Rampes Mang Ucup...wilujeng tepang online ti pribados. Diantos kintunana.
Deudeuh urang Sunda nu ngajomantara ti remaja dugi ka sepuh di nagara
deungeun. Bilih kagungan alamat lengkap nun diantos kanggo database
pribados.

Salam baktos,
Kang Ato 

-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of mangucup88
Sent: Wednesday, June 25, 2008 2:02 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Sampurasum..Nepangkeun...Mang Ucup

Sampurasun.
Para wargi sadaya nu ku sim kuring dipikahormat. Unjuk uninga, wasta
pribados teh mang Ucup. Kawit ti Bandung nu kiwari ngumbara di nagri
Belanda, kirang langkung tos 40 tahun langkung. Alhamdulillah umur mah tos
cueut ka hareup, 66 tahun. Pun bojo asal Semarang. Anak sinareng incu mah
tos reuay. Isin nyebatkeunana.
 
Taya sanes pamaksadan teh, sajabina bade silaturachmi, oge aya pamundut
hoyong ngiring ulubiung, ngareuah-reuah dina kagiatan Milis Urang Sunda.
Manawi bahan katampi. Pangemut pribados, mudah-mudahan teu lepat, Milis
Urang Sunda teh mangrupikeun hiji wadah para intelektual Sunda nu reueus
kagungan perhatosan kana budaya Sunda.
 
Kukituna, pribados aya maksad bade ngintunkeun naskah ka Milis Sunda nganggo
basa Sunda. Etang-etang diajar wae. Namung hapunten, malahmandar aya basa nu
garihal, teu payus kana undak usukna. Sanaos ari cumarios sadidinten mah,
sareng bojo miwah pun anak, berekah pribados teh sok nganggo basa Sunda.
Sanaos bari rada amburadul oge.
 
Hapunten anu kasuhun, kaluhur sausap rambut kahandap sausap dampal, malah
mandar engke seseratan pribados kapayun, tangtos seueur kakirang sareng
lepatna. Tetebiheun atuh kana sae sareng leres mah. 
Mugia ngamaklum bae.
 
Rupina sakitu wae pamundut pribados. Papungkas catur, taya sanes hatur
nuhunsarebu kali nuhun kana perhatosan sinareng panampianana para wargi
sadaya di Milis Urang Sunda.
 
Rampes,
Mang Ucup.
Nu teu weleh nineung kana kasundaan
Email: [EMAIL PROTECTED]
Homepage: www.mangucup.net





------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links



Kirim email ke