Punten bade ngiring ngeusian .. manawi aya manfaatna kangge balarea
 
* Wasta: Tatang Abdul Madjid Sariman
* Nenehna: Tatang, sapalih nyebat Pa tams.
* Alamat/ID di alam maya (pami aya, YM, alamat surelek/e-mail, ramatloka/website, jsb.):
   Email : [EMAIL PROTECTED]
   YM na : 
   Website :
* TTL: Tasikmalaya, 05 Juni 1952
* Kawit: Kampung Neglasari, Desa Burujul Jaya, Kacamatan Cibalong.
* Padamelan: Kantos jadi tukang Kompor, luper barang ka toko-toko, K-5, Peneliti, Asisten Dosen, sareng Dosen Pascasarjana.
* Kasang tukang atikan & bibit buit:
   Pun Biang: Hj. Ratna Rokayah Bt. Rumaedi  (asli urang Cilangsa, anu ayeuna janten kampung Neglasari). Pun Bapa: Oon Sariman (urang Desa Cikeusal, Kacamatan Singaparna / Sukapura, KabupatenTasikmalaya. 

Ieu mah pikeun ngabantu kana jejer lalakonna, teu langkung ari guluyurna mah:
* cukang lantaran ngumbara    
   * geus sabaraha lila ngumbara
* aktivitas/kagiatan

Ngawitan ngumbara teh ti kawit umur 12 tahun sakola SMPN Karangnunggal
margi pun lanceuk oge sakolana di dinya. Pun lanceuk neraskeun ka SPG di Tasikmalaya, atuh kuring oge ngiring, ngalih lebet ka SMPN IV. Pun lanceuk kenging ikatan dinas calon Guru SD. Kami ngontrak di daerah Pabrik Es
caket ka Alun-alun sakola kuring oge ka Dadaha sakola pun lanceuk.
Karunya kanu janten kolot pun biang anu ngan saukur guru SD, pun bapa tatanen.Kuring budak katilu ti 12 , tapi nu aya dugi danget ieu mung 8 dulur 4 kuren saindung sabapa. Waktu di SMPN IV eta kuring ngabantu jadi tukang kompor, sarupaning ngecetna, blaner ngabolongan ku paku panutup sakuriling sumbu kompor. Lumayan tara menta bekel sareng iuran ka lembur. Mung teu lana kabujeng pun lanceuk anu cikal anu ngumbara di Bandung menta kuring ngabantu dagang ngirimkeun barang ka toko-toko di Bandung. Jadi sakola oge ngalih deui ka SMPN VI di Jln Kebon Jati,tilas sakola Chung Hua ayeuna janten SMU Pasundan. Kuring bari isuk-isuk sakola, pasosore malah dugi ka wengi kukurilingan kota Bandung nganteu-nganteur barang.Tamat SMP diteruskeun ka SMEAN di payuneun Balekota Braga. Hanjelu kusabab pun lanceuk samporet biaya, mung 6 sasih, kuring balik ka kampung deui. Ngantos 8 sasih di kampung ngabantuan pun bapa ngabedah (nyieun sawah) sateuacan neraskeun sakola ka SMEA Mitra Batik di Tasikmaya.Harita oge kuring jadi pedagang K-5, ngicalan Bako anu dunungan urang Garut. Dibiayaan ku sepuh mung 3 sasih, da berekah janten K-5 ti kawit bada subuh dugi jam 11 siang icalan ngampar di pinggir jln Rel pasar ageung Tasikmalaya. Bada lohor kuring leumpang ka sakola di parapatan Mitra Batik, payuneun Gedong Mitra Batik sejarah Koperasi Indonesia lahir di dinya. Tapi ayeun eta gedong geus jadi Super Market, SMEA payuneunana tos teu aya.Saatosna tamat ti SMEA Mitra Batik jurusan Tata Niaga 1972,  ku pun lanceuk anu di Bandung diajak deui babantu sapertos SMP deui, tapi kuring hayang gawe sorangan. Jadi bari ngabantu nu janten raka kuring ngalamar gawe ka instansi anu aya lowongan. Tapi teu lebet malih teu dipanggil-pangil acan. Sajeroning ngantos kuring ngabina usaha babarengan sareng sesepuh salembur di Gang Guan An Andir, Pa RW sareng padamel AURI. Kuring muka usaha "cleaning service" mangrupa nyemprot reungit, nyeungitan hotel-hotel. Kuring ngiklankeun ka lulusan STM pikeun jadi tukang nyemprot, lulusan sanesna tukang milarian calon pelanggan. Usaha jalan lancar mung 2 tahun, margi kabujeng aya surat edaran ti Dinas kasehatan kota DKK, yen usaha kitu teu resmi. Niat kuring hayang maju teu petot gontot kusabab sagala cocoba, bari "ngorder", milarian pelanggan ka toko-toko dikembangkeng dugi ka Cianjur, Garut, Tasikmalaya jeung Sukabumi. Sajeroning kitu kuring oge daftar kuliah ka FE UNPAD, alhamdulilah tahun 1976 lebet jurusan Pembangunan.Dasar milik tahun kahiji skrining lolos, tahun kadua kenging ikatan dinas ti PDK Pusat. Dagang terus teu ninggalkeun kuliah, 1978 Sarjan Muda lulus,cocoba sareng cocoba aya wae, kuring dua kali teu tiasa mayar uang kuliah sabab ti mimiti kuliah kuring mandiri ngontrak kamar di Jaln Rasdan 12,  ngaluarkeun biaya anu teu sakedik, beasiswa TID dibayar satahun 2 kali. Dekan FE UNPAD waktos harita Bapa Drs. Hassan Puradimadja, masihan kasempatan ulubiung di Fakultas. Kuring ditempatkeun jadi asisten peneliti di Divisi Penelitian LM FE UNPAD tahun 1979 dugi 1985.Sajeroning waktos eta kuring ngalalana ti kawit Sumatera, Jawa, Bali jeung NTB, nyaeta ku panalungtikan barang-barang kaluaran usaha kecil. sareng sajabina.
Tamat kuliah taun 1983 teras nganggur ngantos SK, aya kasempatan ngajar  (LB) di FE UNPAD. Sasih Desember 1985 kuring ditugaskeun jadi Dosen tetap di FE UNSRI Palembang, padahal SK Maret 1985. Kuring ngumbara ninggalkeun anak jeung pamajikan, dapuguh di Palembang teu disayogikeun
rumah dinas, mung Asrama Dosen. Tahun 1990 kuring neraskeun ka Pascasarjana UI bidang Kependudukan tamat 1993. Sajeroning kuliah di Salemba kuring satiap Jumat sore balik ka Bandung, sono ka pamajikan jeung barudak, Senen subuh parebut beus di Kebon Kalapa muru isuk-isuk kuliah. Palembang Bandung biasa satiap tengah semester, kadang-kadang tiap sasih. Tahun1993 ka Palembang deui, tugas jadi ngalobaan, salian di swasta Univ. IBA, Bina Darma, oge di Pascasarjana UNSRI program Ekonomi sareng Agribisnis.Kuring cape, nyoba-nyoba ngajukeun ngalih ka UNPAD, Dekan FE UNPAD 1997 Dr. H. Usman Hardi. ayeuna tos Prof. tugasna Janten PR IV, nampi kuring ulubiung deui di UNPAD, mung hanjelu UNSRI teu masihan lolos butuh, alesanana masih diperyogikeun.Kuring hampir prustasi kana nasib. Atuh dina hiji poe kuring nampi telepon ti Yayasan Bina Darma Padjadjaran, nawisan ngajar ekonomi di Malaysia.
Tahun 2000 kuring indit ka Msia dibarengan izin Rektor UNSRI rek S-3.
Kuring indit kalayan pasti ditarima gawe ngajar program UTM cawangan di Langkawi. Oktober 2001 kuring ditarima di USM program Ph.D Penyelidikan dugi kiwari can tamat keneh wae, dapuguh bari gawe keur ngabiayaan hirup di nagara batur jeung biaya sakola. Tilu tahun kuring nganjrek di Langkawi, bimbingan ka Pulo Pinang USM make Kapal laut atanapi Beus darat. Balik sono ka pamajikan jeung barudak kudu milihan tiket anu rada mirah, kenging ti Lapang Terbang Changi Singapur. Jadi sapeupeuting ari balik teh Langkawi Johor make Beus, Isuk-Isuk meuntas batas Singapur. Miosna oge kitu deui wae.Tahun 2003 Kampus tempat gawe kuring pindah ka Mantin Negeri Sembilan. Kuring teu paeh semanget sanajan umur tos teu ngora deui,
bimbingan terus tiap sasih, oge bulak-balik KLIA-Husen Sastranegara 
Bandung dua bulan sakali, ditulungan ku AirAsia langsung ka Bandung.
Sakitu pangalaman kuring ngumbara, mugi aya manfaatna, kanggo anu masih ragu-ragu bade ngumbara. Walohualam.

 


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke