Sok sanajan kuring satuju kana sababaraha hal naon anu
dikedalkeun ku mang Ajip Rosidi, tapi di lingkungan
akademis mah, kedah ngagaduhan  "rasa cangcaya", naha
enya bener kitu pamadegan eta teh.

Perkara "rusak mental" mah asana teh ti awit jaman
kamerdikaan keneh tos ngancik dina diri bangsa
Indonesia. Mangga tingali aya sababara novel/buku anu
ngagambarkeun kumaha mental bangsa Indonesia "rusak"
alatan ngalaman revolusi kamerdikaan. Utamana mah
buku-buku Pramudya Ananta Toer, sareng para pangarang
taun 1950 an dina karya-karyana teh ngagambarkeun
karusakan mental bangsa Indonesia. Dina Film "lewat
Jam Malam"na Usmar Ismail, katingali kumaha salah
saurang nu boga lalakon,pasca revolusi anu masih
ngarasa boga  jiwa idealis, teu cocok sareng kaayaan
jaman harita.Digambarkeun kumaha didamel di hiji
pemborong wangunan perumahan, babaturanana ngawangun
imah teu sesuai jeung bestek perencanaan, ukuran jeung
standarna kurang, kusabab dikorupsi.
Jaman harita oge, anu didongengkeun ku para dosen,
kumaha para tangtara pelajar anu "balik deui" ngiluan
kuliah di kampus, lamun ujianana goreng, ngagolerkeun
pestol di meja dosen (premanisme).

janten, pasca revolusi teh, para pamingpin Indonesia
aya "gawe" anu can kacabak. Nyaeta ngabeberes mental
bangsa.(padahal lamun jaman harita aya Aa Gym, jigana
mental bangsa moal jiga ayeuna. Aya oge Buya HAMKA,
tapi asana teh harita mah masih resep kana nonovelan,
ti batan da'wah). Taun 50 an pisan, waktu tugas di
Divisi Diponegoro, Soeharto laluasa ngayakeun
"perdangan gelap" kopra, dimana heunteu aya "tegoran"
sanksi ti dununganana di Jakarta. Ti harita jigana
"otak pinter" soeharto jalan.

jadi kuring mah ningali perkara mental rusak bangsa
ieu teh, ti awit jaman revolusi..

baktos,

mrachmat uidipura
nu teu ngalaman jaman revolusi, tapi nyanyahoanan


--- soni rosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> kuring yakin 110% warga nagara indonesia satuju kana
> 
> pamikiran Mang Ajip, malahan mah samemeh Mang Ajip
> nyerat 
> di PR.
> 
> Tapi anu kuring apal mah langka pisan nu wani
> blak-blakan 
> kawas Mang Ajip, komo deui bari jeung dibarengan ku 
> "konsisten" mah kacida pisan naker jarangna.
> 
>.


      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke