Ngiring nambihan
 
Kacapi suling mangrupa instrumen musik kacapi sareng suling kanggo mirig kawih atanapi tembang,  tiasa  tembang sunda cianjuran atanapi kawih kawih sunda lain sapertos kakawihan mang koko, oge kawih pop sunda
 
Tembang sunda cianjuran di bawakeunana teh dua rupa, ngawitan mamaos diteraskeun ku panambih,  mamaos = tembang nu teu aya ketukanana , ari panambih mah nya kakawihan biasa 
 
Tina mamaos kana kawih panambih biasana mah aya pakemna atawa setelannana, mamaos sareng kawih panambih laguna klasik
 
Degung magrupa instrumental musik kenong goong,kendang jeung nu sanesna, osok dipake mirig kawih pop sunda atanapi tembang cianjuran, lamun seug mawakeun tembang cianjuran utamana nu dikawihkeun teh kawih panambih, ari mamaos mah teu pantes di pirig ku degung
 
-hepi-
kapungkur sok ngacapi
----- Original Message -----
From: kang boim
Sent: Wednesday, December 07, 2005 3:27 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] cianjuran jeung kacapi suling (elmu anyar)

Punten ah...
sakedik nambihan, sigana bedana antara kacapi suling jeung cianjuran teh dina lagam atawa wirahma na ari kacapi suling mah lagam na teh ngaharib-harib kana rasa gumbira jeung alat musikna ku kacapi rincik jeung suling (kadang teu make suling ge tos genaheun) jiga lagu anggrek japati jrrd. Lamun tembang cianjuran mah lagam atawa wirahmana teh melas melis loba cekokanana (naon nya istilahna teh) jeung sok ngagambarkeun gerentes eusining hate, ari pamirig tembang cianjuran mah ku kacapi indung jeung kacapi rincik panerusna + suling (mun teu salah mah sulingna oge khusus).
punten ah ieu mah rada ngacapruk jeung sabulang bentor, maklum sanes ahlina ukur resep jeung reueus kana kasenian sunda...heheh (nya ari nakol goong bae mah insya Allah...heheh)

Cag...ah, nuhun.

"kudjangs kembar"
(urut tukang goong)

On 12/7/05, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun mang Oman,
 
nambahan elmu kuring yeuh, (salah sahiji kauntungan cicing di bakus).
Mang, sakitu ge ceuk kuring mah eMang teh ahli he he he he...
 

Ngeunaan bebedaan sejenna (jumlah alat musik, cara maenkeunana, wirahma lagu, jst). sumangga anu ahlina dihaturanan sumbang pamadeganana.
 
baktos,
manAR 
 




--
"keindahan dan kekejaman,
mengapa keduanya itu sering bergandengan dan kawin?"
(burung-burung manyar, yb. mangunwijaya)

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke