Nyaan acara HBH  teh munel, sok catet kang Ndoell siteteh ngiring.
  Si teteh mah biasa wae nyorangan, kitu ge mun kang Toni ngirim Fax heula ka 
kantor si teteh, teuing alesanana kumaha, kapungkur ge si kuring bisa ngiring 
ka HBH alatan kang Sidik ngintun Fax alatan aya anu maot, rek babagi 
warisan...he he
  Sok ah, baraya ngariringnya....matak resep geura.
   
  ipeut

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadayana,

Dina raraga Boboran Siam 1 syawal 1428 Hijriah,
dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2007
nu Insya Allah badé diayakeun dina :

Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 27~28 Oktober 2007
ngawitan tabuh 10.00 énjing dugi ka lekasan
di Bumi Perkemahanan Kiara Payung - Jatinangor

Acara :
- Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
- Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun
- Ceramah Kasundaan
- Mintonkeun Kasenian
- Bazaar
- begadang bari siduru, bari beubeuleuman jsté.
- Bakti Sosial

Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét
sareng kulawargina, sareng ageung pisan nu dipiharep kana kasumpingan
sadayana dina waktosna.

Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa silih wanoh kanu teu acan 
wanoh oge langkung ngaraketkeun tali silaturahmi diantawis baraya 
Kusnét sadayana, silih wanoh kanu teu acan wanoh,

Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.


-Ndoell-
www.tukangwawar.com



* PENTING !!! *
---------------

Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala
rupina, boh tempat oge katuangan oge nu sanesna,
ka sadaya baraya Kusnét disuhunkeun rido galihna kersa
ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél :
[EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka Milis :

-----------------------------------------------------------------
FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2007
27 ~ 28 Oktober 2007

Ngiringan : Badé / Moal (pilih*)

Nami :.....................................................
Padumukan :................................................
I-mél :....................................................
No. telpon / Hapé :........................................
Jumlah nu badé sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
Kendaraan : Motor / Mobil / Umum
-----------------------------------------------------------------


Informasi nu sanésna :

* Tempat Halal Bihalal *
------------------------
Di Bumi Perkemahan Dr. Mashudi - Kiara Payung
Jatinangor - Sumedang


*Bazaar*
--------
Baraya Kusnét/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnét
nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri
kanggo konfirmasi.


*Sumbangan*
------------
Bilih aya nu bade masihan sumbangan di tempat HBH disayogikeun kotak
sumbangan, atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri kanggo
konfirmasi.


*Bakti Sosial *
Anu bade sumping, bilih gaduh anggoan anu tos teu kaanggo deui, tapi
masih weuteuh, mangga di bantun. Urang kempelkeun keur bagikeun ka
kaum Dhuafa di sabudereun lokasi HBH.



* Susunan Panitia Halal Bihalal*
--------------------------------
- Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja
- Panasehat : Réngréngan Kuncén
- Pupuhu : Kang Iim
- Patih : Kang Tony "cep Deden" Leboy
- Tukang nyatet : Teh Lygia Nostalia
- Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim
- Seksi Acara : Kang Ikmal, Kang Adit, Teh Anita & Teh Wida
- Seksi Konsumsi : Teh Pupi & Kang Kumi
- Seksi Dokumentasi : Kang Rachmat, Kang Bowie
- Seksi Ingkig / Umum / Alat / Perlengkapan : Kang Bohay, Kang Irpan
[koordinator], Kang Runa + Balad
- Registrasi & Panampi tamu : Mojang UPI & Kang Roisz

Ngorong nya..eh ngiring nya !!



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links





 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke