On 1/10/06, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

65536 aksara ieu teh (namina BMP) dihususkeun kanggo aksara-aksara anu masih keneh "hirup", atanapi masih keneh aya pamakena. Aksara-aksara nu jarang dianggo, bakal ditempatkeun di 65536 slot kadua (SMP), katilu, jst. Di dieu urang peryogi ngabuktoskeun yen aksara Sunda masih aya pamakena: tiasa ku foto nami gedung, foto nami jalan, scan dokumen anu nganggo aksara Sunda, serat rekomendasi Gubernur, jsb.  

Ngeunaan dipakena aksara Sunda, di gedong2 pamarentahan di Bandung (teu kabeh), plang ngaranna aya nu make aksara Sunda. Di Jatinangor, aya gang nu plang ngaranna make aksara Sunda. Di Garut, aya hiji gedong nu nembongkeun aksara Sunda (najan salah). Di kota2 sanes oge, asana, aksara Sunda teh geus dipake. Ngan, mun tea merlukeun bukti mangrupa foto mah, sigana kudu ngeprak balad. Hehe... 

Urang oge ningali aya tanggapan positif ti pihak Unicode anu parantos nyayogikeun tempat kanggo aksara Sunda ieu ti sasih September 2005 kamari. Kantun urang masihan dukungan mangrupi informasi anu diperyogikeun, oge komunikasi + koordinasi nu sae. Insya Allah garapan ieu bakal laksana. Sim kuring ngusulkeun aya salah saurang di Tatar Sunda anu janten pimprona. Ambeh langkung tangginas. Kumargi sim kuring ti dieu mah mung tiasa kontak virtual wae atanapi ngalangkungan telepon.

Saupami bade ngajukeun pendanaan, anu peryogi diperhatoskeun panginten biaya komunikasi, konsultasi sareng para ahli, publikasi, sareng kanggo proyek-proyek tambihan samodel ngadamel prototip aksara Sunda versi Unicode + papan ketikna.

Ngeunaan pendanaan, kuring mah ngiring ngala batina we, heuheu...
 
isk


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke