[Urang Sunda] Mumuluk=nyaneut=sarapan?

2007-03-29 Terurut Topik Suteja Amijaya
Tadi isuk kabeneran bisa nyimpang heula ka daerah 'pinggiran' jababeka tempat gawe kuring. Loba tukang dagang nu kapaksa malinggir ka dinya da teu meunang ari dagang di tengah-tengah kawasan mah. Sarupaning kadaharan aya di dinya. Bubur (dipurukan daging) hayam, bubur kacang hejo, roti,

Re: [Urang Sunda] Wilujeng Kang Dede

2007-03-28 Terurut Topik Suteja Amijaya
Wilujeng kango Kang Dede. Ngiring bingah, ngiring agul. ::teja::

Re: [Urang Sunda] Wilujeng Kang Dede

2007-03-28 Terurut Topik Suteja Amijaya
Ngawitan mah, manawi teh Kang Dede cap gajah urang Kusnet tea. Pek teh nu itu mah aya vitamin d. Dede Mardiana. Paingan mani asa helok. Cikeneh ngagugulung beusi atah beuleum di Cilegon, ayna ujug-ujug doktor. Tapi ketang angger we teu ngurangan reueus. ::teja:: == Wilujeng Pa Dede

Re: [Urang Sunda] Fwd: [smun_54] Customer Service Laptop Yg menang tender di DPR pusing tujuh keliling

2007-03-26 Terurut Topik Suteja Amijaya
hua ha.. ha... lucu pisan. bae ah nyeungserikeun nu kieu mah moal doraka sugan ::teja::

Re: [Urang Sunda] Kulit lembaran

2007-03-20 Terurut Topik Suteja Amijaya
Biasana di Sukaregang Garut balatak. Kang Agus Paku, sok atuh kapayun teja

Re: [Urang Sunda] Re: Pelajaran ti Brunei Merdika

2007-03-19 Terurut Topik Suteja Amijaya
ari anu geus kawin mah teu kudu dicatur. da geus hakna ieuh. najan kitu, nya kitu tea, sabab loba nongton CInta. isuk-isuk bercinta, beurang bercinta, sore bercinta, memeh sare bercinta, tengah peuting bercinta, anu tungtungna mah kapanan. ... orok deui. Can arapaleun sigana mah yen jaman

Re: [Urang Sunda] Fwd: [Indonesian-Business] KARTU KREDIT CITIBANK si Penghisap Darah

2007-03-14 Terurut Topik Suteja Amijaya
Tos nyobian KTA kang Tan, sami da mahabu na mah. KTA=Kredit Tanpa Angsuran. heuheu.. Teja = Nyaan. Daek medu. Hayang pisan euruen KK teh. Tapi kumaha, da loba keneh kabutuh anu teu cumpon. Nya akhirna ngagilir-gilir we. Ke mun tos lunas sadaya, rek digunting (eh moal ketang lah) bisi we

Re: [Urang Sunda] bau belekok

2007-03-13 Terurut Topik Suteja Amijaya
Asana mah basa Porda Jabar taun kamari di Karawang, maskotna teh nya si Belekok tea. teja

Re: [Urang Sunda] kota di tengah2 astana

2007-03-07 Terurut Topik Suteja Amijaya
Pami bade ka San Diego Hills, kaluar ti tol Karawang Barat kira2 500 meteran. Posisina beh katuhu. Lamun lempeng brasna ka Lembah Kenangan asana mah. Nu ieu mah rumah masa depan kanggo urang tionghoa. Tapi teu aya rumah masa kini-na siga di San Diego. Duanana pastina mahal cenah. Da ajangeun nu

Re: [Urang Sunda] WAMIL euy, WAMIL!--- heureuy ieu mah...

2007-02-24 Terurut Topik Suteja Amijaya
Bujeng2 jaman tangtara ngasruk, pih. Ayeuna ge sok aya keneh anu sapertos kitu teh. Kapungkur kantos sukuran di bumi rehna pun adi nembe naek pangkat janten sertu. Heug di duakeun ku uwa sing tereh jadi sersan dua, ceuk nu saurang. Aya oge nu naroskeun naha kumaha cenah dines tangtara bet kedah

Re: [Urang Sunda] lowongan ka saudi Brune

2007-02-22 Terurut Topik Suteja Amijaya
Cobian ka PT.LANSIMA, kuring gaduh kenalan miang ka Abu Dhabi ngalangkungan eta PJTKI. Tempatna di Tegalparang Utara no.41 mampang Prapatan, pengkereun Univ.Paramadina. Nami kontakna Khairil/Hilda. Telepun 021-79196226. Mudah2an kaparengkeun. Maman awian baktos, Teja van ASGAR

Re: [Urang Sunda] Gelut

2007-02-19 Terurut Topik Suteja Amijaya
kang nDoell, Naha geuning bet sarua jeung kuring resep ningali nu gelut. Trus, ieu mah tamba kawaranan we hayang nanya ka akang salaku mang Ohle (daek kasep, resep euy gaya kang nDoell siga teh). Kieu, naha aya hubungannana antara tukang gelut jeung tukang nyeupah? Nu karasa ku kuring, lamun

[Urang Sunda] IMLEK

2007-02-15 Terurut Topik Suteja Amijaya
Haturan baraya, Mayunan Imlek taun ayeuna, saurna pamarentah ngalarang ngucapkeun GONG XI FAT CAI. Tumali kondisi, pantesna mah NGUNG XI YU COi. heuheu... :Teja::

Re: [Urang Sunda] Poe Valentine

2007-02-14 Terurut Topik Suteja Amijaya
Hebat, euy. Kakaraeun kuring panuju kana pamadegan kang Irfan. Valentin tos aya, April Mop aya. Ngan asa kagok. Kumaha lamun aya nu naalpukahan nyieun HARI KEBENCIAN? Unggal jelema meunang nembongkeun sagala kaceuceub, kangewa jsb husus dina poe eta. hidup Valentin, ::teja::

Re: [Urang Sunda] Re: (4-S) Lowongan

2007-01-31 Terurut Topik Suteja Amijaya
ngiringan ngembarkeun ah.. Radio Pemda Garut oge milarian padamel. Gajihna pasti ageung, kirang langkung sami sareng PNS gol 3A ditambih tunjangan. Syaratna kadar kersa bagadang ti jam duawelas tengah wengi dugi ka subuh kanggo nyoarakeun hsss minangka ciciren radio tos liren siaran

Re: [Urang Sunda] -= biang keringat =-

2007-01-24 Terurut Topik Suteja Amijaya
*Biang Keringat,* saleresna mah..*Biang Karinget,* tah ieu basa Sunda. Baheula mah soknguping karinget buntet. Sami keneh kitu ? Teja

Re: [Urang Sunda] Gudang Garong

2007-01-21 Terurut Topik Suteja Amijaya
Kang Suteja damang ? Sami-sami. Keun we lah nu kitu mah. Buruk buruk papan jati. piss... teja

Re: [Urang Sunda] Hatur Nuhun Kasadayana

2007-01-17 Terurut Topik Suteja Amijaya
wilujeng, sing runtut raut, lambat nyabut. Hapunten tur tiasa dongkap wass, Teja

Re: [Urang Sunda] tuluyna lalakon kang Siddik

2007-01-15 Terurut Topik Suteja Amijaya
Elly Idris mah pameget

Re: [Urang Sunda] Re: tuluyna lalakon si Jay

2007-01-15 Terurut Topik Suteja Amijaya
ari ely evalita teh geus kawin can? mani mangminggu2 di lembur si AA..kade bisi dikawinkeun batur.. moal panginten mbu, da ukur ngadu gobang di dituna oge teja

Re: [Urang Sunda] tuluyna lalakon si Jay

2007-01-08 Terurut Topik Suteja Amijaya
Asa teu puguh lalakon teh. Ngabuntut bangkong. Matak gantung teureuyeun suku genteng berokeun. heuheu... Sigana mah di-skip heula. Kuduna mah aya panganteur kieu : Cag heula lalakon si murugul Jay anu keur ngajurahroh di astana. Urang teundeun di handeuleum sieum tunda di hanjuang siang paranti

Re: [Urang Sunda] Kehebatan Amerika + Saddam Husein Di Eksekusi

2007-01-08 Terurut Topik Suteja Amijaya
Gaya postingan teh Ely jeung kang Irfan asana mibanda tipikal anu sarua. Jejer ngeusi, analisa eh sawangan kuat. Ti mimiti kuring geus boga gerentes, tah nu kieu yeuh nu ayeuna dibutuhkeun ku bangsa urang teh. Teuneung ludeung leber wawanen suda karempan. Teu regrog najan pada ngarentogan. Teu

[Urang Sunda] wilujeng mapag warsih anyar

2006-12-31 Terurut Topik Suteja Amijaya
Haturan wargi babakan kusnet kum dimana wae ayana, Simkuring seja ngahaturkeun wilujeng warsih enggal 2007. Sok sanajan pikeun kuring pribadi mah unggal poe oge sarua wae, tapi teu aya salahna mun dina mangsana mapag taun anyar bari muntangkeun harepan mugia poe isuk jeung saterusna bakal leuwih

Re: [Urang Sunda] Sepi

2006-12-28 Terurut Topik Suteja Amijaya
Juringkang si Jay hudang, tuluy leumpang ka beh kulon..Langit beuki ceudeum, hujan pras pris maseuhan alam. _,_._,___ Karek sababaraha lengkah, panon si Jay nu belo-beureum-ceuleuyeu ngadadak buringas nempo tukang bajigur nu keur ngiuhan di tepas imah kang Ma'mur. Solontod nyampeurkeun. Cik

Re: [Urang Sunda] Urang sunda kamarana atuh????

2006-12-19 Terurut Topik Suteja Amijaya
geuning hate kalahka kapincut ka si AA nu kasep tur pinter (mugi mugi we bageur), urang Garut si AA teh,... ah neng ely mah make diuar2 sagala. isin atuh. engke AA pada nyirik pedah boga bebene ka nu pinter tur geulis najan tukang nyieun pucuk ti girang. keukep deudeuh ti AA, -teja- urang

Re: [Urang Sunda] PNS

2006-12-17 Terurut Topik Suteja Amijaya
Abdimah hawatos pisan ka teh ika mardiah ngupingna oge, meuni kedah didamel dugi ka kitu, na naon atuh anu dipilarian teh, sareng palay kenging sabaraha atuh penghasilan teh dugi ka kitu. Teh elly, kuring ge kapeung-kapeung mindeng siga kitu (lieur pan, ongkoh kapeung ongkoh mindeng).

Re: [Urang Sunda] Urang sunda kamarana atuh????

2006-12-15 Terurut Topik Suteja Amijaya
_ Taaahh... sok, ngaraku anu ka budakna ngajarkeunna make basa Indonesia.. Kuring ge ngajarkeun BI ka budak. Lain nanaon, nya meh bisa ngobrol we jeung babaturannana boh di sakola boh jeung anak tatangga. Tapi BS ge diajarkeun. Jadi sapopoe teh bilingual we. Ngan anu tara teh ngawarah sunda

Re: [Urang Sunda] rek nepi ka iraha? --- ungkluk

2006-12-15 Terurut Topik Suteja Amijaya
mun di lembur kuring - heuheu, siga RM- teuing kumaha bet ngaharib-harib ka bangsaning sato jaman kapi emang = gongli alias bagong lieur jaman uing = ucing gering jaman adi uing = hayam ceuk ba2turan van galuh = sengseong (sabangsa lauk kituw?)

Re: [Urang Sunda] Naha bener kitu???

2006-12-12 Terurut Topik Suteja Amijaya
TIDAK BOLEH DIKONSUMSI oleh siapapun dalam wilayah hukum Republik Indonesia lamun didagangkeun mah pek bae huah hah ha HOAX eta mah kang Asep.

Re: [Urang Sunda] Ubar Anti Mabok

2006-12-10 Terurut Topik Suteja Amijaya
huah ha haaa hh nuhun teh ro2. ti isuk samutut murukusunu, kaubaran tah ku anti mabok...

Re: [Urang Sunda] baraya Kusnet di Cupumanik

2006-12-07 Terurut Topik Suteja Amijaya
Langganan geura Kang, supados angger nampi unggal sasih teu kakantun.Tibatan ngagosip nu nyandung... Ngga. Puguh tos lami gaduh niat hoyong nyandung teh. Haha... Nuju milarian rencang. Margi asa teu aya agen Cupumanik teh di Cikarang mah. Asa karagok, piraku unggal sasih aya paket

Re: [Urang Sunda] Chatting dengan Aa Gym tentang POLIGAMI

2006-12-07 Terurut Topik Suteja Amijaya
sorry kalo dah pernah... pernah kang. satu jam yang laluh asa mindeng si akang ieu mah pupuntenan siga kieu teh. tara sungkab singkab heula nya ? kakakak... _

Re: [Urang Sunda] Hurup Vokal Nangtukeun Gede jeung Leutik

2006-12-07 Terurut Topik Suteja Amijaya
cakakak cikikik ngadangkak ngadungkuk ngadengkek burusut bereset lagadar = di cimahi _

Re: [Urang Sunda] Agama = Matematik?

2006-12-07 Terurut Topik Suteja Amijaya
aya deui 2 x 3 = 2 rewu rupia 4 x 6 = 3 rewu rupia ukuran poskar mah hilap deui hargana. haha.__

[Urang Sunda] lowongan padamelan

2006-12-06 Terurut Topik Suteja Amijaya
Haturan ka sadayana, Simkuring damel di pausahaan press gagaduhan urang jepun. Anu didamel teh nyaeta komponen otomotip -90% roda opat-. Pokona ladang kesang kuring spk aya dina kalolobaan mobil nu tinggeleser di RI, ti kawit SUV, MPV, treuk 2T dugi ka treuk badag. Atuh eksporna kaetang lumayan

Re: [Urang Sunda] sato sanesna

2006-12-06 Terurut Topik Suteja Amijaya
Kotok (hayam) Dicekel huluna morojol bujurna dicekel bujurna macok huluna sakandang jeung papada kotok jalu silih pacok sakandang jeung kotok bikang nyengcle bari kongkorongok handaruan tumaros. sok aya babasan miyuni hayam kabiri, naon maksadna? hatur nuhun, teja

Re: [Urang Sunda] baraya Kusnet di Cupumanik

2006-12-06 Terurut Topik Suteja Amijaya
teh ika, dina cupumanik onlen mah teu aya nya? halah, kedah ngahagalkeun meser pami kitu mah. tur nuhun, teja (tara ngagosip tara nyandung)

Re: [Urang Sunda] sato sanesna

2006-12-06 Terurut Topik Suteja Amijaya
miyuni hayam kabiri teh hartosna :jalma anu epes meer, gampang elehan,euweuh kawani, borangan ... apan biasana anu dikabiri mah awakna sok ngabadagan. Naha ongkoh badag tapi elehan?

Re: [Urang Sunda] Van der Dog

2006-12-05 Terurut Topik Suteja Amijaya
nuhun kang mh, nyecep pisan karasana. nu tadi pagalo teuing naon mireng nu cawokah gibah, tiis sanggeusna kaletakan ku si eta van der dog. aeh, punten OOT : dupi ka kuncen pabukon di SKJ kapi naon ? Mun teu lepat, eta teh baraya kuring ti Majasari Cibiuk. baktos, Teja

Re: [Urang Sunda] Van der Dog

2006-12-05 Terurut Topik Suteja Amijaya
geuning aya urang cibiuk, sambel cibiukna aya keneh kitu? Aya keneh kang, malah tambah 'ngabeledag' seuhahna teh. RM nu husus nyadiakeun eta sambel balatak. Malah ayeuna mah tos resmi jadi bisnis waralaba http://www.waralaba.com/cibiuk. Bilih bade muka cabang di Malaya ? Baktos, Teja

Re: [Urang Sunda] FW: safety first untuk serangan stroke]

2006-12-05 Terurut Topik Suteja Amijaya
Manawi aya dokter atanapi mantuna dokter. Leres kitu ieu inpo teh, atawa ukur hoHOAXX wungkul? Emut kana segitiga pengaman gempa tea, hanas we diandel jaba disalabarkeun. Ari pek teh.

Re: [Urang Sunda] ngawayuh (Jagalah Hati,lagu baru!)

2006-12-04 Terurut Topik Suteja Amijaya
Sabab, bisa bae, misalna, kulawarga anu nandangan mah biasa2 bae, bisa narima, ari ieu kalah hayoh bae diojok2 ku nu sejen. Make jeung disebut moal bisa tengtrem, pasti nyeri hate, teu asup logika nu dicandung bisa narima, jsb. Di pakulian uing aya nu digawena teh bebeakan pisan. Indit jam 6 isuk

Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Re: Fwd: taeun

2006-12-04 Terurut Topik Suteja Amijaya
uing oge nanya, naon anu didaharna? sangu.kumaha we ilaharna urang RI ka pns anu ngarasa bersih...cik omean geuing babaturan ilaing Ari ceuk uing mah boro2 pns, swasta ge sarua we.Dalah anu gawe di masjid oge can tangtu beresih luar jero.Kumaha urangna meureun. Kang yuliadi pernah ningali aya

Re: [Urang Sunda] ngawayuh (Jagalah Hati,lagu baru!)

2006-12-03 Terurut Topik Suteja Amijaya
uing mah henteu sanggup! tapi keukeuh hayang nyandung euy! ;D kang ndud, kumaha rek nyandung atuh. pan nu kahijina ge can aya. matak, tong waka mikiran nyandung,kawin we heula. sing inget : cukup hiji. hiji di smd hiji di bgr. kakakak

[Urang Sunda] AHLI ROKET AS ASAL CIREBON

2006-12-01 Terurut Topik Suteja Amijaya
teu kahaja manggihan warta di handap.edun euy.US jadi ahli roket.urangkadugede kuningan gawe di cikokol. kapi naon nya kang ndoell?? http://www.angkasa-online.com/09/12/cakra/cakra2.htm Seorang ahli propulsi roket dari perusahaan Thiokol, negara bagian Utah, AS, DR. Ken Laheru, Agustus 1999

Re: [Urang Sunda] ngawayuh

2006-12-01 Terurut Topik Suteja Amijaya
miluan ah... ngawayuh : moal (teu diniatan) tapi lamun aya nu maksa mah duka ketang heuheu..

Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Fwd: Basa Sunda Tereh Tumpur?

2006-11-30 Terurut Topik Suteja Amijaya
undak unduk basa ulah pati teuing di elu elukeun.. moal atuh kang agus. di batawi di elu elukeun soteh. di bandung mah di sia siakeun. heuheu...

Re: [Urang Sunda] hai kenalin dong

2006-11-30 Terurut Topik Suteja Amijaya
heuheuy deuh... sok we sakantenan ka lebet. nelepun salah sambung ge sok aya nu terus ngajodo. jangan benci bilang cinta kang dadang kang dadang kitu cenah. punten ah ,_._,___

Re: [Urang Sunda] Pipa Gas Porong

2006-11-24 Terurut Topik Suteja Amijaya
Asgar mah mun teu jadi besan Cendana, jadi minantuna . Indra Rukmana tea Cenah mah mantuna Ceu Mega oge Asgar keneh. Tukang kiridit, tasik keneh.Mun soal kurupuk urang cikoneng,Bubur kacang ijo urang kuningan (duka kacamatan naon) Urang tutugan gunung Haruman, ti mimiti

Re: [Urang Sunda] Pangubaran Alternatif

2006-11-24 Terurut Topik Suteja Amijaya
__ dari bandung ke arah garut lewat nagrek, trs di daerah Leles ( tanya ke tukang ojek tempat P Sudirja ahli pengobatan), tempatnya sih deket candi cangkuang garut Muhun kitu alamatna mah. Ti Bandung atw ti Jkt naek angkutan jurusan Garut. Palebah alun2 Leles, jleng we turun cara bush. Ti dinya

Re: [Urang Sunda] Syiah vs Sunni+Paham Pluralisme

2006-11-24 Terurut Topik Suteja Amijaya
ngiring ngarewong... perkawis sunni,syiah pluralisme adek teu nya kana urusan jilbab? Ah kajeun ketang teu adek oge. Ngan *Teh Amin* ieu teh mun teu lepat mah kalebetkeun kana golongan anu cadu nganggo jilbab,komo cadar,komo burka

Re: Surat-surat ti Internet ([Urang Sunda] Re: Perkara Media Citak Sunda)

2006-11-24 Terurut Topik Suteja Amijaya
Aya hal ganjelan di diri kuring pribadi, kuring teh beuki dieu beuki ngarasa geus umuran, komo sanggeus sok aya nu nyebut Ua Iun -nenehna tina Ua Pangsiun..he he-, bisi pikiran kuring geus teu pati ditarima ku barudak ngora.. Puguh dina implengan abdi mah : Nu kieu yeuh nu disebut Ua Gaul teh

Re: [Urang Sunda] TAPA: SUMANGET KAUM AHNAF KEUR JAYANA SUNDA (4)

2006-11-18 Terurut Topik Suteja Amijaya
dina bagbagan ibadah, ceuk ajengan saurna dibagi kana 4 tingkatan Tah kumaha ayeuna urang geus nepi ka mana ? lamun geus 'nepi' mah berarti nu samemehna tos kaliwatan nyah ? Jadi mun kuring bisa ngahontal HAKEKAT, syareat mah teu kosi dilakonan deui, kitu ? kuring mah ibadah teh lamun ceuk si

Re: [Urang Sunda] Kapal Ferry

2006-11-17 Terurut Topik Suteja Amijaya
kapal kaduruk saurna mah kang,aya dina PR dinten ieu : KMP Lampung Terbakar di Merak Seluruh Kendaraan di Dalam Kapal Hangus MERAK, (PR).- Kapal Motor Penumpang (KMP) Lampung yang akan bersandar di Pelabuhan Merak, Kota Cilegon, Provinsi Banten, Kamis (16/11), sekira pukul 9.30 WIB terbakar.

Re: [Urang Sunda] Nu parantos Konfrimasi ngiring HBH Kusnet 2006

2006-10-18 Terurut Topik suteja amijaya
Punten leuir pisan, tadina mah mandeg mayong pedah dina poean eta teh aya kasud rek sukuran ngeureut budak. === FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 20064~5 Nopember 2006Bade Ngiringan : Nami : Suteja AmijayaPadumukan : Cikarang,

Re: [Urang Sunda] Surat untuk Dalang Asep Sunandar

2006-03-27 Terurut Topik suteja amijaya
ngiringan ah...[manawi can bari] uing ge satuju pisan kana pamadegan2 akang2 anu tos diposting.tapi di rorompok, jikan uing asalna mah tara pisan daekeun lalajo-cacak ngabandungan dina radio tawa kaset ge sok langsung dipareuman- pas kawenehan mah ningali asep-cepot-tpi lan buta nyaanan

Re: [Urang Sunda] AYA NAON ANTARA DEWA 19 SARENG YAHUDI..????

2006-02-22 Terurut Topik suteja amijaya
sapuk sareng teh maria, enyaan bisaan tah jang dani, make bisa ngareka-reka simbol yahudi siga kitu. tapi kang hery leuwih jago, nepi ka bisa neuleuman sakitu imeutna. uing ge asana sababaraha kali meunang ingfo ieu teh. manawi teh sanes hasil panyarungsum kang hery. ngan hanjakal teu