Kahatur Kang Irpan Cypton-man...
Hatur nuhun pisan parantos nedunan pamundut abdi, masihan komentar... Tah ieu
waleran ti abdi:
1. Tah muhun leres pisan, saleresna dina lagu anu sanesna mah (misalna Kupetik
Kecapi sareng Suara Seruling, nuansa Sunda-na langkung teleb... Saleresna
mah aranjeunna teh seniman sunda da sering maen kacapi-suling oge (terutami
dina acara nikahan), malihan aya anu sok ngadamel koreografi kanggo ibing
Sunda... Namung ieu mah saurna teh untuk membuktikan bahwa kacapi oge tiasa
dianggo kanggo ngamaenkeun macem-macem musik modern supados para generasi
muda teh janten tertarik deui kanggo mempelajari kacapi. Tah upami tos tiasa
ngacapi mah panginten dianggo ngahaleuang lagu Sunda oge moal sesah deui...
2. Ih ari ieu mah dijamin 100% halal, da abdi kantos nongton aranjeunna
latihan. Estuning henteu nganggo rekayasa... (Soanten anjeunna memang tiasa 5
octaf). Upami anu kantos ningali mah tangtos yakin wireh eta teh soanten
anjeunna asli (jenenganana eta vokalis teh Kang Ary). Sabaraha dinten
sateucan sasih Ramadhan, aranjeunna maen di Lapangan Tegal Lega Bandung. Manawi
aya anu nongton? (Judul na teh grup band KABIE [KAcapi Band Inspirasi
Etnik, anu hartosna band kacapi anu terinspirasi tina musik etnik...]}.
3. Insya Allah henteu atuh (Paling tidak, diwanti-wanti pisan supados ulah
ngadamel video-na anu kitu, hehehe...).
Eh iya, aranjeunna teh gaduh facebook oge: Kabie Ethnic. Saurna mah didinya aya
sababaraha katerangan ttg aranjeunna, aya foto, malihan mah aya video-clip na
sagala (sanes video clip anu leres-leres, ieu mah aranjeunna nuju latihan di
markas, lajeng di-shoot, teras dilebetkeun kana facebook... Tah anu ieu oge
mangga ditingali video-clip-na, teras dipasihan komentar oge... (saurna clip
ieu teh didamelkeun khususna kanggo para saderek anu panasaran leres henteuna
kacapi tiasa dianggo ngawih tembang-tembang anu jazzy, da saleresna ngawih
lagu jazz leres oge tiasa nganggo kacapi teh, samodel Spain I recall...}.
Tah kitu para saderek sadaya... Manawi aya anu bade masihan komentar deui?
Hatur nuhun pisan sateuacanna. Diantos
Wass,
Mukas G. (Ulah hilap, G.=ganteng, hehehe...).
--- In urangsunda@yahoogroups.com, irpan rispandi mr.rispa...@... wrote:
Kang Mukas,
samemeh 'nganilei', kuring rek nganyatakeun, kuring lain musisi, lain
sound enggineer, jeung teu boga ceuli nu alus pikeun nganiley lagu.
Anapon anu di lakukeun ku kuring mah, ngan ngadengekeun he..he..he...
sanggeus ngadengekeun ternyata alus. ngan
Ceuk kuring mah, ngaran-ngaran kacapi jeung suling, tangtu sunda. tah
kuring teu ngadenge 'sunda'-na. atawa memang meureun kabeneran lagu anu
di upload teh lagu anu nge-pop. Lagu sundana henteu di upload. kitu
meureun nya kang?
anu kadua, sora penyanyina, meni melengking tinggi euy. teuing oktaf
sabaraha tah he..he..he.., kira-kira pas manggung (nyanyi live) sora na
setinggi eta teu nya?
katilu, kuring mah hayang pesen, kahade engke lamun geus berhasil jadi
artis, ulah kabawa ku sakaba-kaba. geus kacontoan kapanan :)
sakitu wae
--
R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet Krypton
On 08/10/2010 10:32 AM, mukasnugraha wrote:
Salam baktos,..
Timpah tipayun sim abdi neda dihapunten samudaya kalelepatan anu
ageung anu alitna, Mugi urang sadaya dipasihan kakiatan dina enggoning
ngalakonan ibadah shaum anu bade dongkap, ditebihkeun tina sagala
dodoja sareng cocoba, kalayan Allah SWT. Aminnn.. ya robbal alamiinnn...
Kieu baraya, sim abdi teh ngagaduhan rerencangan anu sok maen kacapi
opatan sareng rerencanganana. Namung ieu mah sapertos Braga Stones
anu kapungkur sok ngamen di Jalan Braga tea, da lagu anu osok
ditembangkeun teh upami didangukeun mah rada-rada jazzy (istilahna
mah manawi soft-jazz pop...). Tah anjeunna teh nyuhunkeun bantosan ka
sim kuring supados abdi menilai lagu-lagu anjeunna. Cik atuh
dangukeun, sae henteu, upami aya kakiranganana, naon atuh
kakiranganana teh... saurna. Tah ieu yeuh, ieu teh janten pasualan
kanggo abdi mah, da rumaos abdi mah enol pisan kana lalaguan teh.
Kumargi kitu, punten sim abdi bade nyuhunkeun wargi sadaya
pangnilaikeun tah eta lagu anu rerencangan teh. Supados gampil, abdi
tos nyuhunkeun bantosan ka rerencangan anu sanes supados ngalebetkeun
ka www.4shared.com. Tah ku para wargi eta lagu teh tiasa di-download
ti alamat link ieu:
http://www.4shared.com/audio/xbCCcb7l/Kabie_01_Teringat_Selalu.htm
sareng anu ieu :
http://www.4shared.com/audio/UlSbevum/Kabie_02-Dewiku__Cemburu_.htm
Mangga, di cobi didangukeun lagu na...
Di antos panilaian nana...
Nuhun, pisan bantosan sateu acanna, ti wargi sadaya