Hayu Urang Babarengan

 

Teu
     kudu ngaharamkeun manusa jeung jin bisa babarengan,

geus
dicontokeun jaman Nabi Sulaeman,

lain dongeng
atawa tahayul ieu kanyataan,

nu penting
hate ulah mengkol tina aturan. 

 

Kersaning
Gusti Allah nu ngawasa alam,

kuring nonggerak
dibere kakuatan,

bisa ngigelan
opat unsur alam,

kuring sumpah
rek dipake jang bebeneran. 

 

Kakuatan nu
datangna ti Pangeran,

dibantuan
sakabeh rahayat Nagara Sancang,

nu hirup
leuwih pangalaman,

ngarah urang
Sunda jadi pingpinan. 

 

Inget
pangalaman peurih nu datangna ti wetan,

inget
kamusyrikan nu datangna ti pakidulan,

inget ieu
bangsa teu eureun meunang cobaan,

kusabab loba
pisan nu nyembah jeung menta ka bangsa siluman. 

 

Didasaran ku
kaikhlasan,

hayu urang
babarengan,

ngeureunkeun
jeung ngabersihkeun kamusyrikan,

ngarah urang
sarerea bisa salamet tina ieu cobaan nu keur karandapan. 

 

Kuring
nonggerak,tepu,kule,tuba,ijaji,barata,jaya jeung baya geus ngamimitian,

di bulan nu
suci ieu dibarengan ku kaikhlasan nu jadi niatan.




      

Kirim email ke