carpon: diudag maung
sumber: hilap deui (diadaptasi)

mang abc, salahsaurang warga hiji lembur keur jongjon melak sampeu di huma, 
urut leuweung, majarkeun teh kahareup mah hayang nyobaan nyieun bioethanol 
cenah.
teu pupuguh torojol teh maung, lapareun geus saminggu can manggihan kadaharan, 
da leuweungna diganti kebon sampeu, rada hese neangana ayeuna mah. atuh reuwas 
mang abc teh, langsung lumpat sabulangbentor, ngan maung oge lumayan lumpatna, 
ahirna mang abc teu kuateun lumpat deui, maung ngadeukeutan lalaunan, capeun 
oge meureun. mang abc madep kiblat, ngangkat leungeuna, ngadu'a sabisa-bisa 
sangkan disalametkeun, maung teh nurutan, gek diuk gigireun mang abc, ngangkat 
suku dua nu hareup, biwirna oge kunyam-kunyem, atuh mang abc teh heran, tp rada 
atoh oge, maung teu jadi ngahakan, 
mang abc nanya: "Ung, nanaonan maneh kitu lampah?" 
ceuk maung: "ngadu'a" jawabna, 
mang abc:"naha maung bisa ngadu'a sagala, ngadu'a naon kitu? 
jawab maung:"biasa mang, da sok ngadengekeun budak TPA, 'allohumma bariklana 
fiimaa rozaqtanaa waqinaa adzaabannaar".............
mang abc: "?!!!!!! !!!!!!!!????????????????????????????????? 
..............................................






      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke