nepangkeun mang ucup kuring yayan, mun tu lepat mah mang ucup kungsi
nganjang ka tempat dameul abdi baheua di virtual ka pa nukman jeung
kang imam , punten bilih lepat
--- In urangsunda@yahoogroups.com, "mangucup88" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sampurasun.
> Para wargi sadaya nu ku sim kuring dipikahormat. Unjuk uninga, wasta
> pribados teh mang Ucup. Kawit ti Bandung nu kiwari ngumbara di nagri
> Belanda, kirang langkung tos 40 tahun langkung. Alhamdulillah umur 
> mah tos cueut ka hareup, 66 tahun. Pun bojo asal Semarang. Anak 
> sinareng incu mah tos reuay. Isin nyebatkeunana.
>  
> Taya sanes pamaksadan teh, sajabina bade silaturachmi, oge aya 
> pamundut hoyong ngiring ulubiung, ngareuah-reuah dina kagiatan Milis 
> Urang Sunda. Manawi bahan katampi. Pangemut pribados, mudah-mudahan 
> teu lepat, Milis Urang Sunda teh mangrupikeun hiji wadah para 
> intelektual Sunda nu reueus kagungan perhatosan kana budaya Sunda.
>  
> Kukituna, pribados aya maksad bade ngintunkeun naskah ka Milis Sunda 
> nganggo basa Sunda. Etang-etang diajar wae. Namung hapunten, 
> malahmandar aya basa nu garihal, teu payus kana undak usukna. Sanaos 
> ari cumarios sadidinten mah, sareng bojo miwah pun anak, berekah 
> pribados teh sok nganggo basa Sunda. Sanaos bari rada amburadul oge.
>  
> Hapunten anu kasuhun, kaluhur sausap rambut kahandap sausap dampal, 
> malah mandar engke seseratan pribados kapayun, tangtos seueur 
> kakirang sareng lepatna. Tetebiheun atuh kana sae sareng leres mah. 
> Mugia ngamaklum bae.
>  
> Rupina sakitu wae pamundut pribados. Papungkas catur, taya sanes 
> hatur nuhunsarebu kali nuhun kana perhatosan sinareng panampianana 
> para wargi sadaya di Milis Urang Sunda.
>  
> Rampes,
> Mang Ucup.
> Nu teu weleh nineung kana kasundaan
> Email: [EMAIL PROTECTED]
> Homepage: www.mangucup.net
>


Kirim email ke