Baraya,
Masih keneh perkara kuesioner tea, urang sambung deui. Sanggeus ngayakeun gerakan panggero bari gagaro, urang teruskeun ku ngadago. Keun wae saminggu mah, urang camperego ngadagoan respon sanesna. Engke urang dongengkeun kumaha hasilna.

Kanggo baraya, nu masih keneh seueur kahariwang. Tong hariwang, tong honcewang, sok we lakadalah kedalkeun unek-unekna, ngarah ngemplong. Keun wae salah sautak saeutik wae mah. Geuning nalika urang diajar naek sapedah, sok mindeng tigebrus. Malah bincurang jeung tarang oge sok nepi ka nongnong buncunur. Tapi teu ieuh kapok, terekel deui, terekel deui. Da hayang bisa tea. Tah anggap we panggeuing ti baraya ka baraya teh, jiga tigebrus dajar naek sapedah.

Jigana aya sababaraha tinimbangan kunaon pangna panggeuing ti baraya ku baraya teh teu ngaliwatan japri. Diantarana supaya panggeuing teh, dijadikeun bahan diajar oge pikeun baraya sanesna. Eta cenah niru gerakan "one to many" tea, apan leuwih efektif ti japri anu ngan  ukur "one to one". 

Sok diantosan komentarna, ieu patarosanana:

"Numutkeun pangalaman pribadi baraya sadayana, naha leres yen basa Sunda teh hese?"
 
Pituduh: Pikeun jawabana, lengkepan ku opini nyalira. Upama leres hese  naon hujahna? Upama ah heunteu hese cenah, kumaha alesanana?


Baktos,
MH
                                             
------------------
Responden

Pangdago 1
27. kang maman
28. yosep hania
29. engkus ruswana
30. mia
---------------------
1. kuring (mh)
2. joko tingkir
3. kumincir
4. durahman
5. boim
6. hasan supriadi
7. cecep wahyu
8. puspita w.
9. msasmita
10. rahman
11. indung peuting
12. asep subandi
13. tito suryana
14. oman abdurahman
15. dudi herlianto
16. nenny nenden
17. ujang kemod
18. ikmal
19. aqis fairuz
20. roni suarsa
21. deny suwarja
22. rahdiani nurulaini
23. miih
24. tarawadul
25. runa irawan
26. yudi rosandi
------------------------


mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Barayaaa!
  Ngahaja make a tilu kali, maksudna mah ngagorowok. Ngarah sorana nepi ti hilir ka girang. Hehehe. Urang neruskeun kuesioner tea.
 
  Numutkeun 'sensus' ka opat wewengkon milis (kisunda@yahoogroups.com,  urangsunda@yahoogroups.com, baraya_sunda@yahoogroups.com, jeung  [EMAIL PROTECTED]), geuning wargana teh lumayan gereyek.  Jumlah-jamleh aya kana 2700 jalmi. Tangtuna oge loba duplikasina, sabab  loba nu miluan leuwih ti hiji milis. Upama dicokot puratana, aya 675.  Tapi tina anggota nu ngaratus teh, karek aya 26 jalmi nu ngarespon kana  kuesioner. Jadi masih keneh acan bisa kakobet kumaha gambaran kaayaan  basa sunda ceuk pinuturnajeung ahliwarisna sorangan.
 
  Sakali deui kuring umajak, kum we ka sadayana. Utamana ka baraya no  salami ieu nembe resep noong, sabab cenah sieun salah nyariosna, sieun  dicawad tea, sieun itu tea. Ayeuna mah tong sieun-sieun, mangga wae  balakakeun, da moal digeunggeureuhkeun ieuh.
 
  Kitu deui ka para sesepuh, asana jawaban ti aranjeuna bakal tiasa  nambihan pangdeudeul kana kumaha bule-hideungan basa Sunda teh. Cing  mangga geura pedar kumaha pamendakna.
 
  Tah ieu patarosanana: "Numutkeun pangalaman pribadi baraya sadayana, naha leres yen basa Sunda teh hese?"
 
  Pituduh: Pikeun jawabana, lengkepan ku opini nyalira. Upama leres hese  naon hujahna? Upama ah heunteu hese cenah, kumaha alesanana?
 
  Jawaban kana ieu pananya teh,  asana lumayan penting. Sugan wae bisa dijadikeun bahan tinimbangan ka  para guru, para panalungtik, para inohong pikeun nyiar tarekah kudu  kumaha ngamekarkeun basa Sunda teh.
 
  Baktos,
  MH
 
  Catetan:
  Daftar rsponden nu tos lebet
  1. kuring (mh)
  2. joko tingkir
  3. kumincir
  4. durahman
  5. boim
  6. hasan supriadi
  7. cecep wahyu
  8. puspita w.
  9. msasmita
  10. rahman
  11. indung peuting
  12. asep subandi
  13. tito suryana
  14. oman abdurahman
  15. dudi herlianto
  16. nenny nenden
  17. ujang kemod
  18. ikmal
  19. aqis fairuz
  20. roni suarsa
  21. deny suwarja
  22. rahdiani nurulaini
  23. miih
  24. tarawadul
  25. runa irawan
  26. yudi rosandi
 
 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                 
---------------------------------
Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Gifts at Yahoo! Shopping

[Non-text portions of this message have been removed]




=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Personals
Let fate take it's course directly to your email.
See who's waiting for you Yahoo! Personals

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke