mun teu lepat dongeng Teh Roro :)

  ----- Original Message ----- 
  From: iwan rashid 
  To: urang sunda 
  Sent: Tuesday, January 15, 2008 11:58 AM
  Subject: [Urang Sunda] diudag maung



  carpon: diudag maung
  sumber: hilap deui (diadaptasi)

  mang abc, salahsaurang warga hiji lembur keur jongjon melak sampeu di huma, 
urut leuweung, majarkeun teh kahareup mah hayang nyobaan nyieun bioethanol 
cenah.
  teu pupuguh torojol teh maung, lapareun geus saminggu can manggihan 
kadaharan, da leuweungna diganti kebon sampeu, rada hese neangana ayeuna mah. 
atuh reuwas mang abc teh, langsung lumpat sabulangbentor, ngan maung oge 
lumayan lumpatna, ahirna mang abc teu kuateun lumpat deui, maung ngadeukeutan 
lalaunan, capeun oge meureun. mang abc madep kiblat, ngangkat leungeuna, 
ngadu'a sabisa-bisa sangkan disalametkeun, maung teh nurutan, gek diuk gigireun 
mang abc, ngangkat suku dua nu hareup, biwirna oge kunyam-kunyem, atuh mang abc 
teh heran, tp rada atoh oge, maung teu jadi ngahakan, 
  mang abc nanya: "Ung, nanaonan maneh kitu lampah?" 
  ceuk maung: "ngadu'a" jawabna, 
  mang abc:"naha maung bisa ngadu'a sagala, ngadu'a naon kitu? 
  jawab maung:"biasa mang, da sok ngadengekeun budak TPA, 'allohumma bariklana 
fiimaa rozaqtanaa waqinaa adzaabannaar".............
  mang abc: "?!!!!!! !!!!!!!!????????????????????????????????? 
...............................................





------------------------------------------------------------------------------
  Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

   

Kirim email ke