Haturnuhun Kang Dian
Haturnuhun Apih Sidik
 
Satadina mah sim Kuring hoyong Camping di Jayanti ,mulungan Udang Karang, ngusep lauk Layur
 
ceuk kahayang mah, ti Batawi kaditu numpak scooter, terus damel tenda sisi laut
 
Pami di jalan Tanggeung - Binong seueur leuwi mah, mendingan teu  cios we ah
Karunya Sukuter


"Dian Ardiansyah,ST." <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wa'alaikumsalam wr.wb.
Mamanawian ieu mah nya kang, sakaterang abdi, jalan ka Cianjur Kidul dina denget ayeuna relatif sae pami dibandingkeun sareng jalan perkebunan mah :)
ti ngawitan Cianjur, Cilaku, Cibeber jalanna cekapan sae-lah, jalan kelas III anu di hotmix-na thn 1991, janteun tong heran pami dina sawatara waktos perjalanan kenging balong di tengah jalan (pami teu lepat di daerah cibeber). ngalangkung ka Campaka, Sukanagara, Pagelaran teras Tanggeung, jalan ngaalitan bari jeung sami bae seueur balong oge di jajalaneun. matak siganamah tong ngahaja mawa mobil depek/pendek ka kidul mah, hawatos pisan. palebah Tanggeung  ka Cibinong nakeun, jalan langkung alit bari jeung rada langkung awon oge. tah mulai ti Cibinong, aya sawatara rute jalan anu parantos di hotmix ulang, palebah ieu-mah dijamin ngageleser lah :) terakhir abdi ka kidul, ruas jalan Sindangbarang ka arah Cidaun nuju di bebenah keneh, duka tah denget ayeuna mah, siganamah parantos rengse meureun...
sakitu panginteun kang... manawi kaangge informasina..
wassalam.
 
Dian Ardiansyah
08138 01 7 1943
 


From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Nana Tea
Sent: Wednesday, June 21, 2006 10:19 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Tumaros kaayaan jalan Cianjur selatan

Assalamu'alaikum wr wb
Baraya sadaya
ngahaja tumaros ka US, manawi aya anu terang
Kumaha kaayaan jalan ti Cianjur dugi ka Cidaun di Pantai Laut Kidul
 
Bilih aya nu terang informasina diantos pisan, tiasa oge dijapri ka [EMAIL PROTECTED]
 
Haturnuhun sateuacana.


 

Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1¢/min.


Ring'em or ping'em. Make
PC-to-phone calls as low as 1¢/min with Yahoo! Messenger with Voice. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke