Geura Nyaring Geura Nyaring

 

Kanu
     masih percaya minyak bakal ngadatangkeun harta,

kanu masih percaya barang pusaka
ngadatangkeun kasalametan dunya,

kanu masih percaya aya siluman
bisa dipenta ngadatangkeun pakaya,

geura eling ka Nu Kawasa. 

 

Jin jeung manusa geus dipisahkeun
alamna,

euweuh nu bisa nangtukeun nasib
makhluk kahareupna,

jin oge sarua teu apal nasib
manehna engkena,

geura nyaring aranjeun ngan ukur
diperdaya. 

 

Kuring nonggerak bakal tarung
sabisa-bisa,

ngalawan siluman-siluman nu ngaku
loba kawasa,

mugi Allah masihan abdi tanaga,

abdi peurih nempo loba manusa
ngagadekeun imana ka maranehna. 




      

Kirim email ke