Meungpeung salse, mairan ah*
 
Sapuk Bah Willy, MJ*Bah Iwa, janten emut ka pun Bapa (Alm) mani sami nyarios 
kurung batok teh kitu*hehehe.
 
Allah nyiptakeun urang rupi-rupi alias teu sami tea, da ari mung copy & paste 
mah teu rame nya? Kumargi kitu nya urang ge kedah nampi "perbedaan" (naon nya 
basa Sundana?). Komo masalah ageman mah, tanggel walerna ge langsung kaluhur. 
Dina masalah ieu mah urang napsi-napsi we tong silih ganggu.
 
Kumargi abdi mah ti aalit hirup di lingkungan tangsi alias asrama nu jalmina 
rupi2. Nu lemburna ti Aceh dugi ka Papua, agemanana ti Islam dugi ka Budha, 
tapi teu ieuh silih pikahormat. Kaimanan mah kumaha jalmina, pami jalmina 
panceg, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan, angger haben nagen kana 
agemanana. Contona, gaduh rerencangan ti nuju alit keneh, jalmina pinter, 
ibadahna leket, komo ka sepuhna mah nunut pisan. Lulus SD, anjeunna neraskeun 
SMP-SMA di sakola Katolik, tujuanana mung milari elmu, saurnamah sakola Katolik 
langkung disiplin. Alhamdulillah, anjeunna salamet teu ngalih ageman, malah mah 
ibadahna janten langkung leket, jaba anom keneh tos munggah haji. 
 
Salaku kuncenwati nu masih keneh aga-eugeu, saleresna mah email ti Mang Ucup nu 
ieu teh tos diaos ku abdi, mung diantep da lebetna asa-asa piributeun sanaos 
niat Mang Ucup panginten teu kitu. Ari pek teh lulus sensor ningan? Ngemutan 
deui baraya,  jigana langkung sae mosting masalah ipoleksosbudhankam (pami 
tiasa mah) dina Basa Sunda teh nu netral2 bae. Tapi teu rame nya? Ih* teu 
puguh* 
 
ro2
kuncenwati
>>> surt...@gmail.com 01/16/09 06:56AM >>>
Lereslah...gamblanglah...ngan anu kurung batox..mah ngagetkeun..naha urang kota 
mah kieu ngomongna nya...? un teu lepatdi APDN (STPDN ayuna ?) aya kurikulum 
mengenal agama...oge....Cenah calan Pejabat pamarentahan kedah apal kana 
konsepsi agama2...
On 1/15/09, mangjamal <mangja...@yahoo.com> wrote: 
nya da urang teh hirup di dunya bari lobaan, jeung manusa nu oge beda 
ageman, tangtu ari saukur nyaho mah kaci, mun teu kudu oge. kudu mah 
nya pikeun toleransi tea. cara di islam teu meunang ngagambar nabi. 
deungeun2 nu apal tangtu ngajenan. yen aya gambar jeung patung nabi 
isa di imah jeung rumah sakit katolik, nya keun bae da konteksna 
yesus tea. 

Dina Perjanjian Linggarjati mah, nu dikorbankeun provinsi jawa barat 
alias tatar sunda, diwadalkeun ka walanda. haha. punten ngacapruk.

keur leutik di lembur, lingkungan islam, nu apal teh daud, musa, 
harun, sulaeman, ismail, jibril, mikail, jsb.

geus gede, ka bandung, maca atawa nguping, aya david, moses, aaron, 
solomon, oh eta teh ngaran nabi, ngan versi basa/agama deungeun. 
gabriel, michael. euleuh gening, batur mah, bule, ngaran malaikat teh 
dipake ngaran jelema. da muslim mah dina make ngaran malaikat pikeun 
manusa teh paling ridwan nu ngajag sorga.

terus yen albert einsten, karl marx, jrrd inohong dina widang naon 
bae nu kaliber dunya, teh gening turunan yahudi. 

agama timur tengah, sok disebut oge agama ibrahim, pedah nu jadi 
nabina, turunan ibrahim. disebut oge agama langit, samawi, sabab 
turun ti langit. beda jeung agama india. 

cenah di akabri mah diajarkeun ka taruna soal agama-agama di 
indonesia. tangtu pikeun pangaweruh wungkul, da masing-masing geus 
baroga cecekelan agama. hade oge, jadi apal kumaha jero-jerona agama 
deungeun. perbandingan agama dina kontek eta ngan ukur pikeun nyaho 
bedana, versina. 

kahareup, soal tulisan model ti mang ucup-katurunan tionghoa urut bos 
LPKIA, ayeuna pendeta di walanda- meureun kudu ditoong heula ku 
kuncens. bisi piributeun.

> Jadi teu kudu emosional jeung gampang curiga lamun aya nu nulis 
kitu. 
> Waktu kuring jumaahan keur usum Qurban ge, nu khotbah di Masjid 
> nyebutkeun yen ceuk kapercaayaan Nasrani mah nu dikorbankeun teh 
Ishak 
> sanes Ismail. Ngan ceuk nu khotbah, sabenerna dina Perjanjian Lama 
> teu disebutkeun saha-sahana putra Ibrahim nu bade dikorbankeun teh 
> beda sareng dina AQ nu jelas-jelas nyebat Ismail. Duka tah leres 
> henteuna mah, ngan paling henteu mana wani nyebut kitu oge, manehna 
> (Chotib) kungsi maca perjanjian lama ...
> 
> Teu aya masalah sanes, umpama urang sakadar terang? Atawa teu 
kenging?
> 
> Baktos,
> WALUYA

Kirim email ke