Waalaikum salam wr wb.
 
Ayeuna urang sadaya nuju prihatin, loba masalah nu tangtuna ngabutuhkeun pikiran, tanaga jeung tarekahan. Tinggalkeun we lah urusan nu samodel sawer kitu mah. Urang sasarengan fokus kumaha mere kamaslahatan ka US/TS mun katanagaan mah ka kabeh bangsa Indonesia. Atuh kaleresan bade mayunan sasih shaum, nya urang silih hampura jeung mugi dipasihan kasempetan ngajalankeun jeung namatkeun shaum. Amin.
 
Hiji deui, omat ulah ninggalkeun bakus, baeud, pundung, epes meer mah sanes ciri US, kitu sanes?
 
cag ah.
salam
JP

Didi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalaamu'alaikum wa rahmatullaahi wa barakaatuh

Kaparawargi BAKUS katut sadaya ais pangampih pleus para kuncen sadayana, Aya
paripaos cenah mah jalma mah goreng ku omong hade ku omong, tah ku kituna
sim kuring nyuhunkeun dihapunten neda di hampura rehna parantos
ngagujrudkeun ieu lembur. Mugia sadayana tiasa jembar manah ngahampura ka
jisim abdi.

Ka kuncen oge wargi nu parantos ngelingan ka abdi hatur nuhun kana
panggarewahna, kana pangelingna. Saleresna mah abdi teh hemeng bin heran
waktos maca eta seratan, kumargi abdi panasaran hoyang terang naha leres eta
seratan teh aya dikieuna atanapi heunteu, janten langsung wae ku abdi
diposting ka lembur. Rumaos abdi lepat, rumaos abdi sologoto, gagabah,
kedahna mah diawal serelek diserat "Naha ieu teh leres teu"

Kang Mang Jamal hatur nuhun kana bahasanana anu panjang lebar bin ngambay
ngacay, tapi duka teuing kuring nu bodo atanapi teu acan ngadahar Es dua
(dua naonnya dua treuk atawa dua balok?; ceuk indung kuring mah tong
loba-loba teuing dahar Es bisi mplu bin pilek), tetep bahasan eta teu
kaharti ( meureun lain konsumsi kuring). Sakali deui hatur nuhun.

Tah sakitu wae samemeh urang puasa Rhamadhan, urang silih hampura. hampura
kuring.

Wassalam & Best Regards
Kang Didi


Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke