Mangga teh Nia, wilujeng ngadamel sambel ledok anu pedo.....

pun emme
----- Original Message -----
From: "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Tuesday, March 28, 2006 9:10 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] Saha anu hayang Sangu Tutug Oncom, 30 maret di
Garut?


> Teh Nila oge Apih siddik, haturnuhun pisan..keun ke insyaAlloh ku abdi
bade di praktekeun......
>
> Nia
>
> -----Original Message-----
> From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Behalf Of Nila Erma Agustini
> Sent: Monday, March 27, 2006 4:12 PM
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Subject: Re: [Urang Sunda] Saha anu hayang Sangu Tutug Oncom, 30 maret
> di Garut?
>
>
> Teh Nia,
> sambel ledok naon, tarasi atanapi sambel oncom?
>
> A.. upami sambel tarasi mah kieu (manawi teu lepat ieu resep ti pun nini
> teras diturunkeun ka pun biang) manawi kaanggo :
> Bahan :
> cengek (sacekapna kumaha karesep, upami resep lada nya cengekna diseueuran
> upami henteu mah dikinten-kinten wae)
> bawang beureum  (sapalih disiksik, teras pisahkeun)
> bawang bodas
> laja, &  sereh, (disiksik lemes)
> salam,
> gula gunung (eh punten gula beureum/kawung)
> uyah
> tarasi (kualitasna nua sae)
> tomat (disiksik ipis-ipis), rada seueur supados pedo
> hoyong sae ditambihan deui ku cabe beureum kangge bahan nu direndos,
supados
> warna sambelna sae.
>
> cara ngadamel :
> 1. Bawang beureum, bawang bodas, laja, sereh, uyah,gula, cengek, direndos
> dugi ka lemes, tos lemes tambihan ku tarasi, rendos dugi lemes sareng
> nyampur.
> 2. Tumis bawang beureum anu disiksik sakedap (dugi ka seungit), teras
> lebetkeun tomat. Aduk dugikeun ka tomatna ancur.
> 3. Lebetkeun rendosan tarasi
> 4. Lebetkeun cai sakedik (ulah seueur teuing bilih encer), lebetkeun daun
> salam, teras aduk-aduk dugikeun ka lengket (caina seep)
>
>
> B. Sambel oncom
> Bahana sami sareng anu diluhur mung digentos tarasina ku oncom ,upami
hoyong
> raos nganggo oncom pasirreungit
> teras tambihna anu direndos ku cikur sareng jahe.
> Carana oge nya kitu sami sareng sambel tarasi. Mung dina sambel oncom mah
> tomatna hiji atanapi sacekapna ulah seueur teuing.
> Sambel oncom mah dicoelna ku lobak alit duh.... janten lapar yeuh.....!!!!
>
> Pesen, teteh upami tiasamah ulah nganggo pecin (bumbu penyedap), kumargi
teu
> nganggo oge parantos pedo sarengna deuih kan teu sae kanggo kasetanan aeh
> kasehatan urang.
>
> Mangga ka Teteh-teteh anu resep masak wilujeng nyobian ieu resep sambel,
> kade ulah hilap upami parantos janten sambelna agehan kuring nya
> he..he..he..
> Mung... aya mungna deui, kade upami nuju ngadamel sambel tarasi mah kedah
> ati-ati pisan.... eta seungitna kamana-mana, pami tiasa mah rambutna
ditutup
> heula. Pokona upami tos nyambel kedah langsung siram da bauna napel kana
> awak. (punten....??)
>
> Meni hoyong ngiringan ka Garut, tapina kumaha geuningan aya pamengan,
titip
> saur sareng titip salam kanggo baraya Sunda anu ngiringan wae.
>
> baktosna,
> pun emme
>
>
>
>
> ----- Original Message -----
> From: "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <urangsunda@yahoogroups.com>
> Sent: Monday, March 27, 2006 1:02 PM
> Subject: RE: [Urang Sunda] Saha anu hayang Sangu Tutug Oncom, 30 maret di
> Garut?
>
>
> > cikan, baraya istri ...aya anu gaduh resep sambel ledok?...
> > cikan punten japrikeun ka abdi,...abdi teh hobby masak, mung pami
ngadamel
> sambel asa sok aya nu kirang..
> >
> > nuhun
> > Nia
> >
> > -----Original Message-----
> > From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> > Behalf Of denysuwarja2k
> > Sent: Monday, March 27, 2006 12:41 PM
> > To: urangsunda@yahoogroups.com
> > Subject: [Urang Sunda] Saha anu hayang Sangu Tutug Oncom, 30 maret di
> > Garut?
> >
> >
> > Kuringkatitipan pesen ku Darpan:
> > Cing kasabeh Babakan KUsnet, sabaraha urang anu rek ka Garut tanggal
> > 30 Maret tea.
> > Ieu penting, Kang Darpan rek masak Nila, Sangu Tutug Oncom, Sambel
> > Ledok, Peuteuy jeung semur jengkol katut asin sepat...komo lalab mah!
> > Pamajikan Darpan ngarah bisa ngajir pasakeun.
> >
> >
> > Deny
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke