jigana hade mun dialog bah sidik sareng kang gagak hideung diwangun dina
wanda pupuh.

2010/4/4 Gagak Bandung <gagak...@yahoo.com>

>
>
> Hatur nuhun, hapunten tos ngaganggu akang, kitu oge enjing pageto abdi
> tangtos seueur tataroseun ka akang, mugia engkang henteu kaabotan.
>
> baktos abdi
> gagak hideung
>
>
>  ------------------------------
> *Dari:* Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo.com>
> *Kepada:* urangsunda@yahoogroups.com
> *Terkirim:* Sab, 3 April, 2010 20:33:48
> *Judul:* Re: Bls: [Urang Sunda] Seeng==> Tiwul==>Aria Wira Tanu
>
>
>
>   Hatur nuhun upami katampi mah, insya Allah diketrukkeun sadaya anu sim
> abdi terang mah perkawis Dalem Cikundul.
> Perkawis R. Aria Wangsa Goparana, anjeuna rama Rd. Jayasasana (Dalem
> Cikundul), makomna aya di kampung Nangkabeurit, Sagalaherang, Subang.
> R. Aria Wangsa Goparana, henteu kantos nyaking kalungguhan pamingpin
> pamarentahan,
> anjena mah hiji ulama anu ngiring nyebarkeun agama Islam.
> Kieu panginten sarsilahna :
> Prabu Mundingsari II
>      puputra ;
> Mundingsari Leutik
>      puputra :
> Pucuk Umum
>      puputra ;
> Sunan Parung Gangsa
>     puputra ;
> Sunan Wanapri
>     puputra ;
> Sunan Ciburang
>     puputra ;
> 1. Sunan Girilaya --> Rundayanana ka Cibalagung
> 2. Aria Wangsa Goparana --> Rundayanana ka Cikundul.
> Perkawis Wira Tanu Datar V/Dalem Muhidin, numutkeun buku sajarah Cianjur,
> nyeratna : Dalem MUHIDIN, tiasa janten dina sarsilah sanes diserat
> Muhyidin.
> Sakitu anu sakaterang sim abdi.
>
> Baktos
> ssw
> http://cikundul3. multiply. com <http://cikundul3.multiply.com/>
> *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
> *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
>
> *Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com>*
>
>   Hatur nuhun kang, janten langkung lengkep peperenian abdi perkawis
> Cianjur.
>   Ku katerangan akang, tangtos anu leres ngawitan "Datar" ti RA.Wiratanu
> Datar IV
> Bade tumaros kang, naha leres bupati Cianjur sateuacanna RA Wiratanu I
> nyaeta R.Aria Wangsa Goparana, upami sanes saha anjeunna teh ?
> Kitu oge ari anu leres RA Wiratanu Datar V, Dalem Muhidin atanapi Muhyidin
> ?
> Hapunten kang, henteu aya maksad anu sanes, mung kanggo ngalereskeun
> peperenian abdi.
>
> Hatur Nuhun
>
> Baktos abdi
> gagak hideung
>
>
>
> ------------------------------
> Coba Yahoo! Mail baru yang LEBIH CEPAT. Rasakan bedanya sekarang!
> <http://id.mail.yahoo.com>
>
> 
>

Kirim email ke