Re: [Urang Sunda] nyuhunkeun bantosan wargi sadaya....

2010-08-19 Terurut Topik mukasnugraha
Kahatur Kang Irpan Cypton-man...

Hatur nuhun pisan parantos nedunan pamundut abdi, masihan komentar... Tah ieu 
waleran ti abdi:

1. Tah muhun leres pisan, saleresna dina lagu anu sanesna mah (misalna Kupetik 
Kecapi sareng Suara Seruling, nuansa Sunda-na langkung teleb... Saleresna 
mah aranjeunna teh seniman sunda da sering maen kacapi-suling oge (terutami 
dina acara nikahan), malihan aya anu sok ngadamel koreografi kanggo ibing 
Sunda... Namung ieu mah saurna teh untuk membuktikan bahwa kacapi oge tiasa 
dianggo kanggo ngamaenkeun macem-macem musik modern supados para generasi 
muda teh janten tertarik deui kanggo mempelajari kacapi. Tah upami tos tiasa 
ngacapi mah panginten dianggo ngahaleuang lagu Sunda oge moal sesah deui...

2. Ih ari ieu mah dijamin 100% halal, da abdi kantos nongton aranjeunna 
latihan. Estuning henteu nganggo rekayasa... (Soanten anjeunna memang tiasa 5 
octaf). Upami anu kantos ningali mah tangtos yakin wireh eta teh soanten 
anjeunna asli (jenenganana eta vokalis teh Kang Ary). Sabaraha dinten 
sateucan sasih Ramadhan, aranjeunna maen di Lapangan Tegal Lega Bandung. Manawi 
aya anu nongton? (Judul na teh grup band KABIE [KAcapi Band Inspirasi 
Etnik, anu hartosna band kacapi anu terinspirasi tina musik etnik...]}.

3. Insya Allah henteu atuh (Paling tidak, diwanti-wanti pisan supados ulah 
ngadamel video-na anu kitu, hehehe...).

Eh iya, aranjeunna teh gaduh facebook oge: Kabie Ethnic. Saurna mah didinya aya 
sababaraha katerangan ttg aranjeunna, aya foto, malihan mah aya video-clip na 
sagala (sanes video clip anu leres-leres, ieu mah aranjeunna nuju latihan di 
markas, lajeng di-shoot, teras dilebetkeun kana facebook... Tah anu ieu oge 
mangga ditingali video-clip-na, teras dipasihan komentar oge... (saurna clip 
ieu teh didamelkeun khususna kanggo para saderek anu panasaran leres henteuna 
kacapi tiasa dianggo ngawih tembang-tembang anu jazzy, da saleresna ngawih 
lagu jazz leres oge tiasa nganggo kacapi teh, samodel Spain I recall...}.

Tah kitu para saderek sadaya... Manawi aya anu bade masihan komentar deui? 
Hatur nuhun pisan sateuacanna. Diantos

Wass,

Mukas G. (Ulah hilap, G.=ganteng, hehehe...).

--- In urangsunda@yahoogroups.com, irpan rispandi mr.rispa...@... wrote:

 Kang Mukas,
 samemeh 'nganilei', kuring rek nganyatakeun, kuring lain musisi, lain 
 sound enggineer, jeung teu boga ceuli nu alus pikeun nganiley lagu. 
 Anapon anu di lakukeun ku kuring mah, ngan ngadengekeun he..he..he... 
 sanggeus ngadengekeun ternyata alus. ngan 
 Ceuk kuring mah, ngaran-ngaran kacapi jeung suling, tangtu sunda. tah 
 kuring teu ngadenge 'sunda'-na.  atawa memang meureun kabeneran lagu anu 
 di upload teh lagu anu nge-pop. Lagu sundana henteu di upload. kitu 
 meureun nya kang?
 
 anu kadua, sora penyanyina, meni melengking tinggi euy. teuing oktaf 
 sabaraha tah he..he..he.., kira-kira pas manggung (nyanyi live) sora na 
 setinggi eta teu nya?
 
 katilu, kuring mah hayang pesen, kahade engke lamun geus berhasil jadi 
 artis, ulah kabawa ku sakaba-kaba. geus kacontoan kapanan :)
 
 sakitu wae
 
 -- 
 R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet Krypton
 
 On 08/10/2010 10:32 AM, mukasnugraha wrote:
 
  Salam baktos,..
 
  Timpah tipayun sim abdi neda dihapunten samudaya kalelepatan anu 
  ageung anu alitna, Mugi urang sadaya dipasihan kakiatan dina enggoning 
  ngalakonan ibadah shaum anu bade dongkap, ditebihkeun tina sagala 
  dodoja sareng cocoba, kalayan Allah SWT. Aminnn.. ya robbal alamiinnn...
 
  Kieu baraya, sim abdi teh ngagaduhan rerencangan anu sok maen kacapi 
  opatan sareng rerencanganana. Namung ieu mah sapertos Braga Stones 
  anu kapungkur sok ngamen di Jalan Braga tea, da lagu anu osok 
  ditembangkeun teh upami didangukeun mah rada-rada jazzy (istilahna 
  mah manawi soft-jazz pop...). Tah anjeunna teh nyuhunkeun bantosan ka 
  sim kuring supados abdi menilai lagu-lagu anjeunna. Cik atuh 
  dangukeun, sae henteu, upami aya kakiranganana, naon atuh 
  kakiranganana teh... saurna. Tah ieu yeuh, ieu teh janten pasualan 
  kanggo abdi mah, da rumaos abdi mah enol pisan kana lalaguan teh.
 
  Kumargi kitu, punten sim abdi bade nyuhunkeun wargi sadaya 
  pangnilaikeun tah eta lagu anu rerencangan teh. Supados gampil, abdi 
  tos nyuhunkeun bantosan ka rerencangan anu sanes supados ngalebetkeun 
  ka www.4shared.com. Tah ku para wargi eta lagu teh tiasa di-download 
  ti alamat link ieu:
  http://www.4shared.com/audio/xbCCcb7l/Kabie_01_Teringat_Selalu.htm 
  sareng anu ieu :
  http://www.4shared.com/audio/UlSbevum/Kabie_02-Dewiku__Cemburu_.htm
 
  Mangga, di cobi didangukeun lagu na...
  Di antos panilaian nana...
  Nuhun, pisan bantosan sateu acanna, ti wargi sadaya
 
[Urang Sunda] nyuhunkeun bantosan wargi sadaya....

2010-08-09 Terurut Topik mukasnugraha
Salam baktos,..

Timpah tipayun sim abdi neda dihapunten samudaya kalelepatan anu ageung anu 
alitna, Mugi urang sadaya dipasihan kakiatan dina enggoning ngalakonan ibadah 
shaum anu bade dongkap, ditebihkeun tina sagala dodoja sareng cocoba, kalayan 
Allah SWT. Aminnn.. ya robbal alamiinnn...

Kieu baraya, sim abdi teh ngagaduhan rerencangan anu sok maen kacapi opatan 
sareng rerencanganana. Namung ieu mah sapertos Braga Stones anu kapungkur sok 
ngamen di Jalan Braga tea, da lagu anu osok ditembangkeun teh upami didangukeun 
mah rada-rada jazzy (istilahna mah manawi soft-jazz pop…). Tah anjeunna teh 
nyuhunkeun bantosan ka sim kuring supados abdi menilai lagu-lagu anjeunna. 
Cik atuh dangukeun, sae henteu, upami aya kakiranganana, naon atuh 
kakiranganana teh… saurna. Tah ieu yeuh, ieu teh janten pasualan kanggo abdi 
mah, da rumaos abdi mah enol pisan kana lalaguan teh.

Kumargi kitu, punten sim abdi bade nyuhunkeun  wargi sadaya pangnilaikeun tah 
eta lagu anu rerencangan teh. Supados gampil, abdi tos nyuhunkeun bantosan ka 
rerencangan anu sanes supados ngalebetkeun ka www.4shared.com. Tah ku para 
wargi eta lagu teh tiasa di-download ti alamat link ieu: 
http://www.4shared.com/audio/xbCCcb7l/Kabie_01_Teringat_Selalu.htm  sareng anu 
ieu :
http://www.4shared.com/audio/UlSbevum/Kabie_02-Dewiku__Cemburu_.htm

Mangga, di cobi didangukeun lagu na…
Di antos panilaian nana...
Nuhun, pisan bantosan sateu acanna, ti wargi sadaya

Re: [Urang Sunda] nyuhunkeun bantosan wargi sadaya....

2010-08-09 Terurut Topik irpan rispandi