ari sono pisan mah ka si belang, longok we di taman sari.
asana masih aya geura. hahaha

2010/6/14 <jalakpak...@yahoo.com>

>
>
> Awal taun 70an emut di bumina aki di padaherang ciamis pami tos magrib tos
> kedah ngarampih margi saur pun aki pengkereun bumi sok liliwatan maung
> lodaya. Keuuuun we paling ngahakan sapi atawa domba saurna. Harita mah masih
> aya keneh huma geledegan lian ti rawa nu upluk aplak. Nincak taun 80an mah
> tos teu aya carita maung lodaya teh. Pami macan tutul mah pami wengi
> sakapeung sok meuntas jalan, sim kuring kantos ningal kasemprot lampu mobil
> di daerah tepung kanjut. Di taun 70an masih sok aya di jalan sutisna senjaya
> tasik nu dagang meong (anak macan tutul). Taun 90an maung lodaya oge macan
> tutul tos kantun carita. Taun 2000an kantun padungdengan di milis!
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo.com>
> *Sender: * urangsunda@yahoogroups.com
> *Date: *Mon, 14 Jun 2010 11:26:05 +0000 (GMT)
> *To: *<urangsunda@yahoogroups.com>
> *ReplyTo: * urangsunda@yahoogroups.com
> *Subject: *Re: [Urang Sunda] Meunang Maung euy (1941)
>
>
>
> Ieu mah pangalaman kapi paman, sok sanaos rada tebih, ibu-ramana linggih di
> Cidaun, kota kacamatan paling kidul wetan, wewengkon kabupaten Cianjur anu
> ngawates sareng
> kabupaten Garut.
> Dina awal taun 1970, eta kapi paman masih sakola STM di Cianjur, dina wanci
> pere kwartal, keukeuh hoyong wangsul kalembur, kumargi tos rada siang, eta
> si paman teh
> wangsulna henteu ngaliwatan Cianjur namung ngaliwatan Bandung, Ciwidey,
> Baledgede, diteraskeun nikreuh kirang langkung 30 ~ 40 kilometeran, maklum
> jaman harita masih walurat ku tatali marga.
> Dongkap ka desa Balegede teh lumayan ba'da asar, maju ka wanci sareupna,
> bakat ku
> tos sono kalembur, sanajan teu aya batur anu satujuan maksakeun nikreuh ka
> Cidaun.
> Alhamdulillah ngalangkungan leuweung tutupan salamet teu aya nanaon, mung
> bae..
> nyedek ka tengah wengi, pas dugi ka hiji tegalan kirang langkung 50 meteran
> dipayuneunana aya anu moncorong maju, nyampeurkeun ka si paman tea, eta
> cenah
> waktos harita angen tos ratug tutunggulan, barang tos caket kirang langkung
> 20 meteran
> katinggal ngagebayna maung lodaya pedah harita bulan sapasi tos mucunghul.
> Teu antaparah deui eta si paman belecet lumpat sakalampet, bari milarian
> tangkal anu tiasa ditaekan, da puguh ditegalan anu sok dihumaan,
> bujeng-bujeng aya tatangkalan,
> anu aya rajeg teh tangkal kalapa kalapa wungkul.
> Terekel weh naek kana salah sahiji tangkal kalapa, muncer dugi ka puncerna,
> padahal
> eta si paman teh bujeng-bujeng muncer kana tangkal kalapa, naekan oge teu
> tiasaeun,
> atuda salira pecekrek alit.
> Barang tos dugi kana puncerna tangkal kalapa, nembe wantuneun ninggal ka
> handap,
> katinggal di handap eta si maung Lodaya teh roronjat arek nyusul naek,
> namung sorodot deui, sorodot deui, turun...
> Tos di puncer tangkal kalapa nembe sadar, calana cipruk ku ompol, kumaha
> tadi naek eta tangkal kalapa...?, ninggal kahandap eta maung masih dangah we
> kaluhur, ras we emut kana menta tulung, keuleuweuh we : Tulung-tulungan....,
>
> Boro-boro aya nu nguping, keur mah tengah tegalan tebih kaditu kadieu
> tambih-tambih wanci janari leutik, saha nu rek ngulampreng ka tegalan.
> Rek sahing-hingeun ceurik, ras inget...kelewung we adzan, sababaraha
> kali...., lami ti lami
> lapat-lapat dur-duran bedug subuh, saparantos rada caang, teu lami
> enyay-enyay sinar obor tikatebihan, jalmi-jalmi recok rek kaharuma.
> Direret kahandap eta maung teh tos teu aya, ngan edas kumaha turun..?
> atuh gorowok deui tulung-tulungan, teu lami jul jol jalema darongkap
> ngariung tanggal kalapa anu ditaekan ku si paman, bara tataros ; aya naon,
> aya naon...?
> Wanci carangcang tihang, nembe si paman tiasa turun tina eta tangkal kalapa
> kitu oge
> ditarulungan ku jalmi-jalmi anu bade ka huma.
>
> Janten dina awal taun 1970an di daerah pakidulan Cianjur, masih keneh aya
> maung
> Lodaya.
>
> Pihatur,
> ssw
> *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
> *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
>
>
> *Kumincir Wikidisastra <ia.ad...@gmail.com>*
>
>
>
> ceuk urang pasisian mah, sahanteuna taun 80-an ge masih kawenehan...
>
> sikandar
> su.wikipedia. org <http://su.wikipedia.org>
>
> 2010/6/14 Waluya
>>
>>   Aya nu kaliwat katerangan foto ieu. Maung lodaya sunda ieu ditembak di
>> MALINGPING LEBAK BANTEN taun 1941. Sigana maung ieu kaasup maung lodaya
>> pangakhirna nu kumelandang di pulo jawa.
>>
>
>
>
> 
>

Kirim email ke