> From: irpan rispandi
> Hanjakal, ka dieuna keun, eta "perlengkapan reproduksi" teh
dieksploitasi jeung di bias-keun tina tujuan awalna (teung
> ngahaja teuing teu kahaja).  Cinta teh bentuk primitifna mah saukur
kesiapan masing-masing (lalaki jeung awewe) pikeun > ngalakukeun proses
reproduksi.
> Ngan kadieunakeun, Cinta teh berkembang jadi seribu satu kisah. Aya anu
"happily ever after", aya "Romeo and Juliet",
> "Qais dan Laela", "cinta segitiga", segi lima, jrrd.

Bener pisan, "bogoh" (=cinta?) sabenerna lamun ditempo tina palebah
Biologi mah, urusanana ukur jeung reproduksi manusa. Tapi elmu Biologi
hiji elmu nu nempo manusa ukur obyek, obyek nu sarua jeung sato. Tapi
manusa jauh-jauh leuwih kompleks ti sato, manusa teu bisa ukur "ditempo"
ku biologi. Di manusa aya dua evolusi, EVOLUSI FISIKna tepi ka bentuk
fisikna saperti ayeuna jeung aya deui EVOLUSI BUDAYA.  Budaya manusa robah
terus sapanjang jaman, manusa salian ti diwaris gen katurunan ti
luluhurna, tapi oge kawaris budaya ti luluhurna, budaya ditambahan nu
terus diwariskeun deui katurunana. Budaya manusa salawasna dinamis, teu
statis siga "budaya" sato (kalakuan monyet 10,000 taun katukang, moal pati
beda jeung monyet di jaman ayeuna).

Jadi soal "bogoh" di manusa oge ngalaman evolusi, cara "bogoh" di manusa
5000 taun katukang, bakal beda jeung cara bogoh di jaman ayeuna. Cara
kawin wae beda, baheula kuring kungsi maca di jurnal PRISMA (wedalan LP3ES
di taun 1970'an) nu nyaritakeun kumaha masyarakat asli P. Buru jadi kacow
kulantaran lobana Tapol PKI nu didatangkeun ti Jawa. Loba kajadian para
tapol salingkuh jeung awewe asli urang P. Buru. Waktu awewe nu salingkuh
ditanya ku Bapak Tantara, kunaon salingkuh jeung Tapol, jawabna teh kieu
:" Habis enak Bapak,  Bapak Tapol maen tetek ....."

Urang asli P. Buru nyarebut tahanan PKI teh "Bapak Tapol". "Bapak Tapol"
ieu mawa cara "kawin" anu beda jeung nu biasa dilakukeun ku maranehna. 
Ari maranehna mah, lamun birahi, arindit ka leuweung, awewena cukup
ngajegang terus nukangan lalakina   (distop dugi kadieu ....bisi pajarkeun
porno, bilih hoyong jelas mangga pilarian jurnal PRISMA di perpustakaan).
Conto ieu nunjukan cara "kawin" teh teu sarua di masayarakat nu masih
kaisolasi jeung masyarakat nu geus kabuka.

Beuki dieu, manusa beuki kompleks, urusan birahi lain urusan reproduksi
wungkul, tapi oge soal sosial jeung budaya. Ayeuna malah aya trend di
nagara-nagara maju, manusa kawin, lain kulantaran hayang boga katurunan
(reproduksi) tapi memang ukur hayang silih pikanyaah. Jepang contona,
pasangan ngarora cenah mah umumna arembung boga anak, tepi ka nu boga anak
teh disubsidi gede ku nagara ....

Baktos,
WALUYA
(Boga anak tilu)

Kirim email ke