Sampurasun para wargi......, kumaha daramang...??, mugi-mugi bae sadayana aya dina kawilujengan...., punten yeuh nembe tiasa ngulampreng deui.
Noong dina "data base"..... uluuuhhh geuning wargi Kusnet teh parantos nambih janten 1712 wargi..... Alhamdulillah puji sukur kanu Maha Agung.
Ninggali dina postingan anu kalangkung, tetela seueur anu milangkala,"Wilujeng milangkala" ka para wargi anu milangkala mugi salamina aya dina kucuran rakhmat Allah SWT., oge ka para wargi anu parantos kenging kasinugrahan dipaparin kapercantenan ku Allah SWT. kanggo ngamumule salah sawios "umatNa", sim abdi ngahaturkeun "Wilujeng", mugi eta titipan ti Allah SWT., sing janten jalmi anu sholeh/sholehah, taqwa ka Allah SWT., babakti ka Ibu sareng Ramana, tiasa ngajungjung darajat sepuh sareng dulur barayana...., Amiiinnn ya robbal alamiinnn.
Atuh ka wargi anu nembe kenging cocobi, sim abdi ngiring prihatin, mugi saderek sadaya diparin kakiatan dina nampi eta cocobi.
 
Alhamdulillah Halal Bi Halal II Kusnet 2005, parantos 18 dinten kalangkung kalayan salamet tur lancar, atuh anu sumping ngaluuhan ka eta acara HBH langkung euyeub ti acara HBH I Kusnet 2004 di Cimalati, embohna ; direkam sareng disiarkeun (sok sanaos mung ukur sajorelat) ku TV Megaswara ku yasana isteri cep Rudi/Pituin van Abu Dhabi, hatur nuhun !!!.
Sim abdi sakulawargi ngahaturkeun nuhun ka sadaya sugri para wargi anu parantos kersa rurumpaheun kersa sumping ngaluuhan eta acara HBH, teu hilap neda dihapunten tina samudaya kakirangan boh dina panampian, tuang leueutna pon kitu deui dina akamodasina, neda agung nya paralun, jembar hapunten anu kateda.
Teu hilap rewu-rewu nuhun ka cep Akos K. saparakanca anu parantos ti hot-hat tatahar kanggo ngayakeun eta acaran HBH, sok sanaos dina waktosna teu ku hanteu kenging tugas ka Malaysia.
Nya kitu deui ka cep Nanang/Ndoel sabage "care taker"/akting katua panitia sareng rengrengan panitia HBH anu parantos pakepuk ngayakeun eta acara HBH  sim abdi ngahaturkeun rewu-rewu nuhun, teu kakantun sim abdi ngahaturkeun rewu nuhun oge ka rombongan Cianjuran, rombongan tari Merak sareng tari Topeng, mugi Allah SWT. kersa ngalebetkeun eta kasaean janten hiji  amal shaleh, sampeureun jaga di akherat, Amiiinnn ya robbal alamin.....!!.
Salajengna, sim abdi miharep deui bantosan sareng kaikhlasan para wargi sadaya, kanggo ngayakeun acara Halal Bi Halal III Kusnet 2006, dupi tempat anu ku sim abdi di ancokeun teh teu aya sanes di Kab. Bogor, Kab. Bandung, Kab. Purwakarta sareng Kab. Subang, margina sanggem emutan sim abdi eta 4 Kabupaten teh, gampil/caket ti Bandung sareng sabudeureunana, oge ti Jabotabek sareng sabudeureunana.
Dupi ancer-ancer waktosna urang ancer-ancer bae dina ping 4 ~ 5 Nopember 2006, margina Boboran Siam 1427 H., nincak dina dinten Salasa + Rebo kaping 24 + 25 Oktober 2006.
Bilih bae kaleresan amengan sareng kulawargi atanapi tipausahaan jalan-jalan ka salah sawios Villa di eta wewengkon, punten pangninggalikeun pasilitas sareng pangnaroskeun waragad sewana, hatur nuhun sateu acanna.
Pamungkas, mugi dina HBH III Kusnet 2006 langkung seueur anu tiasa sumping.....
Wilujeng Patepang deui dina acara HBH anu bade dongkap, insya Allah......
 
Pihatur,
ssw
nyandang pancen
janten kuncen
nu ka 6
 
    
  


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke