Baraya, Tadi beurang ti mimiti jam 8 nepi ka jam 11.45, dina acara "saresehan kepedulian bersama terhadap bencana di Jawa Barat" tea, salah saurang anu biantara (narasumber) teh nya Kang Iwan Abdulrachman -ex Bimbo anu nelah "abah Iwan". Dina eta acara, kang Iwan ngadugikeun rumus hirup anu salami ieu dicepeng ku anjeunna.
"Teu luhur-luhur da memang teu bisa kuring mah, ngan eta bae dina lebah migawean naon anu sakuduna, sok inget kana nasehat ti guru silat kuring, urang Cianjur", saur abah Iwan muka carita."Nu jadi guru teh hiji waktu maparin nasehat pakait jeung ngalakonan perkara anu sakuduna atawa kahadean, ka kuring. Kieu nasehatna teh: 'Mun geus nyaho can tangtu ngarti, mun geus ngarti, can tangtu bisa, mun geus bisa can tangtu tuman. Tah, migawean naon anu sakuduna atawa kahadean mah kudu nepi ka tuman, teu cukup nepi ka bisa, komo ukur nepi ka nyaho atawa ngarti mah". Kitu kurang leuwih pedaran abah saterasna. Saterusna, dereded abah Iwan ngajelaskeun yen sanggeus diilo jeung ditimbang ku pangalaman hirup anu panjang nepi danget ieu, horeng eta nasehat anu jadi guru teh taya lian ti falsafah atikan. Tegesna, kumaha sangkan eusi atikan anu hade teh jadi pangaweruh jeung kayakinan anu nerap dina tingkah laku sapopoe, alias jadi kabiasaan (patumanan), taya lian ku cara mahamkeun bedana antara "nyaho", "ngarti", "bisa" jeung "tuman", laju ngalarapkeun naon anu sakuduna. Hatur nuhun abah. Tetela geuning, dina hal atikan mah basa Sunda geus cukup taliti. manar .