geus kawin acan?

di novel Louisiana Louisiana geus ditulis perkara sabangsaning cinta.
kaasup ayana jelema nu teu kawin saumur hirup. nu antik isaac newton,
kierkegaard, jst.

cek cenah, cinta teh aya tilu karung.
karung kahiji, cinta ka pangeran. theosophy. bisa jadi dasarna sieun.
matak dina agama primitif mah ritual teh sok make sasajen, minangka
susuguh kanu kawasa, sangkan si nu kawasa eta bageur. rada siga nyogok
atawa bisnis take and give tea meureun. haha

kadua cinta ka papada jelema dina harita kamanusaan, philantrophy. george
soros -nu yahudi jeung majar milu ngancurkeun ekonomi indonesia nepi ka
diktator suharto turun tea- dina iklan bukuna ditulis, pengusaha &
filantropis. sabab salian ti boga pausahaan oge boga yayasan nu nyumbang
duit pikeun proyek kamanusaan. nya siga bill gates atawa ford (ford
foundation) nu sok mere beasiswa ka msiswa ti negeri berkembang pikeun
sakola ka amrik, toyota (toyota foundation-nu diantarana milu ngadanaan
Kongres Internasional Budaya Sunda (KIBS) jeung nyieun buku Ensiklopedia
Sunda), jsb.

sigana cinta nu dibahas kang Irpan cinta eros tea ngarana, bi jeung mang
rahi, nu make mitos cupid sagala. nu ku budaya populer nu disuhun
industri, dipermak jadi industri hiburan pikeun ngarayakeun jeung muja
syahwat/libido jelema. tina kecap eros ieu-ngaran dewa asmara yunani kuno-
jadi erotis, erotika. di batur mah aya museumna sagala. haha.

ngan soal rasional, dina cinta eros atawa cinta jurusan reproduksi mah
sigana satengahna. pan aya katerangan yen lahir, jodo, rizki, jeung paeh,
urusan pangeran. ieu sigana lain sangkan jelema caricing kedul sumerah
pasrah fatalis, tapi pikeun mere solusi atawa jalan pikeun kanu lieur
alatan hirup make rasio dina milih calon pasangan,  neangan rizki, jeung
lieur atawa sieun mikiran paeh- sangkan sabar tawakal.

ah eta mah ngawadul isuk-isuk memeh ka kelas.

mj

http://geocities.com/mangjamal


> So, baraya, kahade ah ulah dibutakan oleh cinta, he.he..he..
> Be rational OK.




Kirim email ke