Prak Geura Narindak

 

Kudu
     reueus jadi urang Sunda,

kudu ngariksa
kanu budaya sunda,

kudu teu era
nunjukeun yen diri urang Sunda,

kudu
ngahargaan ka sakabeh tuturus Sunda,

kudu
ngalengkah didasaran agama,

kudu ngajaga
supaya teu leungit ciri Sunda,

ciri na diri
jeung ciri dina laku lampah sagalana,

InsyaAllah
moal bakal leungit ieu Sunda. 

 

Ulah hayang
ganti baju jadi batur,

kudu nyaah ka
batur salembur,

kudu ngarasa
sasama Sunda teh dulur. 

InsyaAllah
urang bakal bareng nanjeurkeun deui Sunda bari
akur. 

 

Prak geura
narindak,

ulah kalah
silih sentak,

ulah murungkut
jiga landak,

istuning
bagjaning ati bakal kapendak.




      

Kirim email ke