Nuhun kang, tos dicatet.....
  Siplah, keur kang Ndoel mah spesial, beurat-beurat ge moal janten masalah,  
ngan paur kuma mun batur hayang,........kieu wae atuh kanggo batur mah 
dicangking wae ku kang Ndoel......he he
  Kapungkurmah siteteh nyangking sirop jeruk nipis uih ti HBH teh , kumaha 
ayeuna masih aya..?Nyaan kang Ndoel dipilarian di didieu mah teu aya.
   
  ipeut
  

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Mangga teh...
Ku abdi dicatet. Tong hilap ngajingjing naon lah nya ti surabaya..
keur abdi we wungkul. keur batur mah teu kedah.
sanes kunanaon, bisi beurat..
heu heu

-dul-


--- In urangsunda@yahoogroups.com, indung peuting 
wrote:
>
> Nyaan acara HBH teh munel, sok catet kang Ndoell siteteh ngiring.
> Si teteh mah biasa wae nyorangan, kitu ge mun kang Toni ngirim 
Fax heula ka kantor si teteh, teuing alesanana kumaha, kapungkur ge 
si kuring bisa ngiring ka HBH alatan kang Sidik ngintun Fax alatan 
aya anu maot, rek babagi warisan...he he
> Sok ah, baraya ngariringnya....matak resep geura.
> 
> ipeut
> 
> ndoell wrote:
> Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..
> 
> Baraya Kusnet sadayana,
> 
> Dina raraga Boboran Siam 1 syawal 1428 Hijriah,
> dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2007
> nu Insya Allah badé diayakeun dina :
> 
> Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 27~28 Oktober 2007
> ngawitan tabuh 10.00 énjing dugi ka lekasan
> di Bumi Perkemahanan Kiara Payung - Jatinangor
> 
> Acara :
> - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
> - Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun
> - Ceramah Kasundaan
> - Mintonkeun Kasenian
> - Bazaar
> - begadang bari siduru, bari beubeuleuman jsté.
> - Bakti Sosial
> 
> Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét
> sareng kulawargina, sareng ageung pisan nu dipiharep kana 
kasumpingan
> sadayana dina waktosna.
> 
> Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa silih wanoh kanu teu acan 
> wanoh oge langkung ngaraketkeun tali silaturahmi diantawis baraya 
> Kusnét sadayana, silih wanoh kanu teu acan wanoh,
> 
> Sakitu anu kapihatur,
> Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.
> 
> 
> -Ndoell-
> www.tukangwawar.com
> 
> 
> 
> * PENTING !!! *
> ---------------
> 
> Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala
> rupina, boh tempat oge katuangan oge nu sanesna,
> ka sadaya baraya Kusnét disuhunkeun rido galihna kersa
> ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél :
> [EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka Milis :
> 
> -----------------------------------------------------------------
> FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2007
> 27 ~ 28 Oktober 2007
> 
> Ngiringan : Badé / Moal (pilih*)
> 
> Nami :.....................................................
> Padumukan :................................................
> I-mél :....................................................
> No. telpon / Hapé :........................................
> Jumlah nu badé sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
> Kendaraan : Motor / Mobil / Umum
> -----------------------------------------------------------------
> 
> 
> Informasi nu sanésna :
> 
> * Tempat Halal Bihalal *
> ------------------------
> Di Bumi Perkemahan Dr. Mashudi - Kiara Payung
> Jatinangor - Sumedang
> 
> 
> *Bazaar*
> --------
> Baraya Kusnét/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnét
> nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri
> kanggo konfirmasi.
> 
> 
> *Sumbangan*
> ------------
> Bilih aya nu bade masihan sumbangan di tempat HBH disayogikeun 
kotak
> sumbangan, atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri kanggo
> konfirmasi.
> 
> 
> *Bakti Sosial *
> Anu bade sumping, bilih gaduh anggoan anu tos teu kaanggo deui, 
tapi
> masih weuteuh, mangga di bantun. Urang kempelkeun keur bagikeun ka
> kaum Dhuafa di sabudereun lokasi HBH.
> 
> 
> 
> * Susunan Panitia Halal Bihalal*
> --------------------------------
> - Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja
> - Panasehat : Réngréngan Kuncén
> - Pupuhu : Kang Iim
> - Patih : Kang Tony "cep Deden" Leboy
> - Tukang nyatet : Teh Lygia Nostalia
> - Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim
> - Seksi Acara : Kang Ikmal, Kang Adit, Teh Anita & Teh Wida
> - Seksi Konsumsi : Teh Pupi & Kang Kumi
> - Seksi Dokumentasi : Kang Rachmat, Kang Bowie
> - Seksi Ingkig / Umum / Alat / Perlengkapan : Kang Bohay, Kang 
Irpan
> [koordinator], Kang Runa + Balad
> - Registrasi & Panampi tamu : Mojang UPI & Kang Roisz
> 
> Ngorong nya..eh ngiring nya !!
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> Send instant messages to your online friends 
http://uk.messenger.yahoo.com
>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links





 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke