> "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Cobi wae ma enya Gajih Rp10 jt/bln gaduh Asset nepi ka Rp 40 
> Milyar ??.....

Hehehe ....tah didinya "ajaib"na urang Indonesia teh, Bah!, kreatif 
dina sagala rupa. Kuring satuju jeung nu diserat Ki Ajip, dosa paling 
gede pak Harto teh, nyaeta ngarusak mentalitas urang Indonesia, tepi 
ka budaya korupsi nerekab dimana-mana, jeung dianggap 
kalakuan "wajar". Ayeuna, rek naon wae, ti ngurus KTP, gering ka 
Puskesmas, jatah raskin, kabeh aya unsur korupsina, kabeh kudu make 
duit. Lamun teu make duit teu jalan.

Tungtungna jadi buah simalakma. COntona lamun urang ngurus surat-surat 
ti instansi. Lamun teu mere duit urusan jadi teu beres, ari ngiluan 
teu saluyu jeung hate nurani, jeung ongkoh lebar deuih duitna ...

Kaayaan di Indonesia ayeuna saluyu jeung kaheureuyan burudak: Paciwit-
ciwit lutung .........

Baktos,
WALUYA




Kirim email ke