2010/6/14 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>:
>> From: Kumincir Wikidisastra
>> ceuk urang pasisian mah, sahanteuna taun 80-an ge masih kawenehan...
>
> Taun 1980'an mah kantun sima jeung dongengna ...hehehehe. Cenah Maung Lodaya
> Jawa pangaakhirna katempo di leuweung tutupan Jawa Timur. Waktu kuring
> aprak-aprakan di pertengahan taun 1980'an di pagunungan Ijen nu deukeut
> jeung taman nasional ieu, kuring ukur ngareungeu dongengna jeung sieun
> kumaha penduduk. Manggih eta oge maung, anak maung tutul ....saliwatan
> meuntas jalan di kebon kopi, eta mah tuur langsung leuleus , padahal ukur
> anak maung jeung kuringna  oge di jero mobil .....
>

macan tutul mah di leuweung kamojang ge masih aya bah.
taun 80-an uing kungsi meuntas ngaprak ti baleendah nembus ka garut.
harita teh indit peuting, nepi ka leuweung kamojang isuk-isuk.
di tengah jalan uing panggih jeung penduduk nu manggul mencek, kari
rorongkongna.
ceuk eta penduduk cenah tadi kadenge sora mencek ngoceak, barang diudag macan
tutulna mah geus ngacir, kari bangke mencek tinggal rorongkongna.



> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
> ------------------------------------
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke