Wilujeng tepang Kang Idris...
Sapuk Kang Kumi, urang teh kedah "maksa" nu teu suka ngagunakeun Basa Sunda. 
Da, kumaha deui atuh? Teu kitu mah bakal ngalelep* :(
 
Contona :
Minggu kamari abdi kenging rerencangan di jalan. Hiji ibu, nganggo raksukan 
seragam Pemda, ditingali atributna, Pemda Jabar (bisa basa Sunda, sugan). Nu 
naros tipayun anjeuna, nganggo basa Malayu. Tapi dirasa-rasa teh logatna asa 
Malayu Nyunda? Keun* ku abdi diwaler sagala pertarosan anjeunna sami ku basa 
Indonesia. Lami-lami dipengkolkeun kana basa Sunda, rada maksa hehehe*
 
Eh, naha balapbab-belepbeb kitu? Jero hate,"Ieu teh urang Sunda lain?Ih, ni 
balaga, diajak ngomong Sunda ge mbung, sakitu logat Malayu-na mani cawerang!"
Lami-lami asa panasaran* 
"Ibu asli mana?"
"Purworejo."

ro2

>>> [EMAIL PROTECTED] 09/04/08 03:20PM >>>
Wa'alaikumsalaam w. w.

Daripada kalah hoghag mah meureun kalah beuki bengkah, sigana urangna kapaksa 
ngelehan heula, Kang... Maksud ngelehan di dieu, keun bae maranehna rek keukeuh 
mamalayuan oge, tapi urangna kudu leuwih pengkuh nyarita dina basa Sunda. ulah 
kabawakeun. Contona bae tong boro di pangumbaraan, dalah di lembur sorangan ge 
ari urang ka toko teh kiwari mah sok diladangan make basa Indonesia. Asal 
urangna pengkuh kana basa Sunda, lila2 maranehna ge jadi ngarilu ngomong deui 
ku basa Sunda. Nya, sahanteuna sakuringeun. Coba mun sakusnet we nu ulin di 
bandung atawa nu masih tatar sunda, cobaan heulakeun make basa Sunda. Lamun 
ituna geus ampun2an teu ngarti, nya kakara make basa Indonesia.

Perkawis panyakit matuh, walah duka tah lieur musinganana ge...


On Thu, Sep 4, 2008 at 12:42 PM, amirrullah idris wrote:

Assalammu'alaikum Wr.Wb
Tah... taun.2003 di Balikpapan Simkuring.. ngiringan... Paguyuban...Sunda 
namina paguyuban Parahiyangan... tapi upami kempel.. ririungan marake basa 
indonesia... malihan mah kantos rerencengan Simkuring.. ngawartosan upami tiasa 
...  nganggo basa Sunda... tapi walerna kirang sae komo anjeuna PEJABAT... 
saurna teh "Kumaha kuring bae rek make Sunda atau Bahasa Indonesia ini bukan 
urusan kamu" 
Alhamdulillah.... Paguyuban... lancar... dugi ka... panyawat matuh... nu teu 
karaos... nyerang... nyaeta... sababara.. anggotana atos majeng... tina harta 
bendana tos hebat.... teras... alim deui bergabung... sareng... anggota anu 
kalangan... kelas bawah.... tah teu tiasa dipungkiri... nu tadina dulur jadi 
batur.... sabab... geus poho kana purwadaksi... lain silih tulung... silih 
asah.. silih asih... silih asuh....  tapi... pada mamerkeun.. kakayaan...

Kirim email ke