>> Juringkang si Jay hudang, tuluy leumpang ka beh kulon..Langit beuki
ceudeum, hujan pras pris maseuhan alam.
_,_._,___

Karek sababaraha lengkah, panon si Jay nu belo-beureum-ceuleuyeu ngadadak
buringas nempo tukang bajigur nu keur ngiuhan di tepas imah kang Ma'mur.
Solontod nyampeurkeun.
"Cik mang menta bajigur sing tegep," bari leungeunna hideng ngarawel boled.
Camuil bangun ni'mat naker.
"Boga korek, mang?" Leungeunna capa-cipi ngodokan pesak nu geus puguh kopong
ti mangkukna oge. Si mamang surti ningali beungeut celong hareupeunana beuki
sepa. Lebah deui mah akting si Jay geus manjing piala Citra jigana, nepikeun
ka si mamang oge kadeoh. Sor ngasongkeun paneker jeung jarum coklat
sabungkus.
"Wah nyaan yeuh di dinya pengertian pisan. Kapal api dari tiongkok. Minta
api dikasih rokok. Ngan ulah loba teuing ah, bisi pajarkeun majeg. Bagi dua
we nya. Di dieu mah genep batang ge cukup. Tah sesana jang didinya. Kop tah
tilu batang deui, bae bungkusna mah bonus. Uing mah aya keneh cangkang menak
jinggo pamahugi ti ceu Upit," ceuk si Jay api-api teu nolih ka si mang Juha
tukang bajigur nu colohok mata simeuteun.
Boled dua guruntul gede dipalidkeun ku bajigur tilu gelas, piraku we teu
wareg. Lain ge si Jay lamun teu kandel kulit beungeut.
"Mang, bisi pajarkeun kuring karung bolong kandel kulit beuteung nu hese
seubeuh. Nyaneut mah cukup sakitu ge. Cuci mulutna mah ieu weh katimus jeung
bakecrot. Hese mang neangan pamuda intelek siga kuring nu beuki keneh kana
kadaharan tradisional." Kekepruk, tapi barang rek jung ngaleos, mang Juha
rikat newak leungeun si Jay.
"Patlas rebueun tambah roko satengah," ceuk Mang Juha anteb.
"Mang, tadi ceuk kuring teh menta bajigur. Atuh eta lalawuhna nya wajar we
da nginum teh kudu aya palidkeuneunana. Sedeng eta roko, na saha nu
ngasongkeun. Tadi na ge nyampeurkeun teh bane we haat ka di dinya. Bisi teu
apal, ieu teh buruan imahna kang Ujang Ma'mur. Apal teu naon hartina ma'mur?
Mamad murukusunu ! Kurang-kurangna hade milik mah beak tanggungan akang
disasaak kang Ujang Ma'mur. Kabeneran kuring mah diambeuan keneh ku manehna.
Moal sieun kumaonam lah pokona ah" si Jay beak dengkak ngolo mang Juha.
Deuleu etah, pirage melaan bajigur jeung hui boled tangka kudu dedengkakan
sagala.
"Paduli aing mah. Bayar burukeun, rek muru haneuteun di kampung Babakan!"
Si Jay mimiti humar hemir. Komo ningali leungeun mang Juha siga rek ngalaan
awi pananggung.
"Buru siah, silaing teu apal ka dewek? Memeh dagang bajigur teh aing geus
katelah tukang tarok. Tadi isuk ge geus lima hulu dipapas".
Puguh we bujur ipis si Jay beuki rerempodan.
Bari luwa lewe si Jay humalengis,"Mang, kieu we atuh. Nu tadi pasti bakal
dibayar ku kuring. Bisi teu percaya, yeuh cepengan dompet kuring pikeun
tandon." Dompet lecek nu eusina ngan ukur katepe sementara katambah kartu
mahasiswa ti Agogo alias Akademi Gobang Gocir di asongkeun ka Mang Juha.
Sareret ge katingali ku mang Juha eta dompet euweuh eusian.
"Teu butuh ku dompet aing mah. Buru siah bayar, bisi dibabuk. Jaba engke
dilaporkeun ka pa Babinsa".
Beungeut si Jay beuki sepa. Leng uteukna mikir. Naha barter wae kitu. Tapi
kumaha lamun eta bebengok tukang bajigur teh menta dipangnanggungkeun nepi
ka Babakan. Mangkaning kudu ngaliwatan heula Warungpeuteuy, aya Ai Patonah
nu herang mencrang. Laju ka Pasanggrahan aya teh Ani lanceukna Ira
Puspa tatangga kos di Bandung. Memeh Babakan kudu meuntas heula Kiaralawang.
Heug di ditu aya Puji Maharani nu mindeng dicetrakan mun pareng ngaliwat
tumpak delman.
Tetela nyieun pucuk ti girang di alam nyata beda jeung di dunya maya.
Ngaliwatan surelek mah, lung taleus ateul, kerelep weh. Moal aya nu
nganyahoankeun. Keun we ketang dina ayana ge, pasti neng Elly nu digerewek.
Top we lah, bongan atuh nampik sapajodogan. Geus kabayang weh : RAHASIA
ILAHI - DIPIKACEUCEB WARGA KUSNET ALATAN TIDEUHA NOLAK TRESNA.
Teu kebat lamunan si Jay ningali panon mang Juha beuki mureleng.
Untung aya Ma Onih jeung incuna nyampeurkeun. Pesen bajigur dibungkus. Tilu
bungkus cenah.
Sabot Mang Juha paciweuh, si Jay nguliwed, gorobas, berebet lumpat teu nolih
tincakeun. Malah teu inget meueus meueus acan yen eta jalan teh brasna ka
astana gede. Astana, anu karek katingali ti jauh ge si Jay geus langsung
muriding sa awak-awak.

Kirim email ke