasa PANG- na weh, sanajan kanyataanana tibalik oge. Mudah2an ieu teh upaya anu alus sangkan urang kenal heula kana diri sorangan. Da moal bisa nyieun strategi atuh lamun urang teu nyaho kana diri sorangan. Rek nyeiunstrategi teh apan kudu dikanyahokeun: saha, di mana, jeung kumaha na. DIna lebah SAHA na, urang masih keneh ripuh. Contona? Tingali we sajarah. Tradisi urang meh teu dianggap. Dihindukeun jadi panghinduna, dijawakeun jadi pangjawana, diislamkeun jadi pangislamna? Kacirina? Pek bae tengetan sadala aspek kahirupan jeung budaya Sunda! Campuraduk!!! Lain... kuring mah lain puritan! Ngan ceuk pamikir kuring mah, US kudu boga cecekelan... tradisi kasundaan anu jadi milik pribadi US. Tong hayang NGIMPOR wae! baktos, Rahman --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang RH, Hehehe, satuju kuring oge ari kana pentingna perkara introspeksi diri mah. Ngan aya hal sejen. Nu katinggal dina warta koran, ampir salila 5 tahun, nu dicaritakeun teh jiga eta-eta keneh. Ngulikbek dina perkara, kakurangan jeung kakurangan we. Na rek iraha mimiti ngarancang tarekahna. Kira-kira perlu sabaraha lina nya, ngaberendelkeun SWOT teh. Cing kumaha ihtiarna kira-kira Kang RH? (mh) --- Rahman [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang MH, Ari ceuk kuring mah AYA ALUSNA nulis siga kieu teh. Tujuan na? Introspeksi diri urang sorangan. Jadi lain ngageugeuleuh sorangan. Ceuk kuring mah...Urang teh teu maju2 kusabab urang TEU APAL kana KARAKTER diri urang sorangan. Salah sahiji jalan KENAL kana jiwa urang soranga nya kudu NEMPO ka jero. Lamun dikritik ku batur mah apan sok ambek, nya mendngan nyieun kritik sorangan. Lamun nengetan bangsa2 anu maju, kritik diri na kuat. Kadang2 nengetan na ge sok aneh! Tapi kusabab kitu maranehna geus boga kasadaran nu KUAT, sabab fondasina geus kairong. Lamun tea mah geus tatohyan yen US teh TEU kompetitif...tah apan lengkah kadituna tinggal nyieun tarekah jeung ngakalan, kudu kumaha sangkan bangsa urang bisa ngabogaan sifat anu kompetitif tea. Urang bandingkeun we dina raraga nyieun tim olah raga anu kuat... Laun tim hayang alus. Analisis heula... mana kakuatan jeung kalemahan urang. Ari ceuk kuring mah analisis dua sisi tea PERLU. Meureun ketah...! Baktos, Rahman = Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
[Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda TEU kompetitif?
Sampurasun, Terus terang kuring mah sok bingung mikiran jaman modern kiwari, hususna dina hal tantangan kahirupan sosial0ekonomi jeung sosial-politik. Sabab loba pisan tali paranti anu dicekel deleg ti jaman karuhun Sunda tug tepi ka kiwari. Salah sahijina nyaeta sikap handap asor. Ceuk kuring mah handap asor teh salah sahiji tali parnti jeung sikap mental anu arang langka dipimilik ku bangsa sejen, malah jadi ciri has US. Sifat tur tali paranti anu lamun ditilik tina jihat agama atawa mental kamanusaan jeung etika sarta moralitas, kacida hadena. Kiwari, eta sifat tur tali paranti anu sakitu hadena teh dianggap jadi hahalang Ki Sunda dina ngambah sagara kahirupan modern, hususna dina widang kahirupan ekonomi jeung politik, anu merlukeun popularitas. Sedengkeun popularitas kalah kumaha oge kudu nembongkeun pangabisa, sok sanajan ngan saukur bisa ngomong tanpa bukti. Sedengkeun US, dina prinsip tali paranti kasundaan, tongboro-boro dina teu boga kabisana, dalah dina bisana oge pamali anu kudu ngasong-ngasongkeun pangabisa mah. Tong boro ngasong-ngasongkeun diri pribadi, ngasongkeun dalah ngasongkeun pangabisa jeung kaunggulan dulur atawa kawawuhan oge pamali, atuh cenah dina kapksana oge sok diembel-embelan ku menta hampura tur make basa anu malibir (malapah gendang). Sedengkeun jaman kiwari, hususna di Indoensia, handap asor jeung kajujuran teh pan kaasup barang langka (antik) anu teu laku dijual, kaasup di mimbar Jum'at. Pan disebutna oge so alim lamun urang handap asor tur jujur; atawa sok aya istilah lamun hirup (jaman kiwari) tong sok jujur teuing.. Wani tarohanlah. praktisi politik anu jujur tur (hususna) handap asor mah moal kapake tur moal kapilih jadi anggota dewan atawa pajabat luhur... Kimaha tah., rek milih nyekel delek tatali paranti ki Sunda, atawa milih jadi inohong? AG./bdg. --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Rahman [EMAIL PROTECTED] wrote: Baraya, Enya kitu US teh teu kompetitif... Ngan ngelehan maneh wae atawa memang elehan? Cik anu mana anu bener? RH Suku Sunda Miskin Personal Chaedar, Akibatnya Jarang Menduduki Posisi Penting BANDUNG, (PR).- Sudah lama suku Sunda mengalami kemiskinan personal. Hal itu akibat sikapnya yang terlalu rendah hati dan cenderung menyembunyikan kemampuannya. Bagi orang Sunda, menepuk dada sendiri itu pantang. Akibatnya, tidak banyak orang Sunda yang menjadi pemimpin. SENIMAN Sunda Tan De Seng memimpin Rampak Sekar Pasundan Asih dan Pasundan Istri pada rangkaian acara pembukaan saresehan di Aula Kampus Unpad Jalan Dipati Ukur Bandung, Selasa (14/3). Acara pembukaan Saresehan Peran Seni dan Budaya Masyarakat Jawa Barat Sebagai Kontribusi dalam Kehidupan Bermasyarakat, Berbangsa dan Bernegara ini dihadiri Gubernur Jabar Danny Setiawan.*ANDRI GURNITA/PR Dalam pemerintahan misalnya, orang Sunda jarang menduduki posisi penting. Jika ada, terbilang jarang, ujar Pembantu Rektor Bidang Penelitian dan Pengembangan Universitas Pendidikan Indonesia (UPI), Prof. Dr. H.A. Chaedar Alwasilah, M.A. pada acara sarasehan yang digelar di Aula Universitas Padjadjaran (Unpad), Jln. Dipati Ukur, Kota Bandung, Selasa (14/3). Menurut Chaedar, ketika ingin bersaing dengan orang lain, seharusnya bisa menunjukkan kemampuan, bukan menyerahkannya kepada 0rang lain. Nah, sikap terlalu mengalah inilah sebagai salah satu penyebab kemiskinan personal dan dialami orang Sunda, ujarnya. Menurut Chaedar, orang Sunda memilih mengalah sehingga jiwa kepemimpinannya kurang. Mereka takut disangka menyombongkan diri ketika memperlihatkan kemampuan dan prestasi mereka. Padahal, kehebatan harus dikomunikasikan agar semakin banyak orang Jawa Barat yang menjadi pemimpin, ujar Chaedar. Akibat yang lebih luas dari sikapnya itu, kata Chaedar, sejarah dan budaya Sunda jarang dikenal. Karena tidak mau menonjolkan diri, kemauan mendokumentasikan budaya dalam bentuk naskah sastra dan seni pun kurang. Padahal, dokumentasi inilah yang menyebabkan potensi kita dikenal oleh orang lain, tutur Chaedar. Dia juga menjelaskan, selain kemiskinan personal, norma Sunda jarang memberikan kontribusi dalam kehidupan sehari-hari. Mayoritas masyarakat Jawa Barat telah terpengaruh budaya luar, yang belum tentu cocok dengan nilai budaya Sunda. Wajib memelihara Sementara itu, tokoh Sunda, Ny. Hj. Popong Otje Djundjunan, mengatakan, di Indonesia yang heterogenitasnya tinggi, persatuan dan kesatuan merupakan keniscayaan. Walaupun memang, kebersamaan itu bukan berarti harus sama budaya dan adatnya. Setiap suku wajib memelihara budayanya sendiri, ujar Popong. Pemeliharaan budaya setiap suku, menurut Popong, tidak harus menunggu peran pemerintah daerah, partai politik, maupun lembaga lain, tetapi setiap individu haruslah memberikan kontribusi yang nyata dengan pemikiran ataupun tindakan. Setiap individu harus memelihara eksistensinya sendiri, ujar Popong. Dalam paparannya, Direktur Fasilitas Organisasi Politik dan Kemasyarakatan Ditjen
[Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda TEU kompetitif?
Sampurasun, Urang Sunda rea kakurangan? Enya loba, tapi bangsa mana anu teu boga kakurang? Tapi kan iwal ti boga kakurang teh urang oge boga kaleuwih, atawa teu disebut kaleuwih oge, sebut bae yen urang oge boga anu alusna. Tah, kumaha lamun urang mimiti laju tina anu alusna, keun bae teu rea oge Contona handap asor, kumaha lamun karakter handap asor teh jadi salah sahiji modal pikeun Urang Sunda dina ngalanglang dunia anu leuwih lega... Sabab, lamun ku-US-na sorangan ngarasa eta karakter teh dianggap hahalang (negatif), kumaha ceuk batur?! Urang Jawa dikenal (tur dijadikeun modal) ku etos politik jeung solidaritasna, atuh urang dikenal ku handap asorna.. Pan kiwari masyarakt teh geus teu percana kana omongan politikus kusabab siga anu heueuh.. Tah...eta teh kasempetan pikeun politikus Sunda pikeun negeskeun yen US bisa leuwih dipercaya... sabab handap asorna. Keun ari soal negatifna US mah., rasiah dapur anu kudu diteang piubareunana, lain pikeun diobral di sisi jalan Goreng kasebutna muka-muka aib sorangan, da didagangkeun oge moal aya anu meuli... AG./bdg. --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Rahman [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang MH, Puguh masih keneh mulikbek dina wacana anu eta2 keneh. Hajakal! Ngan, najan kumaha bae oge, kuring nempo aya kamajuan. Ari baheula mah apan US teh sok ngarasa PANG- na weh, sanajan kanyataanana tibalik oge. Mudah2an ieu teh upaya anu alus sangkan urang kenal heula kana diri sorangan. Da moal bisa nyieun strategi atuh lamun urang teu nyaho kana diri sorangan. Rek nyeiunstrategi teh apan kudu dikanyahokeun: saha, di mana, jeung kumaha na. DIna lebah SAHA na, urang masih keneh ripuh. Contona? Tingali we sajarah. Tradisi urang meh teu dianggap. Dihindukeun jadi panghinduna, dijawakeun jadi pangjawana, diislamkeun jadi pangislamna? Kacirina? Pek bae tengetan sadala aspek kahirupan jeung budaya Sunda! Campuraduk!!! Lain... kuring mah lain puritan! Ngan ceuk pamikir kuring mah, US kudu boga cecekelan... tradisi kasundaan anu jadi milik pribadi US. Tong hayang NGIMPOR wae! baktos, Rahman --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh khs579@ wrote: Kang RH, Hehehe, satuju kuring oge ari kana pentingna perkara introspeksi diri mah. Ngan aya hal sejen. Nu katinggal dina warta koran, ampir salila 5 tahun, nu dicaritakeun teh jiga eta-eta keneh. Ngulikbek dina perkara, kakurangan jeung kakurangan we. Na rek iraha mimiti ngarancang tarekahna. Kira-kira perlu sabaraha lina nya, ngaberendelkeun SWOT teh. Cing kumaha ihtiarna kira-kira Kang RH? (mh) --- Rahman rsyaifoel@ wrote: Kang MH, Ari ceuk kuring mah AYA ALUSNA nulis siga kieu teh. Tujuan na? Introspeksi diri urang sorangan. Jadi lain ngageugeuleuh sorangan. Ceuk kuring mah...Urang teh teu maju2 kusabab urang TEU APAL kana KARAKTER diri urang sorangan. Salah sahiji jalan KENAL kana jiwa urang soranga nya kudu NEMPO ka jero. Lamun dikritik ku batur mah apan sok ambek, nya mendngan nyieun kritik sorangan. Lamun nengetan bangsa2 anu maju, kritik diri na kuat. Kadang2 nengetan na ge sok aneh! Tapi kusabab kitu maranehna geus boga kasadaran nu KUAT, sabab fondasina geus kairong. Lamun tea mah geus tatohyan yen US teh TEU kompetitif...tah apan lengkah kadituna tinggal nyieun tarekah jeung ngakalan, kudu kumaha sangkan bangsa urang bisa ngabogaan sifat anu kompetitif tea. Urang bandingkeun we dina raraga nyieun tim olah raga anu kuat... Laun tim hayang alus. Analisis heula... mana kakuatan jeung kalemahan urang. Ari ceuk kuring mah analisis dua sisi tea PERLU. Meureun ketah...! Baktos, Rahman = Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
[Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda TEU kompetitif?
--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Lodaya [EMAIL PROTECTED] wrote: teu rea oge Contona handap asor, kumaha lamun karakter handap asor teh jadi salah sahiji modal pikeun Urang Sunda dina ngalanglang Kang AG, urang Sunda handap asor? Hampura Kang, ari ceuk kuring mah ieu ge mitos! Contona? Lamun rek nyieun KTP atawa surat2 resmi. Kuring mah sok nyeri hate. Cirina handapa asor teh euweuh... apan pelayan publik cenah. Ngaladenan na ge haseum... Kecuali mun dibere amplop! Di TS mah seuri ge kudu dibeuli! Pek bae teangan conto sejen na. Nu kieu teh lain dina urusan publik wungkul... malah dina bisnis oge bet kitu! Jelema anu digawe di hotel, pariwisata jlte... jarang manggihan nu amis budi jeung darehdeh! Bisa jadi pangalaman kuring beda ti nu sejen! Tapi 'handap asor'teh jajauheun teuing. Eta teh ka bangsa sorangan Kang. Wah... komo lamun diajakan ngomong SUnda mahBaed Kang! Mun dibandingkeun jeung bangsa sejen na... asana teh anu sejen leuwih handap asor! Enya kitu? Duka teuing Rek disebut ngabolekerkeun bujur sorangan ge teu nanaon. Ngan kuring mah keur neangan jatidiri we... susuganan pikahareupeun bisa nyieun strategi nu alus jang kamaslahatan rahayat urang sorangan. Atuh paling henteu keur kuring sorangan. Ke... obrolanana urang sambung deui. Sok atuh anu sejen na... nu satuju jeung teu satuju sina naronghol! baktos, Rahman http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
Re: [Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda TEU kompetitif?
From: Rahman [EMAIL PROTECTED] Lamun rek nyieun KTP atawa surat2 resmi. Kuring mah sok nyeri hate. Cirina handapa asor teh euweuh... apan pelayan publik cenah. Ngaladenan na ge haseum... Kecuali mun dibere amplop! Di TS mah seuri ge kudu dibeuli! Pek bae teangan conto sejen na. Wah nu kieu mah sanes di Tatar Sunda wae atuh Kang RH, eta mah umum di Indonesia mah. Ari kuring mah perkawis someah jeung haseum teh sok emut kanu nawarkeun kartu kredit ti Bank. Ari pas nanawarkeunana mah, supaya urang ngiluan, nu someah tur gareulis. Tapi lamun nunggak, nu nelepon nagih teh lalaki atawa awewe nu cempreng sorana, basana kasar, make uncum ancam sagala. Lamun teu mayar wae, sumping debt collector. Ieu mah komo, lamun beungeutna teu jiga jeger (preman) uletna teu katulungan, ngajenjen hareupeun panto, teu balik-balik, satutung hutang can dibayar. Someah atawa haseum, ceuk nu keur usaha mah, strategi bisnis .hehehehehe Baktos, WALUYA http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
Re: [Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda TEU kompetitif?
From: Rahman [EMAIL PROTECTED] Lamun rek nyieun KTP atawa surat2 resmi. Kuring mah sok nyeri hate. Cirina handapa asor teh euweuh... apan pelayan publik cenah. Ngaladenan na ge haseum... Kecuali mun dibere amplop! Di TS mah seuri ge kudu dibeuli! Pek bae teangan conto sejen na. Wah nu kieu mah sanes di Tatar Sunda wae atuh Kang RH, eta mah umum di Indonesia mah. Ari kuring mah perkawis someah jeung haseum teh sok emut kanu nawarkeun kartu kredit ti Bank. Ari pas nanawarkeunana mah, supaya urang ngiluan, nu someah tur gareulis. Tapi lamun nunggak, nu nelepon nagih teh lalaki atawa awewe nu cempreng sorana, basana kasar, make uncum ancam sagala. Lamun teu mayar wae, sumping debt collector. Ieu mah komo, lamun beungeutna teu jiga jeger (preman) uletna teu katulungan, ngajenjen hareupeun panto, teu balik-balik, satutung hutang can dibayar. Someah atawa haseum, ceuk nu keur usaha mah, strategi bisnis .hehehehehe Baktos, WALUYA http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
[Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda TEU kompetitif?
Kang AG, Kang WLY, Bieu teh dibaca deui reaksi kuring perkara 'handap asor' tea. Bet siga nu keur ambek geuning tulisan kuring teh. Padahal mah teu keur ambek2an asana teh? Sigana mah keuheul inget kana pangalaman kuring sorangan? Duka teh teuing... Ngan anu jelas mah nada kalimat2 kuring asa2 rada aneh, ... hampura bae! Cikan Kang AG guar deui ah eta konsep 'handap asor' tea. Inggis kuring salah deuleu... ma'lum kuuleun yeuh. Pan lamun kuring salah deuleu... mere conto na ge ka sabrang ka Palembang cenah... ;)) Eta... Konsep kuring teh enya sarua teu jeung konsep anu diajukeun ku Kang AG? Urang balikan deui ngobrolna! baktos, Rahman http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
[Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda TEU kompetitif?
Sampurasun, Kang ari perkawis emosi mah, sim kuring ceuk rarasaan asa teu pati beda malah sok asa kaleuleuwihi matak sok era katungtungakeun Hususna, sim kuring mah, lamun geus ngaadu-renyomkeun perkara kasundaan... Urusan agama mah sim kuring sok rada bisa ngontrol, tapi ngeunaan kasundaan mah sok rada hese ngontrol emosi teh hehehe Perkawis handap asor kang; aya anu unik di urang sunda mah, hususna di kalangan sepuh, anu masih keneh kuat adat kasundaanna utamana di pilemburan. Urang lembur atawa kolot-kolot, lamun arek rada ngagulkeun kaboga atawa pangabisa sok dimimitian ku kalimat lain agul ku payung butut atawa goong nabeuh maneh jeung istilah-istilah atawa paribasa lianna. Urang Sunda mah biasana leuwih pinter muji batur batan muji sorangan, miheulakeun batur batan sorangan. Eta hal masih keneh kuat jeung jadi kabiasaan anu lumrah di pilemburan. Naha eta sifat jadi sabab susah majuna US dina widang politik hususna? bisa jadi..! Da dimana teuing aya praktisi politik (politikus) anu handap asor, komo dina raraga kompanyeu mah...; anu euwuh oge pan sok diaya-aya, anu goreng disumput-sumput, anu hade digegedekeun! Sedengkeun laku handap asor, anu kurang di diri sok disebutkeun (dalah sok digegedekeun), anu alus sok dibuni-buni. Paribasa urang Sunda mah sok ngomong keiu: Ah da sim kuring mah jalma bodo dalah teu bodo-bodo acan...teu apal nanaon, tuna pangabisa... Coba eta babasaan kitu lamun dipake dina widang politik!?? Tapi dina lumrahna kahirupan pilemburan urang Sunda, jalma anu kitu (handap asor) malah anu dianggap jalma hade tur turutaneun!!! Ceuk bahasa agama mah disebutna teh tawadhu meureun Hal anu jadi pakean para kiyai sesepuh pasantren. Pan di lembur mah Kyai atawa sesepuh pasantren teh sok dianggap tokoh masyarakat anu dipikaserab. Sahingga, jalma anu lungguh timpuh, handap asor, bear marahmay teh dianggap kelas masyarakat anu kawilang luhur, nyaeta ti kalangan priyayi (gegeden, inohong) atawa ti kalangan tokoh agama (Kyai). Sim kuring pernah boga pangalaman jaman keur jadi mahasiswa. Harita basa kuring ngilu icikibung di organisasi mahasiswa islam anu rereana urang Sunda. Dina pemilihan calon ketua, lamun aya jalma anu nyogrog-nyogrok karep hayang kapilih jadi ketua, sok tara aya anu milih. Sahingga, sok aya kajian hiji jalma dipaksa pikeun jadi ketua, sok sanajan manehanana keukeuh embung. Fenomena ieu teuing pangaruh tina naon...? Duka kasundaan, Islam atawa tuntutan rasa bae? Intina, urang Sunda mah sok ngarasa beurat hate lamun dipuji-puji hareupeun (lain hartina resep dihina tangtuna oge), komo deui muji-muji sorangan. Tatapi, sifat-sifat handap asor teh rada hese manggihan (lain teu aya) ari di perkotaan mah, sedengkeun di padesaan masih keneh kuat. Nya di perkotaan oge ari sesa-sesa na mah masih aya, da Jeger oge ari dilemesan mah sok ngajawab kulemes deui, dalah sok kaluar sifat handap asorna. Tah sifat anu ku US dianggap hade kira-kira kudu diilangkeun alatan hayang maju dina widang politik? Naha taya cara anu lian?... DUKA TEUING AH... ABDI MAH SANES POLITISI HIKHIKHIK; NYANGGAKEUN BAE KA ANU GADUH MAKSADHEHEHE AG./bdg. --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Rahman [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang AG, Kang WLY, Bieu teh dibaca deui reaksi kuring perkara 'handap asor' tea. Bet siga nu keur ambek geuning tulisan kuring teh. Padahal mah teu keur ambek2an asana teh? Sigana mah keuheul inget kana pangalaman kuring sorangan? Duka teh teuing... Ngan anu jelas mah nada kalimat2 kuring asa2 rada aneh, ... hampura bae! Cikan Kang AG guar deui ah eta konsep 'handap asor' tea. Inggis kuring salah deuleu... ma'lum kuuleun yeuh. Pan lamun kuring salah deuleu... mere conto na ge ka sabrang ka Palembang cenah... ;)) Eta... Konsep kuring teh enya sarua teu jeung konsep anu diajukeun ku Kang AG? Urang balikan deui ngobrolna! baktos, Rahman http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/