Hahahahaha, sanes kampungan tapi kotaan panginten.
Da masalah tiwul, tihul, lum lum sareng kawul mah, masalah kampung.
Tah upami kaul, leras kota eta mah.

--- On Mon, 3/29/10, eli_jami...@yahoo.com <eli_jami...@yahoo.com> wrote:

From: eli_jami...@yahoo.com <eli_jami...@yahoo.com>
Subject: BLS: [Urang Sunda] adu jaten parebut seeng ==> tiwul
To: "urangsunda@yahoogroups.com" <urangsunda@yahoogroups.com>
Date: Monday, March 29, 2010, 11:44 PM







 



  


    
      
      
      Kutan teh kawul? Panginten abdi nu lepat-emut. Tiwulmah sampeu nya jaman 
ayeuna mah. Laah meni 'kampungan' atuh abdi teh, heuheu... Saur pun biang almh, 
dusun cenah kampungan teh... 



Terkirim dari telepon Nokia saya

-----Pesan Asli-----

Dari: Siddik Wiradireja

Terkirim:  30-03-2010 05.33.12

Subjek:  [Urang Sunda] adu jaten parebut seeng ==> tiwul



aeh ..muhun "kawul" anu dimaksad ku seratan sim abdi mah..

punten kasadayana.. ...naha tiwul janten los-los kana kawul

heuheuheu...



ssw

http://cikundul3. multiply. com  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda 
 Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

mh <khs...@gmail. com>



 



ari ku urang garut mah, tiwul teh sok belewek we dihuapkeun, bari kutap-ketap.

upama nyieun seuneu ku paneker jeung gandawesi mah, sok make lunglum atawa 
kawul.



2010/3/29 Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo. com>



Tiwul anu dimaksad kanggo ngahurungkeun seuneu, ceuk basa sederhanana 
"memerang" tangkal kawung, anu ayana dina puhu palapah daun kawung.

Korek api anu dianggo harita, disebatna "paneker", didamelna tina watu geni 
(duka nami ilmiahna mah), beusi siga kikir alit,  carana : tiwul sacewil 
dicapit ku curuk sareng jempol ngahiji sareng watu geni, teras dikesrek ku 
beusi anu siga kikir alit tea, engke kaluar buricak seuneu anu ngalentab kana 
tiwul tea...nya teras ngebul, tiwulna kaduruk.



ssw

http://cikundul3. multiply. com  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda

  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda



eli_jamilah@ yahoo.com <eli_jamilah@ yahoo.com>



 



kapungkur,keur lembut keneh awal th 80, emut ari aya uwa-rakana mamah-sok 
melenyun weh udud daun kawung. eta korek apina (?) ngadamel da tina batu api 
sareng tiwul. Pami teu lepat mah aya injukan sagala.Ari tiwul teh naon,MJ?Lebet 
kana parabot rumah tangga buhun teu? Dupi baheula indung-indung mirun seuneu 
nganggo naon basa teu acan aya korek gas atnp korek api? PBiasana memang seuneu 
tara dugika pareum nya,ruhay weh jadi, dina hawu nagog seeng. Ruhayna kantun 
ditiup ku songsong,jadi ngabebela deui nganggo baralak. Ayeuna masih mendak nu 
kitu teh di Pinrang,SulSel, lembur mitoha. Abdi mah asa balik panineungan pami 
ka ditu teh, janari mirun seuneu, haseupna mulek malah jadi seungit ambeuna 
teh. Tur 'bentang' alam Pinrang + sistem irigasina mirip jeung lembur kuring, 
Bojong Picung&Ciranjang- Cianjur,basa taun 80-an. Ayeunamah tos malih rupi. 
Nya, kantun waasna. Tah,satuju abdi mah kana definisi waas anu nyabit 'kenangan 
indah'....





    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke