aya msiswi cina bandung kawin jeung bule amrik, ayeuna di florida. ditanya
(maek e-mail) geus boga bati can? jawabna, ih boga budak mah lieur,
pusing, mending kieu we, ulin duaan.

malah kawin oge di negeri antah berantah mah geus aya nu teu perlu
susuratan. di urang mah disebut kumpul kebo, dibatur mah nyebutna tina
soal administratif, letterless marriage. hehe. talina meureun ngan
komitmen kana kaputusan duaan, rek hirup bareng, make cinta nu hartina
papada cinta.

kungsi aya bule, nu geus kolot ngan boga anak hiji-siga bill clinton oge
ngan hiji batina- ditanya naha teu nambah? boga anak mah mahal. beuki gede
beuki butuh  biaya. kaharti mun batur mah boga anak hiji dua, terus miara
anjing. sabab anjing mah ngan ukur diparaban, teu kudu disakolakeun. haha.
pikirannana geus rasional pisan.

mj

http://geocities.com/mangjamal


>>
> Beuki dieu, manusa beuki kompleks, urusan birahi lain urusan reproduksi
> wungkul, tapi oge soal sosial jeung budaya. Ayeuna malah aya trend di
> nagara-nagara maju, manusa kawin, lain kulantaran hayang boga katurunan
> (reproduksi) tapi memang ukur hayang silih pikanyaah. Jepang contona,
> pasangan ngarora cenah mah umumna arembung boga anak, tepi ka nu boga anak
> teh disubsidi gede ku nagara ....
>
> Baktos,
> WALUYA
> (Boga anak tilu)
>
>

Kirim email ke