Assalmu’alaikum Wr, Wb.
 
Sampuranun....
Kumaha arandika wargi Bakus? Daramang? Mugi-mugi bae sing daramang, salamina aya dina nik’mat sehat oge nik’mat iman.. Amin ya robbal alamin....
 
Wargi sadayana,
Salah sahiji kaputusan rapat DES di Kebon Raya, Bogor, urang rek ngadegkeun koperasi. Ngaranna Koperasi Amanah Sunda -- disinget KAS. Kaula ditunjuk salaku koordinatorna -- lain pangurus, da pangurus mah engke dipilih ku anggota.
 
Tah, salaku koordinator, kaula rek nohonan naon-naon nu ti heula dijangjikeun: Muka rekening pikeun panampungan calon anggota, saencan eta koperasi boga rekening sorangan. Oge, nyieun polling pikeun nangtukeun sabaraha kuduna simpenan poko jeung simpenan wajib eta koperasi.
 
Saha nu arek jadi anggota, sok kirimkeun simpenan wajib jeung simpenan pokona ka :
 
BCA KCP Percetakan Negara
No. 7420092037
a/n MAMAN GANTRA
 
Dumasar kana polling, gedena simpenan poko Rp 1.000.000 (Sayuta), bisa dicicil salila 10 bulan. Anapon simpenan wajib Rp 50.000 (Lima puluh rebu) sabulan. Jadi, sing saha nu hayang jadi anggota, dina 10 bulan kahiji mah setorna teh Rp 150.000 (cicilan simpenan poko jeung setoran simpenan wajib). Simpenan sukarela mah nya saridona. Rek sabaraha oge meunang.
 
Sing sakur nu setor atawa transfer ulah poho ngaemail ka kaula, nu di-cc-keun ka Kang Runa, bari nyebutkeun bukti setor, jumlah, tanggal, ngaran, jeung bank tempat ngirimna.
 
Satadina mah rek nyieun rekening bersama. Tapi, ku alatan perkara administrasi, oge waktu, eta rekening bersama (nu oge sipatna sementara) teh can bisa keneh dijieun. Ahirna kuring nginjeum rekening salah sahiji pangurus Yayasan Perceka (Kang Maman Gantra).
 
Insya Allah, kahareup, di mana anggotana geus jelas saha-sahana, oge pangurus jeung kumaha ketakna, KAS bakal nyieun rekening nu maneuh. Ieu mah saheulaanan bae. Sementara. Pan, peminat atawa nu boga karep kana ieu koperasi ge ayeuna mah can puguh saha-sahana. Malah, can puguh aya heunteuna.
 
Keur ngajaga hal-hal nu teu dipiharep, buku jeung kartu ATM eta rekening teh dicekel ku kaula. Satadina mah rek dipihapekeun ka salah sahiji inohong, sangkan leuwih aman. Tapi, bisi nyesahkeun anjeunna. Saheulaanan mah siga kieu bae. Pan, kaula ge teu bisa nyokot eta duit.
 
Tina wangkongan dina DES, kumaha ketakna ieu KAS geus disabit-sabit. Tapi, nu ngaranna koperasi, nya kumaha anggota bae. Dina hal ieu, DES atawa YP ngan saukur jadi fasilitator. Ngan, pikeun gambaran, alatan anggotana teu ngagunduk di hiji tempat atawa wilayah administrasi, ieu koperasi teh sipatna koperasi primer. Saheulaanan usahana dina simpan pinjam, nu prak-prakannana bakal dipatotoskeun ku anggota atawa pangurusna.  
  
Sakitu anu kapihatur
 
Salam Baktos
Agus Pakusarakan


NB : 1. Formulir sareng  Waleran  asupan koperasi ti kang jalak terlampir
2. kanu ngeusian pooling di kintung japri oge


------------------------------------------------------------------------
Agus Kurniawan (PAKUSARAKAN)
hp 08128377662
--------------------
PT. Smarthub Technologies
Gedung raudha Lt 1 Blok A - 1
Jl. Terusan Hr Rasuna Said No. 21
tlp 021 5279909 fax 021 5279908
Jakarta Selatan
Http://www.smarthubtech.com


Yahoo! Personals
Single? There's someone we'd like you to meet.
Lots of someones, actually. Try Yahoo! Personals

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke