Kaum Menak oge nu nyiptakeun etiket/ etika. Contona dina urusan dahar 
nu ceuk cenah mah para Menak Perancis anu "nyiptakeunana". Make 
sendok, garpu jeung rupa-rupa peso, rupa-rupa gelas nginum. Urusan 
dahar, lain wae urusan ngeusi beuteung, tapi geus jadi "upacara". 
Ayeuna, ciptaan para menak dina urusan dahar, diparake ku umumnya 
jelema sadunya. Urusan politik jeung bisnis, kadang-kadang 
babadamianana dina waktu dahar babarengan nu ceuk urang Bandung mah 
meureun "botram" tea.

Menak oge nyiptakeun cara "Berpakaian". Keur jaman Ratu Victoria di 
Inggris ( Uyutna Ratu Elizabeth, ratu Inggris ayeuna). Awewe kudu 
make papakean anu "sopan", alias sagala kudu katutupan. Jaman harita, 
taplak meja kudu ngagapuy kahandap, nutup suku meja. Saba suku meja 
anu katingali dianggap teu sopan, alias ...seksi bin rada porno.

Urang Sunda anu menak, nu pangheulana meunang didikan urang Kulon. 
Para Menak nu didik ku kaum penjajah ieu, anu akhirna ngamimitian 
boga kasadaran hayang merdeka. Gatot Mangkupraja, Oto Iskandardinata, 
Juanda jrrd sabenerna aranjeunna ti kalangan menak, sanes ti kalangan 
jalmi biasa.

Ceuk kuring mah urang Sunda boga "beungeut dua" dina masalah menak 
ieu. Embung disebut menak, tapi tatacara kaum menak ditarurutan. 
Contona dina upacara adat nikahkeun. Upacara adat nu dianggo, upacara 
adat ngawinkeun kaum menak. Menak ti mancanagara oge dipikaresep. 
Waktu Pangeran Charles jeung Lady Diana kawin, hawana karasa tepi ka 
urang, ti padagang di pasar tepi ka pagawe kantoran, ngobrolkeun 
kumaha "agungna" eta acara kawin menak Inggris teh. Kitu deui waktus 
acara ngurebkeun Lady Diana.

Heup heula ah ....ngacaprukna ....

Baktos,
WALUYA


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> ngabandungan pamairan ki dulur perkara ruwat sunda, tetela masih 
keneh
> baroga mental  uing mah lain menak. langsung masang identitas kelas 
cap
> bulu taneuh.  memang ti awal make bendera menak, sanajan dina 
ondangan
> acara teu aya, ngan make kecap wargi nu dina harti umum, kawargian,
> kulawarga hiji wewengkon nu katurunan menak.






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke